> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Apakah insiden ini harus disidik dan diadili di pengadilan sipil?
Tah palebah dieu kuring ge rada teu pati ngarti. Di Indonesia pangadilan keur sipil jeung Militer beda. Malah keur jaman Sohearto jeung di awal2 reformasi, keur pulisi oge, pangadilanana pangadilanana militer. Ayeuna geus robah, pulisi ngalanggar nya pangadilanana di pangadilan sipil. Kuring teu terang, kumaha nu disebut hukum militer di luar Indonesia. Ngan pantesna memang militer boga hukum sorangan keur ngatur anggotana. COntona lamun mabur/desersi, teu nurut ka atasan jrrd nu sagalana urusan di jero (intern) militer. NGAN lamun militer jeung sipil kumaha, boh pidana atawa perdata? Manawi kang RH atawa nu sanes aya nu terang? Baktos, WALUYA
