>From: "rahmi budi" <[EMAIL PROTECTED]>
> lain solusi atuh ari nanya mah " Balik deui ka soal buruh, ari ceuk kuring
> mah, solusina ayeuna keur nagara urang, KUMAHA NYADIAKEUN
> LAPANGAN PAGAWEAN. Nu jelas ayeuna.
> tah ayeuna mun cara jangka panjang anu disusulkeun ku simkuring melalui
> pembangunan SELF ORGANIZING dianggap SALAH, saur salira solusina
> kedah kumaha?
> aya henteu usulan solusi ti salira?

Terus terang, kuring mah  TEU PATI NGARTI kana seratan kang Budi teh. Maklum
kuring mah sapopoena hirup dina hal-hal praktis wae. Teu pati apal
kana -teori sosial/ekonomi komo jeung  aran jelemana. Soal Solusi kang Budi,
nyieun organisasi ti handap, kuring ge teu nyalahkeun, nya mangga wae. Terus
nu rek dijieun teh organisasi naon? koperasi? syarikat? yayasan? . Atuh hal
eta mah ti baheula keneh oge geus dilaksanakeun, boh ku masyarakat atawa ku
nagara oge dianjurkeun. Komo ayeuna mah PABAYATAK, teu kaitung. Masalahna
lain soal nyieun kumpulan jelema, tapi kudu jelas heula tujuanana, jelas
manajemenna, jeung pangpangna mah lamun eta organisasi usaha, nu mimpinna
kudu JUJUR, lain mentingkeun sorangan. Loba koperasi nu diwangun ti handap,
nu waktu keur leutik mah maju, tapi waktu ngagedean, malah jadi ancur,
akibat KAPENTINGAN NU BEDA diantara anggota.

Tah Kang Budi, hal anu pamohalan  dipiceun dina sifat manusa, nyaeta  miceun
KAPENTINGAN SORANGAN kaasup EGOna. Kuring kungsi nulis didieu, manusa mah
lain SIREUM atawa NYIRUAN, sanajan papada mangkeluk sosial. Sireum jeung
Nyiruan, hiji mangkeluk  nu teu boga KAPENTINGAN PRIBADI, hirupna estu
eukeur komunitasna.  Manusa mah beda, boga kahayang sorangan, boga 
kapentingan sorangan nu kadarna oge BEDA-BEDA. Didieu hesena ngaorganisasi 
manusa, sabab kudu ngaakomodir kabeh kapentingan.

Hiji-hijina cara ngaakomodir kapentingan, nya ku jalan DIATUR/DITATA, tapi 
henteu mendet masing2 kapentingan jelema. Contona aya jelema pinter 
kabina-bana, nya tong dihalang-halang, keun we sina nyongcolang, tepi ka 
tina kapinteran manehna teh, aya manfaatna keur batur, Analogi nu sarua, aya 
jelema sarakah jeung pinter usaha, nya keun we antep da eta mah karesepna, 
sina beuki numpuk kakayaanana, ngan beuki loba panghasilan manehna, BEUKI 
GEDE DEUI PAJEGNA, keur ngabsubsidi  manusa nu  teu sauntung manehna. Ku 
jalan model kieu, sigana KAMAKMURAN JEUNG KAADILAN bisa katepi lain ku cara 
"mendet"!. Sistem sosialismeu model komunis, mopohokeun hal ieu, mopohokeun 
yen manusa teh lain sireum, nu matak sistem ieu teu langgeng sabab NGALAWAN 
FITRAH MANUSA!

Tah kitu prinsip kuring mah!

NB.

Supados teu serieus teuing, cobi Kang Budi, langganan komik Donald Bebek. 
Didinya aya tokoh kartun PAMAN GOBER, pamanna Donal Bebek. Paman Gober, 
kapitalis murni, Pinter inverstasi jeung beungharna kabina-bina, sarena wae 
dina tumpukan duit. Ngan peditna kabina-bina, maca koran wae, tara nu pas 
poena, tapi nu kamarina, ngarah teu meuli. Manusa samodel Paman Gober, 
tangtu aya (malah boa-boa gambaran WALT DISNEY sorangan, nu nyeungseurikeun 
kalakuanana sorangan), tah tinggal kumaha nagara ngamanfaatkeun kamampuan 
manusa siga  Paman Gober, keur kamaslahatan sarerea.

Baktos,
WALUYA

Kirim email ke