--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" <dian.nugr...@...> wrote: >
> DN: > Lamun proyek G-to-G model kitu mah teu kedah bagi hasil atanapi nambut > artos, TAPI ku BARTER. > Pamarentah Kanada mayar pausahaan Kanada pikeun ngawangun jalan tol. > Nya engke ku pamarentah Indonesia dibayarna ku beas sakian juta ton > tambih kapas, tambih minyak, sacara nyicil anu dipeser ku pamarentah > ti patani atanapi pausahaan di Indonesia. Enya oge Kang, barter sigana mah cocog oge dina sakala model kiue mah. Anu jadi ganjelan, kumaha carana barter hiji nagara anu teu boga barterkeuneun? RI mah rada gampang da boga sumber daya alam. Tukeuran we produk urang jeung produk atawa jasa batur. Ngan lebah Luxemburg misal na. Kumaha ngabarterna? Moal kitu bakal jomplang. Mun nengetan kitu TANGTU nu hiji TETEP bakal surplus. > > DN: > Jaman ayeuna mah teu tiasa ngurus ku sorangan. Da tingali we krisis Akur lebah dinya na mah Kang D. Hiji nagara MOAL bisa hirup sosoranganan. Nu hiji ngagulawing ka nu sejen. Ngan balik deui kana urusan zakat antar nagara tea. Asa rada aneh. Saha nu ngawajibkeun hiji nagara KUDU ngabayuan nagara sejen? SAha nu boga mandat na, jeung ti mana? Kumaha prosedurna deuih? Aya skenario kieu. Urang upamakeun Kang Obama sabage pamingpin dunya boga kahayang jeung kamampuh rek mingpin dunya sacara adil. Dina program Kang Obama teh pek ngawajibkeun kabeh nagara dunya nyetor pajeg atawa urang sebut zakat 2% tina GDP tiap nagara jang kasajahteraan umat manusa. Kaci teu? Kumaha prosedur ngumpulkeunana? Kumaha cara ngabagina? Kumaha cara ngatur persentaseu pembagianana? Kuamah deuih mun aya nagara anu embungeun milu MAYAR zakat na? Masih keneh nurugtug pertanyaan kuring. Tah eta pisan anu jadi kabingung teh Kang D!;)) Kumaha tah? Organisasi supranasional nu aya ge saperti PBB, IMF, Bank dunya jlte. teu bisa ketak geuning, sabab kapentingan nasional hiji nagara kuat anu ngalobi kapentinganana leuwih nyoksrok jero dina organisasi siga kitu. Hampura, kuring mah lebah dinya pesimistis pisan. Jalan anu paling lempeng mah.... tiap nagara kudu daek bajuang bebeakan jang kapentingan nasional na masing2! Tapi ulah nepi ka ngarugikeun kapentingan nasional bangsa sejen!!!! :))) baktos, Rahman
