Kieu baraya,
najan ganti jaman oge ari istilah Kapitalisme anu sok vis a vis jeung kahadean 
mah tetep bae beda jeung kapitalisme versina jeung anu sok nganggap kapitalisme 
lain kajahatan, padahal anu bener mah definisi kapitalisme mah can kungsi aya 
anu ngarobah, mangga tinggal dina Tulisan ERNEST BRENSTEIN (Isme-isme dewasa 
ini), atawa tulisan LOUIS ALTHUSSER (Ideology and The Ideological State 
Apparattus) sebagai buku terbitan samemeh abad 21, jeung anu paling anyar 
Tulisan Kenichi Ohmae (anu judulna: hancurnya negara bangsa), jeung ANTHONY 
GIDDENS (anu judulna: jalan ketiga), FRANCIS FUKUYAMA (anu judulna: The end of 
History) sebagai buku terbitan menjelang abad 21. istilah kapitalisme mah tetep 
bae teu diganti, anu pada intina lain sakadar masalah tangible jeung 
intangible, mangga bae aos kalayan pilarian nyalira, baraya, ngan anu pasti 
Kapitalisme mah tetep sebagai sistem nilai, contona tesisna Fukuyama (1989): 
dina the end of history negeskeun yen sanggeus robohna komunisme dan
 fasisme, mangka kapitalisme jeung demokrasi bakal jadi bagian tiap budaya 
bangsa. 
kukituna kapitalisme teh lain sakadar kata MODAL, gampang amat! tapi salian ti 
cara produksi sistem ekonomi oge cara hirup jeung sistem nilai.

kunaon Kapitalisme bisa bertahan? sabab Kapitalisme boga sifat sense of 
regualrity, manehna senantiasa berubah-ubah modus operandi kejahatanana teh. 
misalna teori ADAM SMITH mah rahayat teh kudu bebas tina campur tangan nagara, 
tuluy ditentang kalawan disampurnakeun ku teorti KEYNESIAN anu ngudukeun nagara 
campur tangan, tuluy datang deui teorina MARGARET TECHER perdana menteri 
Inggris tea ngusulkeun kudu aya ngara kesejahteraan (welfare state) demi 
amannya proses kapitalisasi, mah terus oge nerapkeun usulan pasar bebas 
globalisasi, eta oge sarua perubahan modus operandi kapitalisme. 
kukituna Kapitalisme masih bertahan lain berarti kapitalisme diterapkeun di 
sakbeh nagara miskin, tapi nagara msikin geus teu sanggup nandangan atawa 
ngalawan kapitalisme.

ayeuna perkara trial and error, mangga aos deui dina e-mail simkuring kamari, 
yen anu dimaksud trial and error teh lain ngokolakeun nagara. trial and error 
teh narekahan kumaha carana sangkan perjalanan organisasi ngaronjat, pan ari 
nyaho kasalahan teh alus supaya henteu ngalakonan kasalahan anu sarupa, sanes?

mangga emutan, da simkuring mah lain Gusti anu kagungan ieu hirup sareng 
kahirupan, tangtuna kudu boga tarekah, da hirup teh teu ujug ujug nyaho 
kahadean jeung kasalahan, urang nyaho yen aya kasalahan teh sanggeus eta 
kasalahan dievaluasi. tapi sakali deui perjalanan hirup mah dinamis, teu mentog 
jeung henteu saklek, mun kitu teh kudu kitu, ah henteu.

balik kana solusi
lain solusi atuh ari nanya mah " Balik deui ka soal buruh, ari ceuk kuring mah, 
solusina ayeuna keur nagara urang, KUMAHA NYADIAKEUN LAPANGAN PAGAWEAN. Nu 
jelas ayeuna.
tah ayeuna mun cara jangka panjang anu disusulkeun ku simkuring melalui 
pembangunan SELF ORGANIZING dianggap SALAH, saur salira solusina kedah kumaha?
aya henteu usulan solusi ti salira? supados kritik kana solusi batur teh rada 
nagawangun kitu tah
AYO MANA SOLUSINA?

waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:                                  > rahmi 
budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
 > beu,beu tiwas baraya, alias salah kaprah tea, lamun urang 
 > ngaitkeun > sakabeh KEGITAN NIAGA sebagai KAPITALISME. ceuk kuring 
 > baheula tong > ngomong ETIMOLOGI, tapi TERMINOLOGI PRAXIS. anu 
 > mana kapital sebagai > kata anu hartina modal, anu mana kapital 
 > anu hartina sebagai sebuah > sistem hidup. baraya salah sahiji 
 > pilar utama sistem kapitalisme teh > nyaeta CORAK PRODUKSIna: 
 > DICEKELNA ALAT PRODUKSI 100% di tangan 
 > pemodal, nilai lebih, jrrd.
 
 Enya Kang, definisi kapitalismeu teh dina encyclopedia kitu. Ngan 
 aya catetanana eta teh di abad ka 19 tepi ka di awal ka 20. Tah 
 kulantaran kapitalismeu teh ngahasilkeun efek nu negatif, nya 
 dikoreksi ku sistem nu leuwih dibebener,  hasilna siga ayeuna, 
 saperti nu katempo di nagara-nagara maju. Jadi sanajan nagara-nagara 
 maju nganut faham kapitalismeu, tapi dina kanyataanana mah malah 
 leuwih sosialis tibatan nagara nu gogorowokan ngaku ngara sosialis.
 
 Kulantaran akang nyebut2 "trial & Error", ah ....sistem nagara mah  
 Kang, teu bisa make "trial and error", gede bahayana, sabab 
 lamun "error" akibatna bisa manjang, bisa puluhan taun atawa 
 ngaratus taun.  Hayang terang nagara nu nganggo "trial & error"? 
 Kamboja!. Khmer Merah nu pamimpinna sarakola di Perancis, pinuh ku 
 ide revolusioner kaum pamikir urang Eropa, hayang mraktekkeun di 
 Kamboja. Jelema di"sama-ratakeun", Bank Sentral diancurkeun (kaasup 
 gedongna) .... pokona rek nyieun masyarakat anyar. Hasilna ....... 
 satengah ti rakyat kamboja beak!
 
 Sabenerna mah Indonesia ge asup nagara "trial and error", sabab 
 nyoba-nyoba nyaragamkeun wewengkon2 nu tadina dijajah walanda nu 
 sacara budaya jeung sajarah beda. Akibatna ceuk Pak Yakob SUmardjo 
 dina artikelna VanVollen (KOmpas tgl ....), Indonesia = 
 Frankenstein ...hehehe (Dr. Frankenstein nyieun mangkeluk siga 
 jelema, kulantaran mangkeluk ieu teu boga asal-usul /sajarah, 
 akhirna jadi ngarusak).
 
 SOk geura tingali nagara-nagara maju, umumna nagara heubeul, 
 sistemna teu robah drastis malah aya nu masih karajaan. Amerika, 
 sanajan nagara "anyar" (tapi geus leuwih ti 200 taun), sistemna 
 (baca: kontitusina), angger teu robah (atawa teu robah drastis). Ieu 
 nunjukkeun hiji sistem nu alus robahna kudu "EVOLUSI" 
 lain "REVOLUSI"!
 
 Balik deui ka soal buruh, ari ceuk kuring mah, solusina ayeuna keur 
 nagara urang, KUMAHA NYADIAKEUN LAPANGAN PAGAWEAN. Nu jelas ayeuna 
 loba nu nganggur. Jadi teu perlu "ideologi" nu "sakti" heula ..lah. 
 Ke lamun geus digarawe ....dibebener sistemna. Ulah tibalik, hayoh 
 we ribut sistem kudu dirobah drastis, ari buruh nu rek  
 diperjuangkeun teu aya atawa saeutik, da lolobana mah 
 pangangguran ....
 
 [Sabagian gede urang Indonesia lain buruh formal tapi patani/ buruh 
 tani, buruh "freelance" (tukang tembok, tukang kayu jrrd), padagang 
 leutik jeung ......... pangangguran]
 
 Baktos,
 WALUYA
 
 
     
                       

 Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com 

[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke