Kang Wly, Kang Rn,

Anu kuring heran teh, naha ari bangsa urang ngan nguruskeun hal2 anu teu sapira 
alias sepélé tea!

Sigana , di RI mah, teh MORAL teh identik jeung seks? Asa bingung 
ngabandunganana. Siga nu heueuh nguruskeun moral, komo bari ngabanding2keun 
jeung nu sejen mah. Padahal bangsa urang teh bokbrok pisan MORALna teh, lain... 
lain ku alatan esek2, tapi KORUPSI!!! Padahal urusan seks mah urusan pribadi 
wungkul! Bandingkeun jeung KORUPSI, eta mah ngaruksa tatanan SOSIAL bangsa 
urang! Lain ngan saukur urusan pribadi.

Sakalian ngarah teu kagok rek ngabandingkeun we. Kabeneran kuring cicing teh di 
tempat anu ceuk lolobana jelema di RI mah TEU bermoral tea.

Di NL oge Playboy teh terbit, lamun daek meuli mah lain ngan saukur versi NL, 
kabeh versi ge aya. Tapi... laum ditengetan, tiras na teh kitu2 keneh. Sugan 
pernah ngalonjak? TEU! Anu ngalanggananana eta2 keneh sigana teh. Malah mah 
kuring ge asa can pernah nempo hiji2 acan, komo kudu meuli mah... kalebar duit. 
Lain kuring wungkul ketah... loba jelema di NL ge anu TEU niat nempo anu kitu 
patut.

Lamun aya jelema rek nerbitkeun nu kitu patut, nya keun bae. Mani pahibut teu 
puguh. Eta teh jadi iklan GRATIS. Pan ayeuna loba jelema anu nyaho, terus 
panasaran, heg weh mareuli. Ku ayana ribut kieu, pan pangsa na jadi nambahan 
meureun? Komo jaman ayeuna mah, lamun versi RI teu jadi terbit, da moal hese 
ieuh meuli liwat internet! Katambah mun teu salah mah aya versi online lin?

Sagala rupa teh ngan kudu maen DILARANG we nya! Ari ceuk kuring mah, koncina 
teh REGULASI! 
Dalah di NL anu kasebut bebas oge. Di toko2 atawa kios2 majalah anu aya, anu 
karararitu teh dibungkus rapih sarta wajib dipajang dina erak pangluhurna, 
sangkan jelema di bawah umur teu sagawayah bisa nempoan anu kararitu.

baktos,

Rahman



Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:     "Playboy" cap kelenci sabenerna mah di 
Indonesia ge ti baheula geus
 "nerekab" dijual, pangpangna mah di supermarket. Aya beubeur, dasi, sapatu,
 korek api jrrd, pokona mah kabutuhan kaum lalaki. Anehna ayeuna jadi ribut,
 padahal majalahna acan terbit, kakara rencana, duka kumaha engke eusina.
 Ngan jigana eusi playboy Indonesia,  paling-paling jiga eusi majalah-majalah
 lalaki sejenna anu geus aya di Indonesia, jiga Matra, Popular, FHM atawa ME
 (nu kamari ngahina wanoja Sunda), moal wanieun jiga edisi nu diluar negeri
 mah, nu loba foto taranjangna. Di urang lamun terus diributkeun, malah jadi
 promosi gratis. Lamun jadi terbit, edisi perdanana pasti laku jeung pada
 nareangan. Padahal ..........nu dijual ukur cap "kelenci"na, da eusina mah
 kitu-kitu keneh  ........................
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 ----- Original Message ----- 
 From: "Ranu Samarantu" <[EMAIL PROTECTED]>
 To: <[email protected]>
 Sent: Saturday, January 21, 2006 3:38 PM
 Subject: Re: [Baraya_Sunda] Re: Playboy?
 
 
 > baraya...
 > kumaha nya...
 > rayi urang anu kelas 3 sd tos terangeun ...ceunah " aa, iraha majalah
 > playboy teh beredar?"
 >
 > duh gusti,...
 > naha kieu teiung atuh
 >
 >
 > 
 
      

  http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
 
 [Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 

              

        SPONSORED LINKS   
                                                    Spanish language and 
culture                                       Indonesian languages              
                         Sunda                                                  
                   Indonesian language learn                                    
   Indonesian language course                                                  
      
---------------------------------
   YAHOO! GROUPS LINKS 
 
    
    Visit your group "Baraya_Sunda" on the web.
    
    To unsubscribe from this group, send an email to:
 [EMAIL PROTECTED]
    
    Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. 
 
    
---------------------------------
 
 
     


                
---------------------------------
Yahoo! Photos
 Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, 
whatever.

[Non-text portions of this message have been removed]



http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/

[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea] 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke