--- In [email protected], surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> Tulisan Antropolog ieu sae dina ngungkapkeun "basic
> cause" nya...tapi teras kumaha operasionalna ..kana
> palaku...Abdi mah tetep percanten 1000%..lamun aya
> demo tanah atanapi naon wae...terus demonstran maledog
> tangtara/pulisi ku batu keuna huluna....ampir 100 %
> pasti ngabedil...
> 

Kang,

Lain keukeuh.... anu salah mah nya tetep tangtara atawa pulisi. Cikan
dongengkeun, naon gunana na bedil? Dina doktrin aparat nagara mana
oge, eta teh pikeun ngabasmi musuh.

Tangtara mah musuh na teh nya tangtara batur (luar nagreg!) anu
(rek)nyerebu. Ari ieu dipake ngabedilan rahayat sorangan.... TEU KACI
atuh! ;))

Dina lebah pulisi dibere bedil, LAIN jang ngabedilan rahayat anu
sakuduna dilindungi. 
Dina lebah demonstrasi anu kaleuleuwihi, misalna demonstran
ngabaledogan, pan aya prosedurna anu bener. Di batur ge pan aya gas
cai panon heula (he he he... trajamah tina gas airmata?), kanon cai,
pentungan, peluru karet jlta. Kakara... mun kapepet2 teuing bisa
nembak seukeut, tapi pan prosedurna ge kudu nembak suku heula jang
ngalumpuhkeun, sangkan ulah bisa maledog deui?

Mun langsung maen paehan mah... nya TEU KACI! Bisa oge disebut
overakting.... ANu kieu mah KUDU dihukum! 

Ah... meureun ketah!

baktos,

Rahman



Kirim email ke