Neraskeun anu tadi perkawis nempatkeun perasaan jeung logika tina beragama.
Abdi janten emut kana seratan Karen Amstrong, Berperang Demi Tuhan. Aya
penjelasan sejarah anu kantos ngagetkeun pribados kaitanana sareng peran logika
tina agama.
Kurang leuwihna Karen ngajelaskeun yen bangsa Yahudi di tempat pangasingan
mempelajari kitab sucina Taurat. Mereka, bangsa Yahudi mempelajari kitab bukan
sekadar neangan informasi. tapi jadi ajang belajar; tanya-jawab, argumen nu
sekeut, telaah detil.
Justru proses ieu anu ngajadikeun bangsa Yahudi meunangan religiusitasna, makin
deket ka Tuhan. Ceuk Karen mah proses ieu anu ngabedakeun bangsa Yahudi jeung
urang modern.
Baktos,
Ar
*Anu katarik hayang nurutan bangsa Yahudi jang neangan katentraman batin :)*
---------------------------------
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of
waluya56
Sent: Friday, December 08, 2006 3:13 PM
To: [email protected]
Subject: [Baraya_Sunda] Agama= Matematik?
Ieu padungdengan kuring di millis sabeulah. Katingalina mah loba nu
ngahartiken agama, jiga ngahartikeun matematik, sagala absolut,
mutlak-mutlakan. Nu lucu, di millis sabeulah, aya oge nu percaya
keneh panonpoe ngurillingan dunya (urang Sumedang deuih, ngerakeun
pisan).
Kuring bati ngahuleng, tapi hayang babagi jeung baraya di millis
ieu, yen kitu tah ....kaayaaan di urang teh.
> From: ahmad
> namung sing atos-atos upami urang teu satuju kana hiji ayat atawa
> hiji hukum poma ulah make perasaan da islam mah sanes agama
> perasaan.
Aya nu kaliwat yeuh, rek mairan seratan kang Akhmad, soal "agama
Perasaan". Jadi lamun kieu mah ngagem agama teh lain hate nu dipake,
tapi dogma ("Perasaan"= hate). Kuring jadi inget kana matematik, nu
rada ngaharib-harib, sagala absolut, mutlak. Naha bener pemahaman
kana agama teh kudu siga ngartikeun matematik?
Kuring mah resepna ningali fakta. Lamun dina dunya Matematika,
2+3=5, dimana-mana jelama ngaku yen eta teh bener, rek di Indonesia,
rek di Amerika, rek di SOviet ...ah pokona mah sajagat weh. Moal
aya nu ngawanieun ngadebat, pokona mah SAMI'NA WA ATHO'NA ....
Tah ari agama mah henteu, urang agamana Islam, urang Amerika/ eropa
mayoritas kristen, urang Indonesia Timur sarua mayoritasna kristen.
Upama urang maksakeun pemahaman urang kanu beda, moal ditarima siga
urang nyebutkeun 2+3=5. Pastina oge didebat atawa malah pasea, da
ceuk pemahaman manehna mah manehna nu bener. DIna Islam oge aya
ratusan aliran nu beda-beda, sarua pemahamanana beda-beda, nu sarua
ngarasa bener.
Naha geuning kitu? beda jeung kaidah matematik atawa kaidah fisika
nu bisa ditarima dimana-mana. Sababna ..... agama mah urusanana
jeung hate (perasaan) lain jeung logika (akal). Kacocogan jeung hate
nu matak saurang jalma ngagem hiji agama. Nu aranna hate, teu bisa
diukur, saha jalma nu terang hate batur?.
Bukti sejen yen agama teh sabenerna mah aya hubunganana jeung hate
(perasaan), anu Sholatna khsusuk pisan, sok tepi ka ceurik. Aya
batur kuring ari sholat teh tepi ka rambisak. Ceurik pan aya
hubunganana jeung hate (perasaaan) nu nunjukkeun hate keur sedih,
gumbira atawa "haru".
Jadi? saur saha dina ngagem agama teu meunang make hate (Perasaan)?
Baktos,
WALUYA
---------------------------------
Sekarang dengan penyimpanan 1GB
http://id.mail.yahoo.com/
[Non-text portions of this message have been removed]