2008/12/21 Rahman <[email protected]>:
>
> Enya oge Kang, barter sigana mah cocog oge dina sakala model kiue mah.
> Anu jadi ganjelan, kumaha carana barter hiji nagara anu teu boga
> barterkeuneun? RI mah rada gampang da boga sumber daya alam. Tukeuran
> we produk urang jeung produk atawa jasa batur. Ngan lebah Luxemburg
> misal na. Kumaha ngabarterna? Moal kitu bakal jomplang. Mun nengetan
> kitu TANGTU nu hiji TETEP bakal surplus.
>
DN:
Lamun hiji nagara teu gaduh barterkeuneun, kumaha nagara eta bakal hirupna?
Maenya we SDM-SDM ahli wae mah teu aya?

Kajaba eta nagara teh tos layak nampi zakat.

> Akur lebah dinya na mah Kang D. Hiji nagara MOAL bisa hirup
> sosoranganan. Nu hiji ngagulawing ka nu sejen. Ngan balik deui kana
> urusan zakat antar nagara tea. Asa rada aneh. Saha nu ngawajibkeun
> hiji nagara KUDU ngabayuan nagara sejen? SAha nu boga mandat na, jeung
> ti mana? Kumaha prosedurna deuih?
>
DN:
Nya model PBB, dewan keamanan, jsb, geuning aya wae tah nagara-nagara
anu ngagabung dina hiji organisasi?
Nu penting aya nu nyorakeun ka sakabeh nagara eta ngeunaan program
zakat ieu. Saperti waktos Mahatir Muhammad nyorakeun perkawis
perdagangan bilateral nganggo emas, aya sabagian nagara anu langsung
sapuk. Dikawitan we ti dinya.

Ayeuna oge pan aya kabijakan di EU mah pikeun ngaratakeun karaharjaan
ka sakabeh anggotana. Ku cara nyalurkeun investasi ka nagara-nagara
anu tacan pati mekar. Misalna pabrik-pabrik di Polan, Ceko, Rumania.
Kawitan ti model kitu, teras seueuran anggotana.

Ngan pedah ari nu sifatna investasi mah pan masih ngarepkeun untung,
sabalikna ari zakat mah murni hibah tea, da tos dianggap sanes milik
pribadi/nagara sorangan, nanging milik batur anu meryogikeunana.

>
> Aya skenario kieu. Urang upamakeun Kang Obama sabage pamingpin dunya
> boga kahayang jeung kamampuh rek mingpin dunya sacara adil. Dina
> program Kang Obama teh pek ngawajibkeun kabeh nagara dunya nyetor
> pajeg atawa urang sebut zakat 2% tina GDP tiap nagara jang
> kasajahteraan umat manusa. Kaci teu? Kumaha prosedur ngumpulkeunana?
> Kumaha cara ngabagina? Kumaha cara ngatur persentaseu pembagianana?
>
DN:
Muhun, langkah-langkahna kitu, aya salah saurang pamingpin nu
nyorakeun heula. Teras dibahas dina forum internasional, misal KTT
menteri keuangan. Pami sapuk, kempelkeun artos eta ka Baitul Maal
(atanapi samodel IMF). Tengetan neraca kakayaan unggal nagara, saupami
aya nu defisit, salurkeun ka nagara eta dugikeun ka teu defisit.
Perkawis persentaseu pembagian, diobrolkeun heula wae kumaha. Nu
penting mah dikawitan aya kasadaran pikeun nyalurkeun kakayaan ieu.
>
> Kuamah deuih mun aya nagara anu embungeun milu MAYAR zakat na?
>
DN:
Perlu diwarah :-)
Cara khalifah Abu Bakar Shiddiq maksa anu baleunghar anu teu mayar zakat.
>
> Organisasi supranasional nu aya ge saperti PBB, IMF, Bank dunya jlte.
> teu bisa ketak geuning, sabab kapentingan nasional hiji nagara kuat
> anu ngalobi kapentinganana leuwih nyoksrok jero dina organisasi siga
> kitu.
>
> Hampura, kuring mah lebah dinya pesimistis pisan. Jalan anu paling
> lempeng mah.... tiap nagara kudu daek bajuang bebeakan jang
> kapentingan nasional na masing2! Tapi ulah nepi ka ngarugikeun
> kapentingan nasional bangsa sejen!!!! :)))
>
DN:
Hehe.. samodel sistem ekonomi anu nyadiakeun program-program kredit
gampang jsb. pikeun kapentingan sorangan, tungtungna mah nyered batur
oge. :)

Tapi ayeuna mah minimal urang, kulawarga sareng sakuriling urang heula
gaduh kasadaran pentingna zakat, tur ngaluarkeun zakat ieu. Mung 2,5%
tina harta urang, unggal taun atanapi dicicil unggal sasih. Insya
Allah efekna rohaka, pikeun ngajaga kasaimbangan ekonomi (likuiditas).

--
Dian.

Kirim email ke