Haturan baraya,
Sabbrh waktu ka tukang aya dongeng ti Kang MGT ngeunaan musik atawa kasenian
'degung'. Eta kekecapan teh ngingetkeun kuring ka jaman baheula keur budak.
Kuring rek ngadongeng perkara degung. Ngan anu ieu mah taya hubunganana jeung
musik atawa kasenian. Kuring mah rek sakadar murak panineungan we. Aya gunana
atawa henteu, ah... kumaha engke we. ;))
Teu jauh (itungan raratusan meter) ti imah kolot kuring di Sukabumi. Aya
tempat anu ngaran na Degung. Basa keur leutik baheula mah di eta tempat teh
rempeg ku tatangkalan, utamana mah tangkal DEGUNG. Sigana mah eta pisan anu
jadi dadasar keur ngaran eta tempat tea.
Samar2 dina ingetan, oge aya lapangan leutik paragi barudak arulin ucing2an
atawa maen bal. Dina eta tangkal degung teh, loba sayang manuk manyar deuih.
Patinggalantung.... luhuuur teh! Apal soteh bakating ku remen sok ngalanto
ngadon ulin di dinya.
Ningali kaayaan ayeuna .... beda pisan. Geuning ....boro2 tangkal degung jeung
sayang manuk manyar! Asa pabaliut teu puguh asana teh.
Cik sugan aya baraya anu kabeneran bogaeun foto Degung jaman taun 70-an
kahandap? Puguh.... asa hayang ngecek enya henteuna eta panineungan tea.
Baktos,
Rahman, Wassenaar/NL
---------------------------------
Yahoo! Photos
Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays,
whatever.
[Non-text portions of this message have been removed]
http://groups.yahoo.com/group/baraya_sunda/
[Ti urang, nu urang, ku urang jeung keur urang balarea]
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/Baraya_Sunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/