>"Rahman" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Dina elmu hukum aya nu disebut lahan adat. Mun ditingali leuwih > jero ... kapimilikan adat sacara hukum leuwih 'berhak'. Ngan nya > kitu...mun ditingali sacara formal mah HESE.
Nu rada hese perkara lahan adat teh pangpangna di luar Jawa, komo di Papua mah. Lamun teu salah, nu disebut lahan adat (tanah ulayat) di Papua boga hiji suku. Kumaha ngukur legana? legana diukur ku TEPI KA MANA ANGGOTA SUKU NEANGAN PAKASABAN (tatanen, moro jrrd). Tah nu aranna jelema moro, bisa tepi 10-20 km2 (atawa mungkin leuwih jauh deui). Ieu dilemna, sabab sanajan padumuk di luar Jawa jarang, lain hartina loba lahan nu kosong henteu kapimilik. Ieu beda jeung di Jawa, nu geus wawuh jeung kapamilikan individual, jeung geus ngarti kana surat-surat kapamilikan tanah sanajan ukur girik. Nagara ngaturna jauh leuwih gampang tinimbang di luar jawa. Kasus2 saperti di Pasuruan sabenerna teu kudu kajadian lamun nagara ngaturna bener jeung adil. Lamun teu salah di Jatiwangi Majalengka, aya kasus tanah nu rada ngaharib-harib saperti di Pasuruan. Nu parebut lahan teh antara padumuk jeung TNI-AU. Cenah lahan nu ayeuna dipake Bandara Jatiwangi baheulana boga padumuk didinya. Ku Jepang tanah ieu dirampasan, dijieun lapangan udara (duka ngalegaan kawasan lapangan udara nu geus aya). Jepang indit ti nagara urang, lahan ieu otomatis jadi milik nagara (Dina hal ieu TNI-AU). Tangtu we padumuk (atawa ahli warisna) nu baheula tanahna dirampas, ayeuna nuntut eta lahan dibalikkeun deui kanu bogana. Tepi ka ayeuna, masalah ieu masih ngagantung. Lahan di Pulo Jawa geus heureut, kajadian di Pasuruan bisa wae mucunghul deui di tempat sejen, lamun nagara teu becus ngaturna .... Baktos, WALUYA
