Ceuk beja, nu neangan kapal AdamAir anu leungit, manggihan sinyal 
logam di laut deukeut Mamuju dikajeroan 1500 meter. Cenah alat nu 
manggihan logam teh sonar. Lamun teu salah mah sonar mah, make sinyal 
sora (sound wave). Sonar memang bisa ngararampa kira-kira bentuk tina 
obyek nu diteangan, ngan ari bahanna mah, ceuk kuring mah, moal bisa 
ku sonar. Alat paragi ngadeteksi logam nu paling ampuh disebut 
magnetometer. Ieu alat ngamanfaatkeun medan magnet bumi nu aya dialam. 
Lamun aya obyek dijero laut dijieun ku logam, medan magnet bumi 
di "permukaan" laut jadi robah, beda ti sabudeureunana (disebut 
anomali) sabab medan magnet bumi ngainduksi obyek eta, tepi ngarobah 
harga medan magnet di"permukaan" laut.

Jadi KRI Fatahilah teh meureun make magnetometer, mana bisa nyebutkeun 
ngadeteksi logam oge, lain sonar. Kuring kungsi survey neangan obyek 
di jero laut di "leupas basisir" (lepas pantai) Situbondo, make sonar 
oge make magnetometer. Sonar keur bentukna (lain kuring nu nyekelna), 
jeung magnetometer keur ningali naha logam atawa nu sanes, kabeneran 
kuring nu nyekel magnetometer ....eh maksud teh nu nafsirkeun datana, 
da ka lautna mah ngan kuat tilu jam dina kapal, langsung ...utah-uger, 
mabok ... 

Cik ka baraya nu langkung ngartos soal nu kieu, naha leres sonar tiasa 
ngadeteksi logam?

NB.
Sakalian naroskeun, naon kira-kirana basa sundana :
1. Permukaan laut
2. Lepas pantai
3. Obyek (atawa tetep wae kitu)
4. Perairan, contona Perairan Mamuju
5. Gelombang (wave)

Baktos,
WALUYA



Kirim email ke