> surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > pasti saya jamin eta > Esekutif teh moal maledogan tangtara.....kulataran > maranehna nyaho anggota teh umumna dina tatanan sosial > mah tiasa oge mayoritasna kasebat "social looser"..anu > teu tiasa neraskeun sakola...jrrd.
Beda jeung kaum eksekutif Bah, baheula di taun 1978, kuring ampir ditampiling CPM, gara-garana lalajo nu orasi di kampus Unpad di Jalan Dipati Ukur Bandung. Harita kuring make motor ngaliwat ka jalan Dipati Ukur, kahalangan ku tangtara nu ngaliud di hareupeun kampus UNPAD. Kapaksa eureun. Katingali di lapangan Kampus Unpad, loba nu ngagimbung ngaderengekeun nu orasi. Panasaran hayang nyaho, motor diparkir, kuring asup ka lapangan UNPAD ngilu ngadengekeun. Acan ge 5 menit, ngadengekeun teh, kampus geus dikepung. Aya tangtara nu asup kana panggung orasi, terus nitah nu ngagimbung ngabubarkeun maneh. Ari sugan teh, bubar mah, nya bubar we. Ari pek teh dina panto gerbang dijaga. Nu kaluar kudu ngaluarkeun kartu identitas. Hiji-hiji dipariksaan. Sok kartu ...ditempo sakeudeung, ceplak dicabok, terus dititah indit. Tapi aya oge anu henteu ngan lolobana mah ngalaman dibabuk. Wah...kuring jadi soak, pasti yeuh ngalaman dicabok, padahal saumur- umur acan kungsi ngalaman dicabok batur. Pas giliran kuring, bari leungeun rada ngeleper, kuring ngasongkeun kartu mahasiwa. Nu mariksa tangtara jangkung gede jeung gereng pisan. Sabot manehna maca kartu, ras kuring inget ka papatah pun Nini di lembur :" Ujang ka sahaha oge kudu sopan, ulah poho seuri jeung someah, meh loba nu nyaaheun" Inget kadinya, kuring usaha supaya bisa nyerengeh seuri terus manggut saeutik ka manehna pas manehna ngasongkeun deui kartu mahasiwa. Ajaib, si gereng teh bet ngilu nyerengeh bari ngomong: "Sana pergi!", cenah. Alhamdulillah ....teu ngalaman dicabok tangtara. Baktos, WALUYA
