> rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > beu,beu tiwas baraya, alias salah kaprah tea, lamun urang > ngaitkeun > sakabeh KEGITAN NIAGA sebagai KAPITALISME. ceuk kuring > baheula tong > ngomong ETIMOLOGI, tapi TERMINOLOGI PRAXIS. anu > mana kapital sebagai > kata anu hartina modal, anu mana kapital > anu hartina sebagai sebuah > sistem hidup. baraya salah sahiji > pilar utama sistem kapitalisme teh > nyaeta CORAK PRODUKSIna: > DICEKELNA ALAT PRODUKSI 100% di tangan > pemodal, nilai lebih, jrrd.
Enya Kang, definisi kapitalismeu teh dina encyclopedia kitu. Ngan aya catetanana eta teh di abad ka 19 tepi ka di awal ka 20. Tah kulantaran kapitalismeu teh ngahasilkeun efek nu negatif, nya dikoreksi ku sistem nu leuwih dibebener, hasilna siga ayeuna, saperti nu katempo di nagara-nagara maju. Jadi sanajan nagara-nagara maju nganut faham kapitalismeu, tapi dina kanyataanana mah malah leuwih sosialis tibatan nagara nu gogorowokan ngaku ngara sosialis. Kulantaran akang nyebut2 "trial & Error", ah ....sistem nagara mah Kang, teu bisa make "trial and error", gede bahayana, sabab lamun "error" akibatna bisa manjang, bisa puluhan taun atawa ngaratus taun. Hayang terang nagara nu nganggo "trial & error"? Kamboja!. Khmer Merah nu pamimpinna sarakola di Perancis, pinuh ku ide revolusioner kaum pamikir urang Eropa, hayang mraktekkeun di Kamboja. Jelema di"sama-ratakeun", Bank Sentral diancurkeun (kaasup gedongna) .... pokona rek nyieun masyarakat anyar. Hasilna ....... satengah ti rakyat kamboja beak! Sabenerna mah Indonesia ge asup nagara "trial and error", sabab nyoba-nyoba nyaragamkeun wewengkon2 nu tadina dijajah walanda nu sacara budaya jeung sajarah beda. Akibatna ceuk Pak Yakob SUmardjo dina artikelna VanVollen (KOmpas tgl ....), Indonesia = Frankenstein ...hehehe (Dr. Frankenstein nyieun mangkeluk siga jelema, kulantaran mangkeluk ieu teu boga asal-usul /sajarah, akhirna jadi ngarusak). SOk geura tingali nagara-nagara maju, umumna nagara heubeul, sistemna teu robah drastis malah aya nu masih karajaan. Amerika, sanajan nagara "anyar" (tapi geus leuwih ti 200 taun), sistemna (baca: kontitusina), angger teu robah (atawa teu robah drastis). Ieu nunjukkeun hiji sistem nu alus robahna kudu "EVOLUSI" lain "REVOLUSI"! Balik deui ka soal buruh, ari ceuk kuring mah, solusina ayeuna keur nagara urang, KUMAHA NYADIAKEUN LAPANGAN PAGAWEAN. Nu jelas ayeuna loba nu nganggur. Jadi teu perlu "ideologi" nu "sakti" heula ..lah. Ke lamun geus digarawe ....dibebener sistemna. Ulah tibalik, hayoh we ribut sistem kudu dirobah drastis, ari buruh nu rek diperjuangkeun teu aya atawa saeutik, da lolobana mah pangangguran .... [Sabagian gede urang Indonesia lain buruh formal tapi patani/ buruh tani, buruh "freelance" (tukang tembok, tukang kayu jrrd), padagang leutik jeung ......... pangangguran] Baktos, WALUYA
