[Urang Sunda] mundut pituduh

2007-03-12 Thread Budyana Yogaswara
Abah/Ambu/Saderek sadayana, Kamari ka sim kuring aya urang lembur ti Sentak Dulang nelpon. Eta lembur teh lebah-lebah na mah di daerah gunung Palasari upami teu lepat mah sajajaran jeung gunung Manglayang, Gunung Kasur tug dugi ka gunung Tangkuban Parahu. Pokona mah kalereun Bandung lah. Ari mak

Re: [Urang Sunda] mundut pituduh

2007-03-12 Thread Budyana Yogaswara
Hatur nuhun Teh, engke urang saurkeun ka wargi nu di lembur tea, bade dipiwarang naros ka Pa Juandi langsung, supados apdol. Salam, Budyana On 3/13/07, rechi ossa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: *Kang Budyana,* *upami tiasa mah mangga tiasa ngahubungi Pa Juandi (kurator herbarium bandungense) S

[Urang Sunda] Harengheng

2007-03-28 Thread Budyana Yogaswara
Telat ngomentaran "Ely Case" tapi hayang jadi we nulis saeutik ah :) Teori kabudayaan pop (populer meureun) ... tambah loba nu nanggap, nu ngajejeleh, bakal tambah populer ... Matak cenah lamun hayang kakoncara kamana-mana (punten) kiihan we sumber cai Jam-Jam ... pasti tenar geura ... gelona. S

Re: [Urang Sunda] tuangeun khas sunda.....

2007-03-29 Thread Budyana Yogaswara
Aya teknik lain kang salain nu ditulis ku akang, make sistem "Franchise" tea ... mun teu salah nulisna maenya ari KFC, McD jeung nu deungeun-deungeun lianna bisa ari anu boga urang teu bisa ... sok geura lah urang mimitian ... anu minat hayu sayah ge daek ngiluan. Salam, Budyana On 3/29/07, tri

[Urang Sunda] BULOG, BUMN atau PENIPU

2007-03-29 Thread Budyana Yogaswara
Judul e-mail teh ngahaja niron tina acara TV tadi peuting. Cenah mah nepikeun ka ayeuna urut gegedenna BULOG mah ampir kabeh asup penjara, aya-aya we kasus na teh ngan kabeh kasus teh pasti nyambungna kana urusan penggelapan (teuing naon basa sundana) Juragan BULOG anu terakhir keur dipariksa keu

Re: [Urang Sunda] Mikiran Bandung – Beus Kota

2007-04-15 Thread Budyana Yogaswara
Abah/Akang, Da sigana mah nu sapertos kieu teh tos ka impleng ku sadayana oge, urang hoyong Bandung leuwih rapih tibatan ayeuna nu pabaliut teu puguh matak kolot di jalan. Atuh dina panataan kota oge aya konsep-konsep nu hade pisan supaya Bandung teh merenah dicicinganna tapi da geuning sok nemba

Re: [Urang Sunda] Mikiran Bandung – Beus Kota

2007-04-16 Thread Budyana Yogaswara
Upami anu top down mah dikawitanna ku pamarentah anu kadang-kadang teu nyambung sareng kahoyong masyarakat seuseurna, tah anu kieu nu kedah dirubih teh, sigana upami masyarakat anu ngawitan (social will tipayun) terus dirojong ku political will (pamarentah) kanggo mayunganna siganamah naon wae pro

Re: [Urang Sunda] Nuju Nganjang ka Jakarta yeuh

2007-04-19 Thread Budyana Yogaswara
Kang Firman, Bade wawantunan ah nambihkeun nami kang Firman dina YM sing kuring, mugia di "approve" da kamari ninggal aya ondanganna tapi telat :) Salam, Budyana On 4/19/07, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sim kuring nuju nganjang ka jakarta alatan padamelan. saleresna ti din

Re: [Urang Sunda] Laporan [EMAIL PROTECTED] urang pelesir yuu...!

2007-04-19 Thread Budyana Yogaswara
Bagea Teh... lami teu patepang (najan mung dina internet ... hehehe) .. kumaha teh damang? mudah-mudahan emut keneh ka abdi ... Sigana bener-bener pakepuk nya pas bade UN mah sok lah sing lalulus sadayan muridna teteh mah :) Salam, Budyana On 4/19/07, indung peuting <[EMAIL PROTECTED]> wrote

Re: [Urang Sunda] Laporan [EMAIL PROTECTED] Budyana....

2007-04-22 Thread Budyana Yogaswara
? Cag...ah ipeut *Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]>* wrote: Bagea Teh... lami teu patepang (najan mung dina internet ... hehehe) .. kumaha teh damang? mudah-mudahan emut keneh ka abdi ... Sigana bener-bener pakepuk nya pas bade UN mah sok lah sing lalulus sadayan muridna teteh m

Re: [Urang Sunda] kelir bin warna

2007-04-23 Thread Budyana Yogaswara
mending oge Kang Endoel nu hideungna abdi nu ngorana ... atawa abdi nu bodasna Kang Endoel nu kolotna ... hehehehe ... banyol Kang ah .. punten tong dicandak manah :) On 4/24/07, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Hideung ngora mah sarua jeung bodas kolot... -Dul- tukangteuing --- In urangsu

Re: [Urang Sunda] Assalamualaikum Wr.Wb

2007-04-24 Thread Budyana Yogaswara
Alah aing mah matak kasuat-kasuat ... meni nyeredet kana hate emut ka si Jay teh :) On 4/25/07, K7/P1 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Teh Leli atanapi TEH ELY, he.he... On 4/20/07, Reka Gayantika < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Atuh da kumaha atuh teh... bilih pundung deui, janten weh dibag

Re: [Urang Sunda] Si Kabayan ala Achdiat K. Mihardja

2007-04-30 Thread Budyana Yogaswara
Teh Roro, sigana mah cocok nya janten "korem" da namina oge RO2 = Remote Operator 2 hehehehe ... Banyol nya teh ulah dicandak manah :) On 5/1/07, Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Heheh…Kang Asep nuhun pujianana sareng kaangge mah. Hatur lumayan, sasieureun sabeunyeureun babagi elmu, da

Re: [Urang Sunda] Pangajak ka anu sasama

2007-05-01 Thread Budyana Yogaswara
Abah, Punten ah bade wawantunan ngengklokan ieu paguneman, sim kuring mah rumaos masih hejo keneh upami dijajarkeun sareng para sesepuh anu sakitu geuning yuswana komo pangalaman sareng elmu panemuna panginten. Anu diseja teh mugia tiasa ngabagi eta elmu sareng pangalaman ka anu pantaran sim kuri

Re: [Urang Sunda] Kangjeng Nabi henteu buta huruf?

2007-05-01 Thread Budyana Yogaswara
Asana mah asup akal oge ieu teh, logika sim kuring nu bodo siga kieu: Rasulullah lain jelema anu nganut elmu ajug nyaeta jelema anu nitah ka batur tapi manehna sorangan teu ngalakukeun. Sakitu lobana parentah dina Islam (qur'an boh hadits) pikeun soson-soson diajar, malahan mah parentah kahiji teh

[Urang Sunda] Test wungkul

2007-05-14 Thread Budyana Yogaswara
Test ... test ... nyobaan ieu tos sababaraha dinten teu diangge naha teu aya e-mail ti babakan ieu nya .

Re: [Urang Sunda] Reuni Akbar SMAN_3 Bandung

2007-05-28 Thread Budyana Yogaswara
Tiasa di buka ah ... abdi tos nyobian, hoyong ngiringan ngan sigana da kawates ku jarak nya ngiring bingahna we hungkul ah ... Salam, Budyana (budak SMAN 3 bdg oge) On 5/28/07, Deni Harumantaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang Asep, attachment file na teu tiasa dibuka nya On 5/28/07, A

Re: [Urang Sunda] Reuni Akbar SMAN_3 Bandung - Tumaros

2007-05-28 Thread Budyana Yogaswara
Aduh hapunten akang, kaleresan sim kuring mah sanes wargina Agah Yogaswara. Kaleresan panginten namina sami. Salam Baktos, Budyana On 5/29/07, Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten bade tumaros dupi ayi Budyana Yogaswara teh naha aya tataliwargi sareng Agah Yogaswa

[Urang Sunda] Minyak cenah pinuh teuing euy

2008-04-29 Thread Budyana Yogaswara
Asa patojaiah pisan ningali ieu berita jeung kanyataan lobana jelema ngantri BBM kaasup minyak tanah jeung gas Mangga nyanggakeun wartana. http://www.detikfinance.com/index.php/detik.read/tahun/2008/bulan/04/tgl/30/time/092208/idnews/931755/idkanal/4 *Jakarta* - Penuhnya tangki-tangki penim

Re: [Urang Sunda] Minyak cenah pinuh teuing euy

2008-05-01 Thread Budyana Yogaswara
ker teu bisa jalan kumargi cuaca buruk...ari minyakna mah tos kajual > > sadayana..tinggal nunggu Tanker tea. Kumaha Pri Agung S ? > > > > Ngantri BBM mah teu aya hubungan sareng minyak numpuk teu > > kajual...kulantaran teu sadaya minyak Indo jadi BBM. Malah lolobana

Re: [Urang Sunda] Undangan kawinan kuring

2008-05-07 Thread Budyana Yogaswara
Kang Irfan, Si kuring oge ngilu ngadu'akeun sing lungsur-langsar, kacai jadi saleuwi ka darat jadi salebak sareundek saigel ... terusna mah sing rukun dugi ka buyutan :) ... Amin. Nambahan hiji nya tinggal 34 deui. Salam, Budyana On 5/8/08, irpan rispandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Hatur

Re: [Urang Sunda] Mopoek

2008-06-28 Thread Budyana Yogaswara
ngahamiminan ah ka Kang Nana, da enya atuh di Balikpapan mah pareum lampu teh lain sajam-dua jam paling sakeudeung 5 jam eta di tempat kuring, teu pati anggang ti komplek kang Nana mah. Nya kitu baheula kungsi aya rubrik aduan dina koran, pinuh ku nu nyarekan lak-lak dasar ka PLN tapi da teu geudag

Re: [Urang Sunda] kakuatan kecap

2008-07-24 Thread Budyana Yogaswara
Ateul ah ... bade ngiring jabung tumalapung Perkawis etika mah leres pisan tah, seueur nu pinter dina teori tapi prak-prakanana mah geuning "nol besar". Nu karasa ku si kuring mah aya loba dulur sabangsa mun disopanan teh (kabeneran lain urang sunda) nganggapna urang sieun ku manehna jadina ngahamp

Re: [Urang Sunda] kakuatan kecap

2008-07-24 Thread Budyana Yogaswara
Sigana pedah warisan si penjajah walanda oge meureun nya sikeup cucungah jeung teu sopan teh, pastina lain warisan ti karuhun urang sunda lah. Salam, Budyana On 7/25/08, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Eta perkara sare kudu kukap-keukeup, tadi noong di kompas, nu ngabahas > si Ryan nu keur g

Re: [Urang Sunda] LOWKER DISAINER

2008-07-28 Thread Budyana Yogaswara
Ninggal alamatna kang Firman geuningan tatanggaan imahna jeung kuring baheula sa RW, Kang ngan RTna RT 04 si kuring mah baheula teh .. ari ayeuna mah di Balikpapan ketang :) On 7/28/08, Firman Juliansyah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >LOWONGAN KERJA > DISAINER KERUDUNG > > Produsen kerudung di

Re: [Urang Sunda] Fw: [sttis2001] Fw: Ahmadinejad neh

2006-10-19 Thread Budyana Yogaswara
l henteu dipake> sagemblengna pikeun ngatur hirup jeung kahirupan,> salah sahiji buktosna nya anu disebatkeun ku kang > Rachmat sareng kang Budyana anu akibatna meunteun> jelema ngan saukur ningali luarna wungkul anu can> tangtu sami jeung sifatna (buktos nu nyata sapertos> Ahmadinej

[Urang Sunda] Wilujeng boboran siam

2006-10-19 Thread Budyana Yogaswara
Assalamu'alaikum Wr Wb   Sim kuring mah rumasa atah pangarti sareng kirang kabisa dina nyusun kalimah nu hade,  teu tiasa malapah gedang. Janten bade langsung wae, nyuhunkeun hapunten ka sadayana kanu sepuh pon kitu deui kano anom. Hapunten bilih aya nu kasigeung ku sim kuring anu sok sabulang b

Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

2006-10-21 Thread Budyana Yogaswara
Sayah mah sapuk pisan sareng pamadegan kang Yudi. Muhun da urang nyarios teh sanes ngan saukur neangan harti harfiah anu aya dina kamus wungkul sanes, tapi aya rasa nu leuwih jero nu nyeceb dugi kana manah. Sapertos bas-basi naros ka jalmi, kawit ti mana, bade kamana ... upami diukur ku harti ha

Re: [Urang Sunda] Pajabat aya nu nikah deui

2006-10-21 Thread Budyana Yogaswara
Muhun  lamun jajantengan siga kitu mah engke kasurupan geura ... hehehe.   Tapi kagum sayah mah ka e-mailna teh Ely dihandap, da ayeuna mah seueur pisan istri anu sok peminis (nganggo P), maranehna teh sakapeng (sbagean) sok aya nu "anti" nikah bari jeung ari kahirupanna make aliran "bebas" kama

Re: Balasan: Re: [Urang Sunda] Neupangkeun

2006-10-29 Thread Budyana Yogaswara
Kang Rizon, abdi ngiring ngadukung "janten balad tukang taekwondo nya"... sok lah sing meunang. teras ajakan tuh barudak nu sok garelut di jalan, tong di jalan kituh gelut mah mendingan oge di arena jadi prestasi. On 10/23/06, aqis fairuz <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ti taegu mah atuh cake

Re: [Urang Sunda] Pajabat aya nu nikah deui

2006-10-29 Thread Budyana Yogaswara
Aya hiji deui nambahan, anu ngabedakeun adat (kabiasaan nu didorong ku sifat manusiawi) jeung ibadah teh salah sahijina niat, tah naon atuh niatna lalaki anu boga pamajikan leuwih ti hiji teh, lamun nurutkeun nalar, lalaki anu "teu mampuh" tapi hayang boga pamajikan leuwih ti hiji, eta mah kajur

Re: [Urang Sunda] Celana Seksi dan Jilbab: Ketika Akal dan Jiwa Bertemu

2006-10-29 Thread Budyana Yogaswara
Anu sapetos kieu mah langkung sae upami istri oge anu ngomentaran geura, da upami pameget mah sok dihubungkeun jeung masalah gender wae ku kaum feminist mah, ngan abdi mah ngadugikeun wae naon nu ku pun bojo kantos dicarioskeun, kieu saurna (tapi dimodifikasi cariosanna da versi aslina anu pas u

Re: [Urang Sunda] SELAMAT HARI RAYA IDUL FITRI 1 SYAWAL 1427 H

2006-10-29 Thread Budyana Yogaswara
Muhun leres pisan teu aya contona atuh ti rasulullah ngucapkeun selamet iedul fitri mah sami sareng rasulullah teu kantos nyontoan nganggo e-mail sareng komputer sareng angkat-angkatan kana mobil nya?... (kela sayah jadi ngacapruk yeuh punten ah) ... sami abdi teu terang nanaon tapi kapungkur a

Re: [Urang Sunda] HBH Garut

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Deuh gaya euy tos ngumpul di lembur mah, ari gambar-gamabrna aya di upload teu... punten ah ieu teh tos lami teu lebet ka babakan teh, biasa kakara mulang ti lembur batur.   Salam, Budyana  On 11/5/06, ika mardiah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Baraya, Kamari kuring dongkap ka HBH Kusnet di P

Re: [Urang Sunda] HBH Garut

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Tuh pan, matak kabita deuleu ... isuk jaganing geto mun aya dilembur heug aya acara nu kieu deuk ngiluan sayah mah, dicirian geura ... On 11/6/06, abd <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Atohpisan bisa datang ka HBH, kulantaran kuring bisa pa amprok jongok jeung pupuhu KUSNET khusuna jeung bisa pa

Re: [Urang Sunda] Ondangan!

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Punten yeuh, Asa panasaran sayah mah ... ari BKC0067 teh nu sok aya di milist bea cukai nya? kapungkur abdi kantos diajar masalah EXIM di milist eta dugi ka ayeuna masih keneh sok ningalian dongeng nu sanes.   Salam, Budyana  On 11/6/06, [EMAIL PROTECTED] <[EMAIL PROTECTED] > wrote: hilap k

Re: [Urang Sunda] HBH Garut (Sare Tibra di Madrasah)

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Mending di upload ka yahoogroupsna wae atuh ngarah tiasa gampil ditinggal ku sadayana On 11/6/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampurasun,   Numawi simkuring oge ngaros bingah tos tiasa pamprok jonghok sareng sesepuh KUSNET (Komunitas Urang Sunda di Internet) UaSas, Apih,Man

Re: [Urang Sunda] Re: Simkuring Anggota Enggal...

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Wilujeung ... ari ieu teh Kang Tenni atawa Teh Tenni ... punten ah namina "universal" teu sapertos asep pasti pameget hehehe... On 11/6/06, tenni supardi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampurasun..Dulrr...   simkuring oge seja nepangken ka sadaya urang sunda.. jenengan simkuring Teten, kaw

Re: [Urang Sunda] Re: pasti rame Celana Seksi

2006-11-05 Thread Budyana Yogaswara
Nya salah saha atuh ieu teh, cobi pami diemut deui kapan urang teh kedahna rohmatan lil'alamin tea sanes ... lamun urangna bener, tah palebah dieu nu sok tikosewad teh. Urang mah sok rame ngambek jeung nafsu nepi dog-dag pasea lamun tos debat teh ari dina prak-prakannana sok mahiwal geuning, kap

Re: [Urang Sunda] Ondangan!

2006-11-06 Thread Budyana Yogaswara
ten gumujeng nyalira, emut kana patarosan eta waktos harita, panginten BKC = bandung karate club.heuheuheu.     Mia  On 11/6/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED] > wrote: Punten yeuh, Asa panasaran sayah mah ... ari BKC0067 teh nu sok aya di milist bea cukai nya? kapungkur abdi kantos d

Re: [Urang Sunda] Naros Alat listrik...

2006-11-07 Thread Budyana Yogaswara
Sigana mah di Cikapundung Bandung aya nu ngical, tos dipilarian teu acan? On 11/6/06, Gustiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalamualaikum wwWilujeung siang wargi kusnet sadaya.tos ka lembur deui jigana ayeunamahnya?pan tos beres HBH na. kantun nunggu kakaren HBH.Wargi sikuring aya pery

Re: [Urang Sunda] Islam vs Islam..me

2006-11-16 Thread Budyana Yogaswara
Nambihan sakedik ah ... (leres ieu mah sakedik). Pas aya perbedaan pendapat jaman rasul baheula, sahabat anu palinter pan ngajukeun alesan-alesan kana pendapatna eta, nabi teu nyaram malah muji ka sahabat ... anu teu ngarti atuh tinggal ngiluan kanu ngarti ... kitu panginten nya. On 11/16/06, sur

Re: [Urang Sunda] Pipa Gas Porong (haturan kang ota)

2006-11-26 Thread Budyana Yogaswara
Punten sakedik komentar Biasana anu sok potong teh sanes pas dina las-lasanna tapi dina HAZ (daerah anu kapangaruhan ku panas) kusabab ayana struktur beusi anu robah, tapi leupas tina hal eta, ieu kajantenan teh tos ngorbankeun sabaraha hiji nyawa (7 upami teu lepat mah nya) sareng tambih deui de

Re: [Urang Sunda] Bandung Hebat Euy: Sakola Gratis!

2006-11-27 Thread Budyana Yogaswara
Alhamdulillah sakola tos gratis, mudah-mudahan atuh nambih jumlahna, mugia kapayunna sadayana anu teu mampuh tiasa ngaraosan pendidikan dasar, komo deui mun tiasa dugi ka jucung mah eta nu diseja, Insya Allah lamun danana teu seueur pungkal-pengkol mah geura maju bangsa urang teh. Salam, Budyana

Re: [Urang Sunda] Teuing Naon Judulna

2006-11-27 Thread Budyana Yogaswara
Kang, Ieu mah kanggo sadayana anu ahli (upami kengeng disebat ahli) tulas-tulis dina ieu rohangan. Moal ditataan hiji-hiji sapertos basa kang Agus P. medar pluralisme da seueur pisan. Sim kuring mah ari ningal tulisan kieu teh, naon wae temana, sok hookeun, kadang mah sok ngahuleng bari ngembang

Re: [Urang Sunda] Bandung Hebat Euy: Sakola Gratis!

2006-11-27 Thread Budyana Yogaswara
nang gratisanana teh urang bandung atanapi sanes? Lebar atuh lamun gratisan tapi lain urang bandung asli anu digratiskeun. :-/ Kuduna mah diprioritaskeun ka urang asli ngarah teu eleh wae ku pendatang. Peace. --- Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Alhamdulillah sakola tos g

Re: [Urang Sunda] wilujeung dongkap

2006-11-28 Thread Budyana Yogaswara
Kang Kumi, panginten Teh Ita mah leres da ngawilujengkeun ka nyalira janten we wilujeng dongkap ... hehehe ... lamun ti urang nembe tah wilujeng sumping ka teh Ita .. mangga ah dilajengkeun. Salam, Budyana On 11/28/06, kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bagea, Teh Ita... Wilujeng sumping t

Re: [Urang Sunda] Bandung Hebat Euy: Sakola Gratis!

2006-11-28 Thread Budyana Yogaswara
Lamun anu gratis biasana mah sok parebut, anu mampuh ge kajeun jadi kandel kulit beungeut ngaku teu mampuh supaya meunang gratis tea, malahan kapan loba hal anu "teu gratis" ge jelema teh hayang gratis contona naek kareta api tapi embung mayar tiket. Lamun deuk ngomong adil, kapanan adil mah nempa

Re: Balasan: [Urang Sunda] Re: Teuing Naon Judulna (Kang Ndoell)

2006-11-28 Thread Budyana Yogaswara
Aeh enya kakara inget, sigana ieu teh sarua jeung iwan fals nya "belum ada judul" tea jadi we ngacapruk teu puguh kaler kidulna On 11/29/06, geni bara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Alhamdulillah hibar Kang, ngan ieu kanjut kundang keur lepet, biasa panyakit matuh tanggal kolot...hahahhahaha Sah

Re: Balasan: [Urang Sunda] wilujeung dongkap

2006-11-28 Thread Budyana Yogaswara
Muhunnya meunia aya ku kituna, nerapkeun elmu ti kolot, kudu boga saku dua ... hehehe ... punten ah ... mung heureuy ieu mah On 11/29/06, Dudi Herlianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: nu kieu teh mun teu salah make ngaran... jurus "taki-taki". atawa bisi tea! dh On 11/29/06, Heryadi, Eddy < [EM

[Urang Sunda] Pajak & NPWP

2006-11-28 Thread Budyana Yogaswara
Paralun punten, Aya dunungan naroskeun ka sim kuring tos gaduh NPWP atanapi henteu, saurna teh lamun pagawe teu gaduh NPWP potongan pajak teh bakal langkung ageung. Cikan manawi aya anu ahli dina masalah perpajakan, pasihan bongbolongan sim kuring ieu teh kumaha aturanana? Ari sim kuring mah kapu

Re: [Urang Sunda] Fwd: Haji Pengabdi Setan

2006-11-29 Thread Budyana Yogaswara
Ngacung ah .. ngiluan, Satuju pisan On 11/29/06, Jaka <[EMAIL PROTECTED]> wrote: setujuhhh... Agus Wirabudiman wrote: > Kuring oge Satuuj... > Sok ah urang rojong, hehehehe, rojong kapamerentah supaya > ngaluarkeun aturan Haji cukup sakali, sareng anu kedah > diperhatoskeun batiniah

Re: [Urang Sunda] bahasa paling serem...

2006-11-29 Thread Budyana Yogaswara
Enya nya ... asana mah bener pisan tah, da kuring ge rumasa sok sieun make basa sunda teh, tapi ieu teh lain euweuh alesanana, aya, malah rada panjang alesan teh, bakat ku panjang jadi we sieun nuliskeun make basa sunda na ge ... hehehehe On 11/29/06, mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- mj <[EMA

Re: [Urang Sunda] Pajak & NPWP

2006-11-29 Thread Budyana Yogaswara
tuh dikamanakeun duit sakitu lobana tipajak teh..?? mun teu dileugleug kumaranehanana...heuhueheu heug ah ngacapruk kamana2 punteun ah... - Original Message - *From:* Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> *To:* urangsunda@yahoogroups.com *Sent:* Wednesday, November 29, 2006 11:52 AM *

Re: [Urang Sunda] Urang Sumedang na Mana?? tandang nyandang kahayang??

2006-11-29 Thread Budyana Yogaswara
Ari nyandang kahayang teh naon atuh nya kahayangna, na bet disasandang wae atuh kabeurat-beurat... On 11/29/06, dede mariana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: geuning urang sumedang teh masih nyandang kahayang wae? manawi teh tos sareng prak na he3... dmar *Cicin Susanti <[EMAIL PROTECTED]>* wrote

Re: [Urang Sunda] bahasa paling serem...

2006-11-29 Thread Budyana Yogaswara
ung, basa urang bakal kagusur ku basa nasional. Atuh da naon coba ajenna basa2 urang? Aya soteh ajenna, ukur pikeun para panalungtik basa... Tapi, pesimis teuing sigana mah nya? Heheh... Sok atuh, saha nu boga pamanggih? On 11/29/06, Budyana Yogaswara < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > >

Re: [Urang Sunda] Masih Ngeunaan NPWP

2006-11-30 Thread Budyana Yogaswara
Kang Surtiwa, Perkawis pajak penghasilan, salami ieu pan aya tah si pajak teh dipotong ku perusahaan, sareng sim kuring oge nampi SPT na tapi teu nganggo NPWP perusahaan, padahal abdi oge aya NPWP teh, tah kumaha urusan na nu sapertos kieu? Salam, Budyana On 11/30/06, aldo desatura <[EMAIL PRO

Re: [Urang Sunda] testing

2006-11-30 Thread Budyana Yogaswara
Lebet kang ... aya On 12/1/06, Jalak Banten <[EMAIL PROTECTED]> wrote: naha test te tiasa lebet ka milis??? testing ahhh JB

[Urang Sunda] Muka yahoogroups

2006-12-03 Thread Budyana Yogaswara
Kang, Naros yeuh, nahanya sim kuring mah teu tiasa muka yahoogroupsna urangsunda, tiasa ari lebet ka yahoogroups na mah, malahan tampil tah dina list teh aya urang sunda, tapi teu tiasa lebet, kunaon tah nya? Salam, Budyana

Re: [Urang Sunda] Pajak & NPW

2006-12-03 Thread Budyana Yogaswara
.?? mun > teu dileugleug kumaranehanana...heuhueheu > > > heug ah ngacapruk kamana2 > punteun ah... > - Original Message - > From: Budyana Yogaswara > To: urangsunda@yahoogroups.com > Sent: Wednesday, November 29, 2006 11:52 AM > Subject: [Urang Sunda] Pajak & NPWP > >

Re: [Urang Sunda] Re: punten ka kang agus !!! Aa Gym Ngawayuh yeuh...

2006-12-04 Thread Budyana Yogaswara
Ningali Kang Ndul ... cenah tukang teuing ... sok jejengkean sigana teh nya, kapan mun tukang teuing mah kahalangan ku batur, jadi kudu jengke lamun hayang ningali ka hareup teh ... hehehehe On 12/4/06, Kang Ule <[EMAIL PROTECTED]> wrote: heuheuheuheuheu..ieu komandan upacara nyandung oge te

Re: [Urang Sunda] Muka yahoogroups

2006-12-04 Thread Budyana Yogaswara
Atos eta oge lebet, kana yahoona mah, da ari groups anu sanes mah tiasa kabuka, nu teu tiasa teh mung urang sunda hungkul, maenya dipecat janten urang sunda mah ... hehehe. waktos eta teh pan kantos bade ninggalan poto HBH tea ari pek teh ngaheunggeu tah, teu teurak connection teh. Salam, Budyana

Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

2006-12-04 Thread Budyana Yogaswara
Wilujeng kang, keun wae atuh da ari "spiritna" nyunda mah, cenah ka asup urang sunda keneh, kitu lin... On 12/5/06, Muhammad Basuki <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampurasun... nepangkeun pribados anggota enggal, nami Muhammad Basuki, sanes Sunda pituin da pun bapa mah ti Jogja pun biang ti Garut

Re: [Urang Sunda] teuing ...

2006-12-04 Thread Budyana Yogaswara
bisa oge hartina teu puguh pakasaban. teu cara batur, aya nu jadi tukang buah, tukang parkir, tukang somay...jeung sajabana. ari uing mah sagala dicabak atuh pagawean teh, puguh da resep ari cubuk cabak teh pan ? teuing ah.. heu ..heu.. -dul- --- In urangsunda@yahoogroups.com , "Budyana Yogaswa

Re: [Urang Sunda] Litvinenko dimakamkeun sacara Islam

2006-12-10 Thread Budyana Yogaswara
Muhun kang Agus/ Teh Lies, asa kaelingan, cenah kapan kabeh oge di alam rahim mah tos ngangken tur nyakseni yen Allah teh gusti urang sadayana ... Allahuakbar. On 12/11/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Sampursun...ngiring mairan teh Lies... T, nyaaa, teh LIES, geu

[Urang Sunda] Qurban sareng yuu

2006-12-10 Thread Budyana Yogaswara
Assalamu'alaikum, Baraya sadayana, sakuliah alam dunya, punten ieu bade kumawantun ngalungkeun ideu. Sakedap deui insya Allah urang bade dugi ka Iedul adha, kumaha tah lamun urang qurban sasarengan, keun atuh ngangge nami Kusnet, niat karena Allah. Seueur lembur di Jawa Barat anu kakirangan, anu

Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan "

2006-12-10 Thread Budyana Yogaswara
Abdi di Balikpapan, ngan sok tara aya dibumi :) On 12/10/06, dirman surya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assallamualaikum wr wb, Dulur- dulur anu aya dilembur,baraya-baraya anu aya di kota,saderek-saderek anu aya dipasisian,mamanawian kagungan wargi atanapi kenalan anu nganjrek,linggih di Kalim

Re: [Urang Sunda] Qurban sareng yuu

2006-12-12 Thread Budyana Yogaswara
asa teu anggeus-anggeus hehehehe On 12/12/06, S M Natapradja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Insya Allah seja ngiringan . sareng ngadukung pisan kana ieu rencan teh K Nata - Original Message - *From:* Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> *To:* urangsunda@yahoogroups.com *S

Re: Teori Darwin-->Re: Balasan: RE: [Urang Sunda] loba kecoak...???

2006-12-13 Thread Budyana Yogaswara
Abah, sigana mah pedah indonesia teh pulo na laleutik meureun nya matak jelemana ge laleutik dibandingkeun urang bule ... jiga carita maung tea ... hehehehe On 12/13/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > kang hasbi, sabenerna mah darwin teu nyebutkeun monyet

Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan "

2006-12-13 Thread Budyana Yogaswara
iginal Message From: Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, December 11, 2006 1:54:40 AM Subject: Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan " Abdi di Balikpapan, ngan sok tara aya dibumi :) On 12/10/06

Re: [Urang Sunda] Re: Neda Pidu'a

2006-12-13 Thread Budyana Yogaswara
Kasadayana wargi Kusnet (aya 2 saurna nya, Kang Akos sareng bojona, oge Bah Toto) anu bade munggah haji, sim kuring ngiring ngadu'a keun mugia janten haji anu mabrur anu ditampi ku Allah SWT sareng aya tapakna kapayun kangge ka maslahatan umat. Insya Allah wargi nu sanes tiasa nyusul, pang gupaike

Re: [Urang Sunda] " Nepangan warga Kusnet anu aya di Kalimantan "

2006-12-14 Thread Budyana Yogaswara
Di Bpn mah puserna teh di pasar Kebon sayur, mung kaleresan sabaraha taun kamari eta pasar kahuruan atuh ayeuna teh janten rada sesah da masih jongko sementara tea. Seueur pisan batuna teh, tapi nya sapertos kasauran bah Wily tea seueur oge imitasina tah, kumaha atuh da sim kuring mah teu tiasa ng

Re: [Urang Sunda] "Acara" Seks jeung Kaheurasan dina TV

2006-12-14 Thread Budyana Yogaswara
eta geuning ku bisaan nya nu nyiar duit teh, dibungkus (dijudulan) religi, siga nu enya deuk mere nasehat alus ari pek teh kalahka nyuntrungkeun anu kurang iman sina tambah teu baleg ... beu aing mah, kumaha ieu teh atuh. On 12/14/06, waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ieu aya wartos soal ac

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-14 Thread Budyana Yogaswara
Siganamah "jurig" profesionalitas teh can kudu dihudangkeun ngarah PNS (ketang kabeh pagawe) kasurupan ku eta jurig. Lamun ngan saukur hayang dibayar gede mah, lain ukur PNS nu hayangeun teh, Uing oge hayang, ngan naha surup eta gajih teh jeung kualitas pagaweanana, ayeuna gajih guru/dosen memang

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-14 Thread Budyana Yogaswara
nyaeta masalah taqdir. hehe tantan On 12/15/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > >Siganamah "jurig" profesionalitas teh can kudu dihudangkeun ngarah > PNS (ketang kabeh pagawe) kasurupan ku eta jurig. Lamun ngan saukur hayang > dibayar gede mah, lain u

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-14 Thread Budyana Yogaswara
ingali PNS senang ...Duka teuing On 12/15/06, Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang, Sigana mah kedah naek gajih heula nya ... maenya atuh sami sareng UMR pisan mah asa harianeun :) ... teras lajengkeun ah perjuanganna ... ulah aral, ngarah barudak urang palalinter. Salam, Budyan

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-17 Thread Budyana Yogaswara
Ari kuring mah, jeun teuing ceuk batur kumaha oge, basa sunda mah moal dipopohokeun, keun bae pinter bahasa Inggris, Jepang, Mandarin, Arab, spanyol jst ... ngan basa sunda mah tetep di hate. On 12/18/06, oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Tah karek katingal geuningan kamana aspirasin

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-17 Thread Budyana Yogaswara
Ningali E-mail Kang Agus ... aya seuneuan euy ... palaur monitor komputer uing ka duruk ... hehehehe On 12/18/06, datiparang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: kang... lain... naha jadi nuduh ka cina euy? salah naon ari cina heuheu... gendudh mun ningali amoy nu mencrang sok resep ;-P pisan ---

Re: [Urang Sunda] PNS

2006-12-17 Thread Budyana Yogaswara
Da ari urang lapangan mah kitu damelna .. ngan pas off teh sami we sareng nu pangangguran nya ... On 12/18/06, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kunaon make pangsiun dini ?...Ari anu sapertos digambarkeun tisuksuk tidungdung...tangtos hasilna oge lumayan mucekil..siganamah...gaduh ko

Re: [Urang Sunda] BANTAHAN KANGGO TEH ELY

2006-12-18 Thread Budyana Yogaswara
Heuheuheu ... ari sugan teh naon ... rada olohok tadina mah ... On 12/19/06, Deni Wahyu <[EMAIL PROTECTED]> wrote: ih aing mah, boro na di tasikan eh di bandungan, horeng teh horeng, hahaha ... On 12/19/06, Reksa Gantra < [EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Teh Ely, > > Abdi satuju pisan kana n

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-18 Thread Budyana Yogaswara
Urang sunda sadayana, anu gaduh sumanget kangge ngaronjatkeun harga diri urang sunda, hal anu kieu teh kedahna mah urang cokot alusna, pamadegan teh Ely teh pecut jang urang, panggeuing, geuning urang teh geus lila teuing jadi "si kabayan" anu pamalesan. Ayeuna mah "si kabayan" teh kudu leuwih sos

Re: [Urang Sunda] Urang Sunda VS Champ ti Mongol

2006-12-18 Thread Budyana Yogaswara
Urang Sunda = Champ = Juara = Jawara = jagoan ... :) On 12/19/06, Agus Wirabudiman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bener/Salahna Sajarah bisa nangtukeun Kuat jeung Rapuhna Nagara jeung Kabudayaanna : *From:* ely evalita <[EMAIL PROTECTED]> *To:* urangsunda@yahoogroups.com *Sent:* Monday, Decembe

Re: [Urang Sunda] Urang sunda kamarana atuh????

2006-12-19 Thread Budyana Yogaswara
Hoyong Mang, kumaha carana sangkan si uing tiasa kengeng tah ... cikan papatahan heula jampena. Salam, Budyana (leres ieu mah hoyong pisan) On 12/19/06, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: kang Bud, abdi gaduh stiker beureum, URANG SUNDA HUDANG, EUY! bilih bade. oge ka saha bae nu peryogi, aya s

Re: [Urang Sunda] P.D. atawa Perisai Diri

2006-12-20 Thread Budyana Yogaswara
Nambihan abah: kilat, satria, garuda jeung ... naha hilap oge nya ... On 12/19/06, MSasmita <[EMAIL PROTECTED]> wrote: He he eta mah baheula atuh, geus meh 36 taun kaliwat. Aya nu apal keneh teh pendeta, gejlig, sabit..,naga, teratai.ah poho deui. Eta geuning Kang Surtiwa mah apal ke

[Urang Sunda] Ngiluan Milist

2006-12-20 Thread Budyana Yogaswara
Assalamu'alaikum, Ieu mah hoyong ganti judul wungkul da eusina mah sigana nyambung keneh jeung nu tos aya. Sim kuring teu patos aktif nyerat dina milist naon oge anu kungsi diiluan. Maca postingan anu sanes oge teu patos rajin ku sabaraha hiji sabab: 1. Teu ngarti jeung embung ngarti kana bahasa

Re: [Urang Sunda] Sepi

2006-12-21 Thread Budyana Yogaswara
Ieu teh sepi gara-garanamah aya libur panjang, jadi bisa mudik heula (anu boga lembur kitu oge) ... ari kuring mah najan lembur di bandung tetp we can bisa mudik, duka iraha atuh aya si mudik teh. Salam, Budyana On 12/22/06, ndoell <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Kang Gun, pami janten CAGUB teh

Re: [Urang Sunda] Re: P.D. atawa Perisai Diri

2006-12-21 Thread Budyana Yogaswara
Abdi mah sigana teu kaasup itungan "alumni" PD, kantos eta ge ngiring hut-het na mah sakedap tapi teu tuluy... On 12/21/06, Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Cumuun... :) ~pupi entragan 2rebu~ --- In urangsunda@yahoogroups.com , siti kamilah <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > sumuhun leres.

Re: [Urang Sunda] terusna Lalakon si Jay

2006-12-21 Thread Budyana Yogaswara
Aya beja tadi ti aki Lam si jan, akina si Jay tea cenah domba tehteu jadi dijual, deuk dipake qurban, nelepon si aki teh kana seeng ... jadi sigana mah si jay teh bakal ngegel curuk meureun nya ... Salam, Budyana On 12/22/06, Ambu Bagja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: --- In urangsunda@yahoogrou

Re: [Urang Sunda] UMP alias buruh gawe tea

2006-12-25 Thread Budyana Yogaswara
t; jadi (meureun) neukteuk jalan. diajukeun weh ka bos na (walikota) 815 diluhur tanpa "persetujuan" APINDO jeung SPMI ieu. by - Original Message - *From:* Budyana Yogaswara <[EMAIL PROTECTED]> *To:* urangsunda@yahoogroups.com *Sent:* Tuesday, December 26, 2006 10:32 AM *Subject

[Urang Sunda] Gajih DPRD naek nya??

2007-01-04 Thread Budyana Yogaswara
Mang, tadi peuting nempo warta dina TV teh asa arateul euy, cenah anggota DPRD sa Indonesia naraek gajihna gara-gara kebutuhan hirup anu naek. Sayah mah lain ku hiri kana rejeki batur, ngan asana teh da maranehna nu ngaku wakil rakyat mah teu pati ngaraseun meureun nya beas naraek hargana teh, he

Re: [Urang Sunda] Gajih DPRD naek nya??

2007-01-04 Thread Budyana Yogaswara
dana na teh meureun leuwih mangpaat lamun dipake ngaronjatkeun heula kahirupan rahayat ... engke lamun geus mending bangsa teh, pek wae deuk naek 1000 % oge asal rahayat oge gajihna sarua, kitu meureun nya. On 1/5/07, Reksa Gantra <[EMAIL PROTECTED]> wrote: *Budyana Yogaswara <[EMAIL

Re: [Urang Sunda] Uleman Pernikahan

2007-01-08 Thread Budyana Yogaswara
Wilujeng Kang Aldo, jadinya wisudaan lulusan ti paguron jajaka nyandang gelar caroge. Teu tiasa ari ngadongkapan mah ngan insya Allah, do'a mah dugi nya, sing janten kulawargi anu Mawaddah wa rahmah dugi ka paketrok iteuk. Salam, Budyana On 1/8/07, Buyung <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Selamat

Re: [Urang Sunda] Gudang Garong

2007-01-08 Thread Budyana Yogaswara
Lain kang, pajar teh lamun aya nu mapagahan cenahna teh " teu kudu dipapagahan kuring mah, tuh tingali gelar kuring geus reuteum, kitab-kitab ngajejer apal kabeh .." beu na atuh ari kalakuan leuwih jahat timanan garong ... memang tah DPR = Gudang Garong Pinter... Geuleuh pisan aing mah. Sok geura

Re: [Urang Sunda] anggota baru

2007-01-16 Thread Budyana Yogaswara
Ari sayah mah baheula asa boga babaturan ngaran Riffa Utama basa keur SMPN 3 Bandung, upami kengeng terang kang Riffa teh SMPna dimana nya? On 1/16/07, mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Bagea kang/teteh, di bekasi. Wilujeng gabung ka kusnet. Kuncen #3 mj nepangkeun abdi Riffa, tos langkung ti sa

Re: [Urang Sunda] Perpecahan suku di Sudan

2007-01-16 Thread Budyana Yogaswara
Kang, Ari sugan teh deuk ngadongengkeun perang... geuningan ieu maha rorombeheun ... hahahaha ... bisaan euy nyieun judulna. On 1/17/07, dudi mulyadi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Teu karasa kuring geus 14 bulan kuli di tanah Afrika Sudan. Ahir oktober 2005, 2 minggu samemeh lebaran harita

Re: [Urang Sunda] Ngatuhu wae ....

2007-01-17 Thread Budyana Yogaswara
Meureun pedah di urang mah nu katuhu teh pan nu alus tea biasana mah jadi we supir treuk jeung beus oge ngatuhu wae. On 1/17/07, Budhi Setiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Di jepun taya aturan husus yen mobil badag kudu di kenca, ngan ku sabab geus pada boga etika nyupir tea, mun laun nya di

Re: [Urang Sunda] Hatur Nuhun Kasadayana

2007-01-17 Thread Budyana Yogaswara
Haturan Kang ... kumaha tos murak duren ... heuheuheuheuheuheuheu WIlujeung ah, On 1/18/07, Aldo Desatura <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Dear, hatur nuhun sadayana... kanggo Doa sareng restuna... acara pernikahan simkuring teh langsar lungsur... hanjakal .. kusabab kasibukan sigana mah teu

Re: [Urang Sunda] Kanu bade diajar kacapi.. ieu aya kacapian

2007-01-17 Thread Budyana Yogaswara
Asli sayah mah panasaran ... teu kadenge nanaon geuning ... kumaha ieu teh? On 1/17/07, Gustiawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Salam Ieu aya kacapian.. saurna anu ngacapina teu ningali, kapungkur sok maena di alun-alun bdg.

[Urang Sunda] Test Bouncing

2007-02-01 Thread Budyana Yogaswara
Euy ... lila teu dipake ari pas nyobaan mental ... sigana mah strikerna e-mail sayah mah kurang hebring teu bisa nyieun gol, tah ayeuna ngetes deui ... susuganan gol e-mail teh da ditajongna ge dina dua belas pas ieu mah ..

Re: [Urang Sunda] Sora manuk nu jadi totonden

2007-02-01 Thread Budyana Yogaswara
Punten Bah, sakantenan mecakan e-mail yeuh, cenah mah bouncing wae ... Jalma-jalma nu hirup tiheula samemeh urang nyaeta kolot atawa karuhun urang leuwih dalit jeung alam. Manusa miara alam nya kitu oge alam miara manusa. Nya salah sahijina ku ayana sasatoan anu mere totonden siga kieu tea. Aya d

  1   2   >