Anu tiasa ngayakeun lapangan gawe/pagawean mah nya investor...saha deui..jalmi anu kagungan artos (naon ngaranna yeuh kapitalis ? ..Toko kolontong, restoran mie ayam, pabrik tekstil, bank,toko omputer)...sanes organisasi buruh..jelas ieu mah.
Kumaha sangkan jelema ngadirikeun usaha , naon wae usahana, nya kaayaan kudu nunjang yen Pusahaan kudu nguntungkeun anu boga duit awal.Jadi paktor anu ngalahana jelema rek muka usaha teh nya tangtuna risiko rugi kulantaran; pajeg mahal, loba preman, pungli, buruh reseh (buruh mahal mah teu nanaon da ieumah ditangtukeun ku sistim moneter), kapastian hukum jeung kaamanan. Terus naon deui anu dibutuhkeun ? Pagawe/buruh ! Kumaha carana; 1. Employment biasa per Depnaker 2. Kelola bersama (ala Padang, dan beberapa Restoran Sunda). 3. Keur pausahaan raksasa samisal Assembling Mobil, Industri baja, Perkapalan, anu pasingannya keras jeung tingkatna strategis, moal mungkin nyerahkeun alat produksina (teuing kumaha carana, memang aya atawa ngan sakdar cita2 ?????) ka Buruh. pasti bangkrut.....Beda kapentingan masalahna.... Tapi sanes teu aya pamecahan nana...aya carana..dimana buruh/padamel tiasa betah nganggo sistin employment welfare sharing...di sabaraha Pusahaan ay Satpam/Supir anu nampi Rp 4.5 juta perbulan .... --- rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Akur Kang, > > Tapi eta... kumaha atuh CARA na Kang? Kumaha > strategina sangkan jelema > anu teu boga gawe JADI boga gawe? Cikan, bere > bongbolongan anu praktis > we. > > Lieur kuring mah... Mun anti pausahaan asing, kudu > kumaha atuh urang > teh? Nyieun pausahaan sorangan ketah jalan kaluarna > mah (eta ge sistem > kapitalis!). Ngan... naha bisa kitu? Pan mun nyieun > barang jualeun teh > KUDU aya konsumen na (sistem kapitalis deui > bae!)... Jang nyieun > pausahaan pan perlu MODOL eh modal he he he > (kapitalis deui bae!)... > > Ah lieur ... muter kadinya2 deui euy... > > Mun adi kurimng kalimpungan neangan gawe, bari > euweuh pagawean. Saha > anu BISA nyiptakeun LAPANGAN pagawean? Pamarentah > kitu? Kabeh bangsa > Indonesia (SUnda) sina jadi pagawe nagri? > > Aya conto kongkrit teu? ;)) > > baktos, > > Rahman > > > > haturan barya, > mangka urang kudu bisa ngabedakeun mana USAHA > KAPITLAISTIK mana USAHA HENTEU KAPITALISTIK? > > 1. nganggapna teh sagala anu berkaitan jeung MODOL > aeh MODAL tea dianggap KAPITALISME jeung kapitalisme > bae. > > beu,beu tiwas baraya, alias salah kaprah tea, lamun > urang ngaitkeun sakabeh KEGITAN NIAGA sebagai > KAPITALISME. ceuk kuring baheula tong ngomong > ETIMOLOGI, tapi TERMINOLOGI PRAXIS. anu mana kapital > sebagai kata anu hartina modal, anu mana kapital anu > hartina sebagai sebuah sistem hidup. baraya salah > sahiji pilar utama sistem kapitalisme teh nyaeta > CORAK PRODUKSIna: DICEKELNA ALAT PRODUKSI 100% di > tangan pemodal, nilai lebih, jrrd. simkuring rek > ngajelaskeun deui tentang ALAT PRODUKSI eta. baraya > ari dina sistem Kapitalisme mah buruh teh DIREKEN > MESIN, anu UPAHNA ukur disetarakeun jeung KEBUTUHAN > FISIK MINIMUM (KFM), lain KEBUTUHAN HIDUP MINIMUM, > contona msalah UPAH, mun urusan kesehatan masih > ditanggung ku perusahaan (eta oge mun gering, tapi > saha atuh anu daek gering), tapi mun biaya > pendidikan mahal, perusahaan teu tanggung jawab, > urusan GAJIH , ukur distandarkeun kana UMR (UPAH > MINIMUM REGIONAL) baheula mah, ayeuna mah UM (UMPAH > MINIMUM), tapi KENEH-KENEH KEHED. ari > UMR/UM teh diitung didasarkeunkana cara perhitungan > = (3xmakan/hari)x(sabara kg beras/1xmakan)x(harga > beras/kg), jadi perusahaan moal rekmikiran kasusah > buruh, da ceuk manehna mah geus cumpon kawajiban > ngaliwatan UMR/UM tea. TAH sabenerna mah fenomena > siga kitu teh, dina sistem EKONOMI KERAKYATAN geus > dijelaskeun yen, supaya perusahaan teu ngarasa rugi, > mangka buruh kudu boga hak atas alat produksi, ari > alat produksi teh bisa dihartikeun sebagai komponen > utama perusahaan, nya ari di jaman ayeuna mah alat > produksi teh bisa diejawantahkeun salah sahijina > SAHAM/SHARE, jadi mun perusahaan bangkrut,buruh bisa > balik ka imahna salian ti mawa duit pesangon, buruh > oge pemilik saham, mangka ngagandong duit ladang > sahamna eta. > jadi sok bae pikiran, mun cara ngagawekeun pagawe > urang di perusahaan urang ku cara samodel kitu, > mangka eta anu disebut kapitalis, tapi mun urang > mere hak buruh pikeun nguasaan sebagian alat > produksi tangtu urang lain kapitalis. IEU SALAH > SAHIJI contona baraya. > SAKALI DEUI ULAH NGANGGAP SATIAP NIAGA SARUA JEUNG > KAPITALISME. > > 2. CHAY CHOY, baheula geus dijelaskeun, simkuring > mah lain ULTRA NASIONALIS, da kuring mah lain > nasionalis, jeung kuring oge lain samata-mata anti > perusahaan ASING, tapi inget kuring ukur anti > perusahaan anu kapitalistik. keur naon perusahaan > nasional ari tetep mah kapitalistik mah. > numutkeun beja, ceunah ayeuna teh jaman NEW AGE > (zaman baru tea), kabeukina jelema teh memperdalam > kaelmuan anu sifatna jeung KEARIFAN, saperti > FILSAFAT, atawa SPIRITUALITAS saperti fenomena > SUFISTIK-sufi. tapi inget baraya, ari filsafat ukur > dipake ngaributkeun PANGERAN/TUHAN mah kacida teu > munasabahna lah. > MIKIR ATUH, saur ERICH FROMN sebagai penganut > filsafat madzhab FRANKRUT pernah nyebatkeun yen > tugas filsafat geus ganti, ari baheula mah filsafat > teh ukur terus bae BERTANYA, ari ayeuna mah > filsafat teh disebut filsafat KRITIS, nyaeta salian > ti KRITIK tapi oge kudu neangan solusi. (mangga > tinggakli dina buku FRANS MAGNIS-SUSENO) > mun teu sepakat jeung pamanggih simkuring, teu > masalah ieu demokrasi kang. tapi inget MANA SOLUSI > ANU DIUSULKEUN SALIRA? ulah berharap bae ka batur. > > simkuring geus ngomong ari simkuring mah percaya > kana organisasi pikeun ngarubah dunya teh, sabab ari > hayang ngarubah nasib sarerea kudu ku cara > babarengan supaya leuwih gancang tibatan paturencal > sorangan-sorangan mah. > apakah melalui pembentukan YAYASAN2x, bank2 > pedesaan, sapertos THE GRAMEEN BANK, akang parantos > ngadangu teu acan the grameen Bank, karyana MUHAMMAD > YUNUS urang Bangladesh, nu meunang hadiah NObel tea. > simkuring mah geus nawarkeun ti kamari oge, > ORGANISASI (sabilulungan) mangrupakeun cara anu > ampuh pikeun ngaheuyeuk karaharjaan balarea, lamun > ceuk SAINT SIMON mah COOPERTION, babarengan leuwih > hade tibatan sosoranganan. rahayat kudu mimiti > diajar mandiri,mengorganisir diri (SELF ORGANIZING). > tapi ieu salah sahijina baraya, lain berarti > yayasan-yayasan, serikat-serikat, atawa > koerasi-koperasi, jrrd. jadi SOLUSI FINAL, LAIN > baraya, mangga motekar sigana mah aya keneh cara anu > sejenna. > > LIEUR? TANGTU, da mikiran hirup teh lain saukur > urusan nyieun lamunan. tapi inget cita-cita jalma > waras lain CITA-CITA INSTAN, siga budak leutik > AYEUNA menta duit Rp.100 perak, mangka AYEUNA kudu > aya duitna. ari jelema gede mah salian ti perjuangan > keur masalah-masalah anu URGENt, tangtu anu > pentingna mah pendidikan supaya urang sarerea > semakin terbiasa dengan PROSES.JANGKA PANJANG, anu > kudu diantisipasi, oge kang. > > sok ketrukkeun elmu pangaweruh teh, gunakeun keur > kapentingan balarea, keur naon sakola luhur-luhur > ari teu guna (munasabah) ka rahayat mah. > simkuring rek balik nanya, cing sok aya cara sejen > teu? lamun Kapitalis salah, komunis gagal, Islam can > aya, mangka sistem ekonomi naon anu rek diterapkeun? > sah-sah bae rek sistem lain oge, anu penting logis > ari meamang euweuh mah pelajaran ti sistem ideologi > anu aya salila ieu? > > sakali deui lamun urang berjuang ku cara NGAITKEUN > DIRI JEUNG HIJI IDEOLOGI eta cara anu kacida > tinggalleun jaman, sabab geus lain zamanna > ORGANISASI IDENTITAS. ayeuna mah geus jaman SADAR, > anu penting logis cara berjuangna bener, pikeun > kauntungan rahayat, tangtu eta perjuangan bisa metik > hasil kalawan didukung ku rahayat. beda jeung > perjuangan anu teu logis tangtu rahayat moal daekeun > milu berjuang. > > punten baraya sakdeik deui, > simkuring mah rahayat, anu sakola oge teu luhur, > mangka bisa dianggap TEU BODO-BODO acan teh bener, > simkuring mah ukur saurang BURUH, tangtu ngarasakeun > pisan kanyeri sorangan salaku kaum buruh teh, jeung > ngarasa pisan pentingna organisasi teh, baheula mah > basa can aya kasus di perusahaan, buruh teh pada > EMBUNG ASUP ORGANISASI, tapi geus kasus mah karasa > pentingna organisasi teh. da geuning mun lain urang > sorangan anu ngawangun kakuatan babarengan tangtu > BRGANING POSITION buruh teh kacida lemahna di mata > pengusaha teh. > punten yeuh sim kuring mah gawe sebagai buruh boga > prinsip: "SALIAN MENGABDIKAN ILMU, TAPI OGE MENJUAL > TENAGA ka PMODAL" > simkuring moal ngajuruskeun supaya asup hiji > organisasi, bisi rek nyieun organisasi anyar oge > mangga, mangga geura PAHEUYEUK-HEUYEUK LEUNGEUN ceuk > papatah Sunda oge ulah rek SEWANG-SEWANGAN APILAIN. > moal mungkin ngarubah dunya ukur ku sorangan. > > wilujeng bajonag, baraya > > > > > > > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com > Send instant messages to your online friends > http://uk.messenger.yahoo.com > > [Non-text portions of this message have been > removed] > > ____________________________________________________________________________________ Fussy? Opinionated? Impossible to please? Perfect. Join Yahoo!'s user panel and lay it on us. http://surveylink.yahoo.com/gmrs/yahoo_panel_invite.asp?a=7
