> "Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Lain keukeuh.... anu salah mah nya tetep tangtara atawa pulisi.
Enya, dalah dikumaha oge tetep nu salah tangtara, nu maen tembak. Tapi nu pangsalahna mah tangtu we ATASANANA, naha rakyat disanghareupkeun jeung tangtara? Sarua we jeung nyanghareupkeun jelema ka munding nu ceulina diasupan gaang (sabangsa jangkrik), nu bakal ngamuk teu nolih nanaon. Pan tangtara mah lir ibarat munding jalu nu dihaja digagalak. Kuduna nu disanghareupkeun teh pulisi. Pulisi Indonesia ayeuna jauh leuwih maju tinimbang pulisi keur jaman Soeharto, nu sarua wae kalakuanana jeung tangtara. Baktos, WALUYA
