Re: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO
Sabenerna tos lumayan lami aya patanyaan, hususna di kalangan panalungtik ngeunaan ngalengitna naskah-naskah ex garapan EFEO ieu. Anu balukarna mucunghulkeun hiji tudingan yen naskah teh diringkid ku Vivian Sukanda dibawa ka Perancis. Pikeun maluruh dimana ayana bungkeuleukan naskah asli ieu, teu aya salahna lamun dilalanyahan nanya langsung ka Ibu Vivian. Tapi naha Ibu Vivian teh aya keneh dikieuna? Da lamun nengetan buku-buku terbitan EFEO 8 taun ka tukang nu aya kaitanana jeung Sunda atawa Tatar Sunda, asana tos teu aya ngaran Vivian kasabit-sabit. Bisa oge ditaroskeun ka carogena Pa Haris Sukanda (Prof), susuganan apaleun kana masalah ieu. Salaku gambaran atawa tambahan informasi keur baraya di ieu babakan, Vivian Sukanda sawaktu masih aktif di EFEO (Bandung) kungsi ngalihaksarakeun sarta narjamahkeun sababarah naskah Sunda heubeul. Di antarana: naskah Cariosan Prabu Siliwangi nu asalna ti Kuningan (asana mah) nu kandelna leuwih ti 300 kaca. Samentara Haris Sukanda kungsi nalungtik ngeunaan gagaman (senjata) nu boga pamor, kaasup kujang, tangtuna oge. Inyana pisan nu nyieun hipotesis yen kujang teh asalna tina kudi. Kudi nu geus dikaramatkeun disebut Kudi Hyang, nu saterusna robah jadi Kudiyang, nu ahirna jadi Kujang. Sakitu heula, HMA --- On Mon, 9/6/10, A Gunawan rotan...@yahoo.com wrote: From: A Gunawan rotan...@yahoo.com Subject: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO To: kusnet urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, September 6, 2010, 9:11 PM Hiji waktos, Pa Henri Chambert Loir ti EFEO (Lembaga Perancis nu ngulik kabudayaan oriental) sumping ka perpusnas, ngadugikeun perkawis nu di-forward-keun ieu. Saurna mah saupami aya anu uninga 'tapak'-na tina eta naskah Sunda anu ngahiang tea, nyuhunkeun diwartosan. Hatur nuhun AG --- On Fri, 9/3/10, Oman oman...@yahoo.com wrote: From: Oman oman...@yahoo.com Subject: [manassa] Naskah Sunda di EFEO To: mana...@yahoogroups.com Date: Friday, September 3, 2010, 9:57 PM Sumber: http://www.manassa.org/main/berita/index.php?detail=20100903215018 Dalam Katalog Induk Naskah-naskah Nusantara, jil. 5A, Jawa Barat: Koleksi Lima Lembaga, yang disusun oleh Edi S. Ekadjati dan Undang A. Darsa (Jakarta, Yayasan Obor Indonesia - EFEO, 1999), disebut bahwa salah satu lembaga yang naskahnya diperikan dalam katalog tersebut adalah EFEO Bandung, disertai keterangan tambahan berikut: Penting dikemukakan bahwa lembaga yang disebutkan terakhir ini sudah tidak ada lagi, sedangkan sebagian naskahnya tersimpan di Yayasan Pemeliharaan Naskah (YAPENA) Bandung dan beberapa lainnya tersimpan dalam bentuk fotokopi di EFEO Jakarta. (hlm. 5). Buat kami sendiri riwayat naskah-naskah tersebut tidak jelas. Lembaga penelitian Prancis EFEO (École française d'Extrême-Orient) pernah mempunyai sebuah kantor di Bandung mulai tahun 1960-an sampai tahun 1990. Kantor itu diketuai oleh Ibu Viviane Sukanda-Tessier, yang pernah meneliti dan menginventarisasi naskah-naskah di Tatar Sunda, antara lain bersama Bpk. Edi Ekadjati dan Bpk. Hasan M. Ambary, keduanya sudah almarhum. Sebagai lembaga penelitian asing, EFEO mempunyai kebijakan tidak pernah membeli naskah asli di Indonesia, dengan pertimbangan naskah-naskah yang terjual oleh masyarakat ataupun oleh pedagang semestinya dibeli oleh instansi Indonesia saja. Namun demikian, dalam rangka penelitian mantan anggota EFEO tersebut, sejumlah besar naskah pernah dikumpulkan oleh Yayasan Yapena di atas, sedangkan sejumlah fotokopi naskah (entahlah apakah fotokopi dari naskah milik Yapena atau dari naskah lain) masuk inventaris EFEO. Perlu digarisbawahi bahwa EFEO tidak mempunyai hubungan apa pun dengan Yayasan Yapena. Fotokopi naskah yang kini tersimpan di kantor EFEO di Jakarta boleh diperiksa dan dibaca oleh siapa pun yang berminat. Meskipun hanya mengandung fotokopi, koleksi itu rupanya cukup berharga dan patut dimanfaatkan. Jumlah itemnya 239. Di antaranya, 215 buah telah diidentifikasi berdasarkan katalog (stensilan) yang disusun oleh Ibu Sukanda-Tessier, sedangkan 24 buah lagi belum berhasil diidentifikasi. Daftar ke-215 item itu dapat diunduh di sini (untuk mengunduh file, silahkan menuju situs sumber berita ini). Informasi ini disebarkan agar kalangan pencinta naskah Indonesia tidak beranggapan bahwa lembaga EFEO memiliki naskah asli, juga supaya fotokopi yang memang ada dapat diakses oleh yang berkepentingan. Henri Chambert-Loir, Daniel Perret, Arlo Griffiths EFEO Jl. Ampera III no. 26 Jakarta 12550 tlp. 021-781 1476
RE: [Urang Sunda] Aya nu uninga ka Gan Kartadjoemena...ASGAR
Asana mah Kang Yani oge kantos sasarengan sareng salasahiji Gan Kartadjoemena nalika ngahadiran sidang promosina Mang Hasan (Dr. Hasan Djafar) di UI Depok. Harita Hasan Kartadjoemena (HSK) hadir salaku jalma anu miboga perhatian kana sajarah katut budaya Sunda. Sabenerna kaahlian anggota eksponen 66 ieu di widang ekonomi. Tos seueur buku karyana ngeunaan perekonomian nu dipedalkeun. Anjeunna kungsi janten Dubes RI di WTO. Nalika Boediono janten Gubernur BI, HSK dibenum janten staf ahli Gubernur BI widang luar negeri. Dina kasundaan, anjeunna ngaku tacan lami milu ancrub. Kungsi sawatara waktu janten pupuhu (wakil?) di Yayasan Rancage, mung ayeuna tos henteu deui. Sempet janten Key Note Speaker di acara mieling basa indung sadunya nu diayakeun ku Unesco di Eropa. Anjeunna miboga perhatian nu kalintang saena kana buku jeung pabukon, oge kana buku Sunda. Sahenteuna HSk miboga pabukon pribadi di dua tempat. Ayeuna nuju ngalalanyahan sangkan Kebon Raya Bogor jeung Situs Batujaya Karawang bisa ditetepkeun ku Unesco salaku world heritage. Sakitu heula --- On Mon, 6/28/10, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: RE: [Urang Sunda] Aya nu uninga ka Gan Kartadjoemena...ASGAR To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, June 28, 2010, 4:10 AM Oh enya. Eta mah Kartalegawa. Ayeuna aya Natalegawa jadi menlu nya. Raden mohammad marty muliana natalegawa. From: urangsu...@yahoogro ups.com [mailto: urangsu...@yahoogro ups.com ] On Behalf Of Kumincir Wikidisastra Sent: Monday, June 28, 2010 2:28 PM To: urangsu...@yahoogro ups.com Subject: Re: [Urang Sunda] Aya nu uninga ka Gan Kartadjoemena. ..ASGAR anu jadi persiden nagara pasundan mah suria kartalegawa, sanes kartajumena. kartajumena anu kawentar mah asana dina widang ekonomi. sikandar kumincir.blogspot. com 2010/6/28 mj Kartajumena asana Bupati garut terus jadi presiden Negara Pasundan. From: MRachmat Rawyani Nami pamegetna teh Suhendar Kartadjeomena, dikurebkeun di Garut. Asa-asa wanoh yeuh kana nami Kartadjoemena. CIk, bilih baraya aya nu uninga klan Kartadjoemena, kuring dipasihan pencerahan. Asana teh Tokoh terkenal oge nami Kartadjoemena teh.
RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng
Di Bogor sahenteuna msh aya 2 tempat pengrajin nu nyarieun seeng, di Maseng jeung di Leuweungkolot. Malah di Leuweungkolot mah kungsi nyieun seeng mini keur suvenir. Adu Jaten Parebut Seeng taun 2010 ieu baris digelar tgl 21-Mei tepi 23 Mei di Kampung Budaya Sindangbarang Bogor. Sakaligus dihijikeun jeung seminar budaya Sunda. HMA --- On Mon, 3/29/10, mj ja...@itenas.ac.id wrote: From: mj ja...@itenas.ac.id Subject: RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng To: urangsunda@yahoogroups.com Date: Monday, March 29, 2010, 5:23 AM Wah, duka tah tiwul mah teu terang. Sakaemut mah enya kitu, dina hawu aya ruhay forever. Hehe Nuju milari info tukang ngadamel seeng dimana nya. Ari barangna mah aya keneh di pasar tradisional. Teu acan sempet ka dinya ge. Di baduy kanekes, seeng masih diangge, oge di desa-desa pasisian. Bade maluruh ka tukang atawa pabrik seeng, ningali proses ngadamelna, sukur mun aya nu apaleun naha rupana kitu heuheu, sabab urang baduy, nu masih marake parabot nyangu seeng aseupan, teu apaleun dongengna. Heuheu.
[Urang Sunda] Manusa Cihaliwung
Di kompas poé ieu aya tulisan batur kuring ngeunaan jalma-jalma nu ngamangpaatkeun Cihaliwung. Mangga nyanggakeun: Jejak Manusia Ciliwung Dulu dan Kini Senin, 2 Februari 2009 | 00:57 WIB Dayan D Layuk Allo Minggu siang, 18 Januari 2009, tiga perahu karet mendamparkan diri di tepian Ciliwung, tepat di muka pintu air Katulampa, Bogor. Mereka bagian Tim Ekspedisi Kompas Ciliwung 2009, yang tiba dari arah Puncak dan disambut para petugas pintu air. Sebagian besar ”manusia Ciliwung”, yakni warga sekitar, berkumpul. Segelintir lainnya, manusia Ciliwung lainnya, adalah anggota tim ekspedisi dan pengawas pintu air. Apa pun motif ”manusia Ciliwung” adalah peduli keadaan Ciliwung. Sedangkan warga sekitar peduli keadaan dirinya yang memanfaatkan Ciliwung sebagai obyek penunjang hidup. Ekspedisi Kompas Ciliwung 2009 pantas diapresiasi karena memberi banyak laporan tentang kondisi sungai itu. Para prabu Ciliwung”Ciliwung adalah jalanan utama … Pakuan dengan Sunda Kalapa,” tulis Pramoedya A Toer (epik Arus Balik, 2001). Pakuan adalah ibu kota, Sunda Kalapa adalah pelabuhan ekspor Kerajaan Hindu-Buddha Pajajaran hingga 1527 M. Prabu Siliwangi sebagai manusia Ciliwung juga menjadi raja pada 1482-1521 M. Saat berkuasa, sang Sri Baduga Maharaja membangun benteng-keraton Pakuan dengan memanfaatkan potensi topografis bantaran Ciliwung (Danasasmita, Sejarah Bogor, 1983).Tampaknya Prabu Siliwangi yang menamai Ciliwung. Ia adalah keponakan dan menantu Prabu Susuk Tunggal (1382-1482). Sang pendahulu ini, menurut budayawan Adenan Taufik, dijuluki Prabu Haliwungan karena sifat temperamentalnya. Logis bila sang penerus mengabadikan julukan seniornya menjadi nama sungai yang arusnya bisa mendadak berubah dari tenang menjadi ganas. Peta CM Pleyte (1919), dalam buku A Heuken SJ (Sumber-sumber Asli Sejarah Jakarta, 1999), menunjukkan sungai itu bernama Tji Haliwoeng. Seiring kejayaan Pajajaran, Ciliwung menjadi urat nadi kehidupan kerajaan itu. Manusia Ciliwung berikutnya, Prabu Surawisesa atau Ratu Sangiang, menyadari hal itu. Ia yang berkuasa 1521-1535 pernah ditugasi mengikat pakta pertahanan dengan Portugis guna melindungi kedaulatan atas Sunda Kalapa. Sebagai hasil kunjungan ke Malaka, Pajajaran dan Portugis sepakat mengantisipasi ekspansi Cirebon dan Demak. Pakta tahun 1522 itu diabadikan oleh Portugis dalam bentuk tugu batu bertulis (padrao) di muara Ciliwung. Pada 1527, usaha Surawisesa gagal. Portugis terlambat datang membangun benteng. Pramoedya berkisah: ”Fatahillah, yang sendiri memimpin pendaratan. Ia temukan tugu batu bertulis Portugis-Pajajaran … merobohkannya dan menceburkannya ke dalam kali Ciliwung tanpa suatu upacara.” Setelah ditemukan tahun 1918, padrao Ciliwung kini disimpan di Museum Nasional. Berkulit putihKeberadaan penjajah Eropa di Ciliwung membuat sejarah disemaraki banyak manusia Ciliwung berkulit putih. Dua di antaranya adalah Gubernur Jenderal VOC Baron von Imhoff (berkuasa 1743-1750) dan Gubernur Jenderal Hindia Timur HW Daendels (kuasa Kekaisaran Perancis, 1808-1811). Seperti sebagian besar tokoh di Hindia Belanda, keduanya anak peradaban sungai-sungai besar Eropa. Wawasan mereka mengalir jauh melintasi banyak negara, bersama arus sungai besar seperti Rhein dan Elba. Wawasan mereka dilengkapi sikap antisipatif karena terbiasa melihat fisik sungai yang sering berubah drastis, mengikuti musim. Baron von Imhoff, keturunan Jerman, adalah tokoh pertama pembuat keputusan tertulis tentang kesatuan administratif atas wilayah tangkapan air Ciliwung (dan Cisadane)—yang disebut Afdeeling Buitenzorg. Kebijakan itu memelopori wawasan kesungaian yang didukung rasionalitas ilmiah. Dalam Kaart van de Afdeeling Buitenzorg (1854) tampak wilayah ini amat luas. Meliputi puncak Gunung Pangrango dan Salak, Megamendung, Ciawi serta seluruh landaian hingga batas selatan Kota Batavia. Seorang tokoh lain, HW Daendels, Gubernur Jenderal Hindia yang efektif. Meski dituding bertangan besi, ia berprestasi membangun banyak fasilitas kolonial di Jawa. Selain Jalan Raya Pos, Daendels sebelumnya sukses membenahi drainase Batavia. Daendels tinggal di Paleis Buitenzorg, Bogor. Tahun 1809, ia menggagas istana baru di tepian Ciliwung, Batavia. Namun, ia tidak mengecap hasilnya karena Daendels Paleis atau Gedung Putih (Het Witte Huis) baru selesai 1828. Istana tersebut sekarang menjadi Gedung Induk Keuangan (The White House of Weltevreden; Pusat Dokumentasi Arsitektur, 2005). Lewat perencanaan istana baru di Weltevreden itu, Daendels tegas menempatkan Ciliwung sebagai orientasi peletakan bangunan dan ruang terbuka dalam kawasan pusat kekuasaan. Bantaran Ciliwung menjadi taman depan dan belakang gedung-gedung penting. Masih banyak manusia Ciliwung berkulit putih lain sepanjang 350 tahun sejarah kolonialisme di aliran Ciliwung. Mereka mungkin para perencana pintu air Katulampa, Depok, dan Manggarai. Mungkin juga para penggagas situ-situ, waduk, serta kanal-kanal Ciliwung. Namun, harap ingat bahwa dalam tiap realisasi hampir
[Urang Sunda] [Iklan] Buku: Nyanghulu ka Hukum, Nyanghunjar ka Nagara
Wilujeng Siang. Sim kuring katitipan ku rerencangan ti RMI (RMI the Indonesian Institut for Forest Environment), hiji LSM nu concern kana widang konservasi leuweung nu parantos medalkeun buku nu judulna Nyanghulu ka Hukum, Nyanghunjar ka Nagara. Sebuah Upaya Masyarakat Cibedug Memperoleh Pengakuan Komunitas adat Kasepuhan Cibedug salami ieu kirang dipikawanoh ku balarea, henteu sapertos Kasepuhan Ciptagelar nu sami-sami pakumbuhanana ayana di sabudeureun Taman Nasional Gunung Halimun - Salak (TNGHS). Langkung ti kitu, wewengkon Kasepuhan Cibedug oge ngawates pisan sareng urang Kanekes nu tos kenging pangakuan salaku masarakat adat ti Pemda Kab. Lebak ngalangkungan Perda No. 32 Tahun 2001 tentang Perlindungan Hak Ulayat Masyarakat Baduy. Dina buku ieu dicaritakeun kaayaan Kasepuhan Cibedug dumasar kana panalungtikan aktivis RM, ti mimiti wates wewengkonna, topografi, sajarah katut titinggal karuhunna (situs Cibedug/candi Cibedug), kagiatan tur tradisi masarakatna nu masih keneh mikukuh tali paranti, saperti prak-prakan ngahuma jeung tatanen sawah katut upacara serah taunna, sarta papagon (falsafah) adat nu lumaku di wewengkon adat pikeun ngawujudna kahirupan nu ngahiji jeung alam sabudeureunana. Dibejerbeaskeun oge ngeunaan hukum positif atawa perundang-undangan nu tangtuna pakuat-pakait jeung masarakat adat katut hukum adatna, utamana masarakat nu nganjrekna di leuweung. Diebrehkeun oge kamungkinan ngawujudna Kasepuhan Cibedug sabage masarakat adat nu diaku ku nagara (pamarentah) sangkan maranehna teu dianggap jalma nu ngarambah (ngagadabah) leuweung di kawasan TNGHS. Sanajan buku ieu diserat nganggo Bahasa Indonesia, tatapi seueur istilah, papagon, tur piwuruk sesepuh adat nu dicutat dina Basa Sunda, nu tiasa negeskeun yen urang Banten Kidul teh masih keneh seke seler Sunda! Cindekna, buku ieu cocog pisan pikeun nu mikaresep kana kajian antropologi, sajarah, arkeologi, Hukum positif vs Hukum adat, aktivitas LSM, konservasi leuweung, jeung tangtuna kaayaan kahirupan kisunda di pasisian. Pikeun nu bade ngersakeun ngagaleuh buku ieu, tiasa ngajapri ka sim kuring, atawa ngaSMS ka 08121112982. Pangaosna Rp. 25.000,- per eks. ditambih ongkos kintun Rp. 4.000,- per eks. kanggo wilayah Jabar, DKI sareng Banten. Naurna tiasa ngalangkungan BCA No. Rek. 7360070276 a/n RINI WIDOWATI. Sakitu nu kapihatur. Hatur nuhun kana perhatosanana. Baktosna, pun Hendra - Get easy, one-click access to your favorites. Make Yahoo! your homepage.
Re: [Urang Sunda] Festival Kreasi Seni Tari Sa-Bogor!!!!!
Di tukangeun kantor DPRD, sagigireun kantor Walikota, handapeun kantor YB Hanjuang Bodashehe HB kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Gedong Kamuning Gading teh di mana alamatna? On 3/17/07, netta fahad [EMAIL PROTECTED] wrote: Bewara ka sadayana,khususon ka wargi Bogor sareng sabudeureunana. Kaping 24 Maret 2007, Dinten saptu, ngawitan tabuh 9 enjing-enjing, baris diayakeun Festival Kreasi Seni Tari Sa-Bogor di Gedung Kamuning Gading. ieu festival teh diikuti ku Sanggar - sanggar Seni tari sa-Kota Bogor,salahsawiosna nyaeta Sanggar Dinika, Getar Pakuan, Art group, sareng Obor Sakti. - TV dinner still cooling? Check out Tonight's Picks on Yahoo! TV.
Re: [Urang Sunda] Basa (bahasa) Palaung
Haturan Ua Engke ku kuring dipilari di tempat peperenian aya teu kamus Palaung-Inggris teh. Jadi ngiring panasaran. Basa kamari ningali hasil panalungtikan Pa Inotji nu ngababandingkeun kecap-kecap basa Sunda jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu sarua atawa meh sarua, boh dina harti, oge dina cara ngalafalkeunana. Kitu oge basa Sunda jeung basa Dayak, rea nu sarua. Komo bas Sunda disandingkeun jeung basa Bali mah, tambah rea deui nu sarua kecap-kecapna teh. Ceuk hiji teori, bahasa Austronesia, nu jadi cikal bakal bahasa di nusantara jeung sabudeureunana, baheula sebaranna ti kawit Madagaskar dugi ka kapuloan Pasifik. Matakna teu pati aneh mun seueur kecap-kecap nu meh sarua jeung bahasa urang sabrang. Baktos, pun hendra MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote: - Be a PS3 game guru. Get your game face on with the latest PS3 news and previews at Yahoo! Games.
Re: [Urang Sunda] sampurasun
Jang Kum-kum, naha los-los ka Apih geuning? Teh Riri mah nu nganggo jilbab, jangkung, bodas, rarayna ngadaun seureuh. Di Acara Riungan Simpay mah sok jadi tukang ngababagi konsumsi. Tapi ari keur ngaprak di lembur Sindangbarang mah, sakapeung sok ditutuyun ku uing. HB kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Wa'alaikumsalaam w. w. Teh Riri teh anu mana tea, nya..? Da kapungkur mah abdi ge sok ngiringan acara Simpay teh... Ti Garut rama teh? Euleuh... boa dulur... (Apih jempe, ulah pipilueun..!). Di mana di Garutna tuang rama teh? (Geus puguh di Bandung!!! ceuk Apih teh). Mun atuh ti baheula... milis teh rame ku mojang... tangtos Apih langkung betah... On 3/15/07, SARI GUMILANG [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalaamu'alaikum Pertama-tama hatur nuhun ka nu jadi kuncen, tos ngijinan abdi ngiringan mejeng di ieu grup. Kadua bade ngenalken diri ka sadaya wargi ieu grup. Wasta simkuring Sari Gumilang, di rorompok mah dipanggil riri, teh riri, mun di kampus dipanggil riri, neng riri, neng cai. Abdi teh rencanganana neng agi, sok ngiringan acara Simpay di FIB-UI. Pun indung teh ti bandung, pun bapa ti garut, abdi dilahirkeun di bandung, mung te tiasa nyarios sunda, ari maca majalah sunda atawa ngadangukeun carita dina basa sunda mah lumayan ngerti. Hapunten nya kalo basa sundanya teu jelas jeung teu bener jeung teu alus jeung jeung lah. -- sikandar kumincir.blogspot.com - TV dinner still cooling? Check out Tonight's Picks on Yahoo! TV.
Re: Adipati (Re: [Urang Sunda] Ganti nami lahir/nami Arya)
Leres pisan nu didugikeun ku Bah Willy. Raden, Aria, Adipati jeung Pangeran memang gelar pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem. Gelar pangpunjulna nyaeta Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati panghandapna. Aria jeung Adipati aya ditengah-tengahna. Gelar-gelar ieu diistrenkeun ku Walanda (pamarentah kolonial mangsa harita) gumantung kana prestasi sang Bupati sewang-sewang. Prestasi di dieu tangtu wae sagala rupa nu ngajadikeun kauntungan pikeun Walanda. Kecap Aria (Arya) teu tiasa disebut kecap pituin sunda, jigana mah kecap ieu impor ti wetan (jawa), tos aya ti samemeh karajaan Mataram Islam, contona aya tokoh nu ngaranna Aryo Penangsang. Di wetan mah gelar Aryo masih keneh dianggo, saperti di lingkungan Keraton Solo, mung kecap aryo tos robih jadi Haryo. Bangsawan Solo seueur nu kagungan gelar KGPH kacindekan ti Kanjeng Gusti Pangeran Haryo Baktos, pun hendra Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote: Keur jaman kolonial, Aria Adipati = Pangkat keur Bupati, contona Raden Aria Adipati Martangara, salah saurang Bupati Bandung di jaman walanda, nu ayeuna jadi aran jalan di Kota Bandung. Gelar Aria, Adipati atawa Pangeran teu tiasa kitu wae dianggo, kedah gaduh heula bisluit (SK) ti raja/ratu Walanda, margi aya hubunganana jeung kapangkatan. Ilaharna urang sunda jaman baheula ( ti kalangan menak), sok ngaganti aran upama jadi pejabat ku aran nu nunjukkeun kapriyayianana (Kusumah, Atmaja, dinata jrrd) . Bupati Sumedang, Pangeran Aria Adipati Suriaatmaja, nuju budakna aranna, Aom Sadeli. Kitu deui Pangeran Kornel, nuju budakna aranna Aom Jamu, tapi saatosna anjeunna jadi Bupati Sumedang, namina janten Pangeran Kusumah Dinata. Jaman ayeuna? ..mangga bade ngagentos aran mah, teu kedah ngantosan bisluit hehehehe Baktos, WALUYA - Original Message - From: Reksa Gantra To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Friday, January 26, 2007 10:11 AM Subject: Adipati (Re: [Urang Sunda] Ganti nami lahir/nami Arya) Ceuk cenah, kocap (istilah) adipati diangge di Tatar Sunda mangsa Mataram Islam ngajajah Tatar Sunda. Ieu istilah awitan diterapkeun di Galuh, Ciamis kiwari, ka Adipati Panaekan. Sateuacanna, sebatan ka penguasa Galuh ngangge istilah Kanjeng Prebu. MGT - Sucker-punch spam with award-winning protection. Try the free Yahoo! Mail Beta.
[Urang Sunda] Tradisi Parebut Seeng dina Acara Jatukrami
Tradisi Parebut Seeng dina Acara Jatukrami Di dunya persilatan mah ngaran Cimande asana tos teu bireuk deui, tos kawentar ka ditu ka dieu. Dugi ka ayeuna oge paguron silat Cimande mah jadi tempat pangjugjugan pikeun jalma nu hayang miboga elmu kanuragan. Sagedengeun eta, Cimande oge kakoncara pisan jadi tempat pikeun tatamba jalma nu kacilakaan, utamana nu ngalaman sarupaning patah tulang, ti kawit tulang remuk, tulang potong, pateuh, tug nepi ka urat misalah. Tangtu wae di Cimande oge aya kasenian nu dadasarna mah tina jurus-jurus silat, saperti gendang pencak, rampak silat, jrrd. Ngan kakara kaayeunakeun kuring terang yen di Cimande jeung sabudeureunana teh aya hiji tradisi nu tiasa disebut unik, nyaeta ayana nu ngaranna tradisi parebut seeng atawa sok disebut oge tepak seeng dina acara jatukrami. Tradisi parebut seeng atawa tepak seeng ieu masih keneh lumangsung nepi ka kiwari, utamana di wewengkon Bogor ka tebeh kidul, ti kawit Ciawi, Ciapus, Caringin, Cimande, oge sunebar di daerah Sukabumi, saperti di Cidahu, Cicurug, Cisaat nepi ka Jampang. Sakapeung mah parebut seeng ge sok diayakeun di Lembur Tapos caket kota Cibinong. Tapi ari di pakulonan Bogor mah jigana tradisi ieu teu dipakekeun, saperti di padumukan kuring, di Ciampea nepi ka daerah Jasinga tacan kungsi nguping aya prak-prakan acara samodel kieu. Duka ti iraha jeung ti mana asalna tradisi parebut seeng teh? Asana memang can pati kaguar, tapi sigana mah ti jaman kahirupan nu masih keneh lekoh ku ayana para jawara atawa pendekar. Jeung deui, Bogor atawa Sukabumi ge moal waka buru-buru disebut tempat asal (pituin) pikeun tradisi ieu. Bisa jadi di tempat sanes ge aya tradisi samodel kieu teh, tangtuna daerah nu miboga budaya silat oge. Kumaha prak-prakanana tradisi parebut seeng teh? Singhoreng seueur geuning versi-na, tiap wewengkon miboga cara-cara nu meh teu sarua, tapi ari garis badagna mah memang sawanda, nyaeta parebut seeng teh dilaksanakeunana pas acara ngabesan. Sakumaha ilaharna nu ngabesan, iring-iringan rombongan panganten pameget ngabring ngajugjug bumi panganten istri. Di antara rombongan panganten pameget teh aya saurang wawakil, biasana mah jawara nu nganggo raksukan pasilat (iket tur baju, calana pangsi) sabari ngagandong seeng nu ditalian ku samping. Biasana pihak panganten istri mapageun besan teh di buruan imah atawa di tempat nu rada lega. Saparantosna dua rombongan papayun-payun dina jarak nu rada anggang, wakil pihak istri tuluy naros pamaksadan ka pihak pameget, nu harita keneh diwaler ku wakil pihak pameget. Salah sahiji waleran ti pihak pameget nyaeta mangrupa tangtangan ka pihak istri, supaya tiasa ngarebut atawa nepak bujur seeng (nu digandong ku jawara), nembe akad nikah tiasa dilakukeun. Tangtu wae ku pihak istri ge disanggupan. Tuluyna mah der wae, dua jawara, boh nu ti pihak pameget oge ti pihak istri tandang makalangan di arena. (engke urang tuluykeun, bade jumaahan heula...) Cag, pun hendra - Don't pick lemons. See all the new 2007 cars at Yahoo! Autos.
Re: [Urang Sunda] Re: Bujangga Manik--- HartosnaTohaan
Hatur nuhun ka nu tos ngiring medar hartosna tohaan, jigana naon nu tos didugikeun teh leres sadaya saluyu sareng jaman, kaayaan sarta konteks kecap tohaan eta. Mung sim kuring bade nambihan sakedik, hususon pikeun kasus Bujangga Manik nu ngagaduhan gelar tohaan. Tohaan di dieu sami sareng kecap pangeran pami ayeuna mah, nu dina bahasa inggris na prince, jiga pangeran charles, pangeran andrew, pangeran henry jst, nu maksadna katurunan langsung ti raja nu keur ngawasa harita (tiasa sabage anak, incu, buyut) nu masih ngagaduhan hak kana tahta sanajan sanes putra mahkota oge. Bujangga Manik gaduh perhatosan anu langkung daria kana widang agama jeung sastra, sahingga tempat-tempat nu dijugjugna seuseueurna mangrupa kabuyutan atawa pamujan, katingalna anjeunna teu pati malire kana urusan pamarentahan, oge teu ngagaduhan pancen pikeun ngawasa hiji daerah, sahingga tiasa aprak-aprakan dina waktu nu lami jeung henteu ngan sawangsulan deuih. cag, pun hendra .:: kIPeR pERsIb ::. [EMAIL PROTECTED] wrote: ngiringan mairan ach.. ngomong soal bujangga manik teh sok ingeut basa jabung jeung Kang Mumu, Kang Agus jeung Kang Adit di SBR bogor. Ceuk aranjeunna cenah naskah bujangga manik nu asli teh aya di laden .. Hmm cenha eta ge teuing fotona teui aslina, tapi basa kuring mogor ka Pak Incohi salahsawios pustakawan bogor, kuring nyaho yen Pak Inochi teh kungsi mogaan naskah Bujangga Manik didinya kungsi di caritakuen yen bujangga manik teh boga tugas kudu nyatet kabuyutan-kabuyutan Pajajaran timimiti bogor nepikeun ka Brebes malihan mah Kang Hendra,jeung reng-rengan ti UI ge kungsi ka Brebes teh malihan mah aya foto-fotona, cag ach .. mapag seren taun 3-4 febuari 2007 http://geocities.com/serentaunsindangbarang http://serentaunsbr.multiply.com - Need a quick answer? Get one in minutes from people who know. Ask your question on Yahoo! Answers.
[Urang Sunda] Dongeng Sunda Buhun ti Majalah Walanda taun 1872
Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa carita rayat urang Ciamis. NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG (GABUS) KASAATAN Jaman baheula aya nini-nini malarat teu kinten-kinten, papakéanana geus butut sarta laip, disampingna ogé, ngan ukur bisa nutupan orat. Kitu deui dahar leueutna salawasna ngan sapoé sakali baé, malah-malah sakapeung mah datang ka potpisan sapoé dua poé henteu manggih-manggih sangu, ngan ukur nginum cai wungkul. Ari buburuh dederep henteu kaduga jeung geus henteu laku, wantu-wantu enggeus kolot kurang tanagana. Jadi kahirupanana taya deui ngan tina ngaroroték baé dina tegal-tegal atawa kebon awi, ari beubeunanganana dipaké nukeuran béas atawa cangkaruk ka tatanggana. Pandéning imahna ngan sempil baé, ditangkodkeun kana pongpok imah baturna, kitu ogé hateupna bilikna geus balocor, wantu-wantu henteu aya pisan, anu daék nulung mangngoméankeun, ku tina henteu boga sanak baraya, sumawona anak incu, éstuning nunggul pinang. Ari éta nini-nini téh sakitu nya kokolotanana henteu pisan nyaho ka gusti Alah, ulahbon ngalampahkeun téa kana paréntahna, jenenganana ogé henteu apal, pangrasana ieu bumi jeung langit téh jadi sorangan baé, euweuh anu midamel. Dina hiji mangsa éta nini-nini geus dua poé henteu manggih-manggih dadaharan, sosoroh nukeuran sangu ka tatanggana taya nu méré. Ti dinya manéhna tuluy ngajentul di imahna bari humandeuar pokna, Aduh, cilaka teuing diri aing ieu, nya ayeuna paéh langlayeuseun téh. Sanggeus ngomong kitu téh, tulcel, boga niat rék ngaroroték deui ka tegal, bari sugan manggih dangdaunan atawa bongborosan nu ngeunah dihakan, keur tamba ulah langlayeuseun teuing. Geus kitu bral leumpang ngajugjug ka tegal kaso urut nyundutan, anu deukeut kana talaga, sarta di sabeulahna deui nyandingkeun walungan gedé. Barang datang ka dinya, éta nini-nini téh manggih lauk deleg pirang-pirang, rék pindah tina walungan kana talaga. Sanggeus nepi kana tengah-tengah éta tegal kabeurangan, panon poé geus kacida teuing panasna, jadi deleg kabéh awakna taluhur kukumurna, ku tina seuseut datang ka henteu bisa maju leumpangna. Kusabab éta deleg kabéh pada nyandang susah tanwandé manggih bilahi paéh kasaatan. Di dinya éta nini-nini téh bungah kacida, pikirna geus tangtu manggih untung meunang lauk pirang-pirang boga keur nukeuran sangu. Tapi manéhna héran neuleu aya hiji deleg, anu panggedéna ti sakabéh baturna, jeung deui leumpangna ogé pangheulana, kawas-kawas nu jadi ratuna sarta bisaeun ngomong, pokna, Samiun Alah kuring neda hujan! Samiun Alah kuring neda hujan! Kitu baé omongna bari tatanggahan ka luhur. Ari ku nini-nini téh didéngékeun baé saomong-omongna éta deleg téh, hayang nyaho kumaha kajadianana. Barang geus kira-kira satengah jam lilana datang hujan gedé naker wani cileungcangan, ti dinya éta deleg barisaeun deui leumpang tuluy kebat lumakuna, ari nini-nini téh datang ka ngadégdég awakna tina bawaning tiris kahujanan sarta léngoh balikna teu barang bawa. Kacaritakeun éta nininini téh sanggeus datang ka imahna tuluy mikir bari ngomong di jero haténa, Ih boa lamun aing ogé neda widi ka nu ngaran Alah téh, meureun di paparin, ari piomongeunana mah nya cara deleg téa baé, ngan bédana aing mah rék neda uwang. Ti dinya éta nininini ség baé tapakur di imahna, bari ngomong tatanggahan ka luhur nurutan sakumaha kalakuan deleg téa. Samiun Alah kuring neda uwang! Samiun Alah kuring neda uwang! Kitu baé omongna teu eureun jeung pikirna anték kacida panedana ka gusti Alah, datang ka geus teu aya pikiran deui ka nu séjén. Ari jalma anu imahna di tangkodan ku imah nininini téh, banget ngéwaeunana, ku sabab gandéng jeung bosen, saunggal poé unggal peuting ngadéngékeun omongna éta nininini, ngan kitu baé, taya pisan répéhna. Tuluy baé nyentak ka nininini téh pokna, Nini! Répéh aing gandéng, ngan kitu baé euweuh deui kasab, moal enya Alah téh sumping ka dieu, seba duit ka manéh; jeung kitu baé mah anggur ngala suluh, ngala daun ka leuweung meureun aya hasilna; jeung deui; lamun manéh henteu beunang di carék, geura undur baé imah manéh ulah ditangkodkeun ka imah aing. Panyentakna éta nu boga imah ku nininini henteu digugu, tonggoy baé ngomong nyuhunkeun duit ka Alah anggur beuki tambah maksudna. Bareng geus nepi ka lima poéna, anu boga imah téh, beuki kacida garétékeunana, henteu beunang dicarék, sarta dititah undur henteu los. Ti dinya éta jalma tuluy nyokot karung goni beunang ngeusian ku beling, datang ka pinuh sarta dipékprékan, supaya jejel ambih beurat, niatna rék dipaké ngabobodo ka nini-nini téa, sina di nyanaan duit paparin Alah ragrag ti luhur, jeung sugan nyeurieun ditinggang tonggongna, ku éta karung ambih kapok moal ngomong kitu-kitu deui. Kira-kira geus wanci sareupna ku éta jalma karung téh dibawa naék ka para,
[Urang Sunda] Seni Sunda di Mal
Kamari teh kungsi ngaluuhan acara Gelar Seni Tari Musik Khas Sunda nu diayakeun di Bogor Trade Mall (BTM), salah sahiji Mal anyar di Bogor. Acara ieu dikokolakeun ku Yayasan Tatar Pakuan (YTP) nu gawe bareng jeung HiSS (Himpunan Seniman Sunda). YTP teh hiji organisasi enggal di Bogor mah, ari HiSS mah tos ngadeg babaraha taun. Acara ieu kenging pangrojong ti kantor Dirjen Kesatuan Bangsa dan Politik Dep. Dalam Negeri, oge Pemkot jeung Pemkab Bogor. Nu nyugemakeun acara ieu oge disponsoran ku babaraha pausahaan, diantarana pausahaan operator telepon seluler, BUMN, pausahaan multinasional, teu ka kantun oge pausahaan nasional ngiring ilubiung, sagedengen eta, tangtos wae BTM jeung pujasera BTM lantey 3 tempat acara ieu dilangsungkeun. Pangeusi acarana mah seuseueurna ti sanggar seni nu aya di sabudeureun Bogor jeung ti sakola-sakola. Acara digelar ti tabuh hiji siang dugi ka tabuh lima sonten. Mangrupa-rupa seni sunda nu dipintonkeun, saperti tari merak, rampak sekar, tembang cianjuran, kawih sunda populer, rampak gendang, calawak (calung, lagu lawak) tapi pangseueurna mah mintonkeun tari jaipong kreasi. Di tengah pagelaran diseling ku orasi budaya ku Bah Eman Sulaeman, pupuhu Yayasan Hanjuang Bodas. Hanjakal harewosan kuring ka Bah Eman sangkan acara ieu dikaitkeun jeung mieling Dewi Sartika teu dipalire, hilapeun meureun Bah Eman-na. Panongtonna ge kawilang seueur, ti kawit barudak SD --nu dipiwarang ku guru-guruna, paminat seni sunda, oge masarakat umum nu memang ngahaja shoping ka ieu Mal. Salah sahiji nu jadi panarik ati panongton, meureun ku ayana doorprize di sela-sela acara. Saur panata calagarana, acara ieu teh pikeun test case, nu hoyong ditingali teh aya keneh henteu respon boh ti pamarentah, sponsor, oge masarakat umumna kana seni sunda. Upami acara ieu ka wilang sukses, kapayun baris diayakeun deui acara samodel di mal atawa karamean nu sanes. Pan di Bogor tos seueur mal ayeuna mah, malih mah nu nuju diwangun ge leuwih ti dua. Upami seueur manggung mah, pan seniman teh moal koreh-koreh cok deui Baktos, pun hendra - Have a burning question? Go to Yahoo! Answers and get answers from real people who know.
Re: [Urang Sunda] Sunda, Nusantara dan Indonesia
Kuring ge ngacung. Punten pangjaprikeun ka [EMAIL PROTECTED] Haturnuhun pisan sateuacana.baktos brad porenges [EMAIL PROTECTED] wrote:Medar kecap Sunda.dugi Indonesia Harti Sundadugi kakecapIndonesia Sajarah Sunda : ti zaman ptolemaeus hehe...dugika ka ordeAna [EMAIL PROTECTED] wrote: Ari eta buku eusinangabahas naon wae nya? Na tentang sajarah sunda atanapi naona? Nyungkeun pituduh ah.Nuhun - Original Message - From: brad porenges To: urangsunda@yahoogroups.com ; kisunda@yahoogroups.com Sent: Monday, September 25, 2006 5:22 PM Subject: [Urang Sunda] Sunda, Nusantara dan IndonesiaBaraya, Aya anu peryogi buku "Sunda, Nusantara dan Indonesia" kagungan suwargina Prof Dr Edi S Ekadjati? Bilih aya anu bade ngeresakan ngaos? Abdi parantos aya filena. Hatur nuhun, How low will we go? Check out Yahoo! Messengers low PC-to-Phone call rates. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture Your email settings: Individual Email|Traditional Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___
Re: [Urang Sunda] Re: Ngadamel saran kangge kasenian
Sampurasun,Bade ngiring mairan.Sae pisan nu didugikeun ku Ua Sas teh. Muhun kedah aya perhatosan nu nyata ti pamarentah sangkan kasenian sunda, utamina seni-seni nu tos teu dipikawanoh deui ku barudak ngora tiasa manjang lalakonna.Di sagedengeun masihan gajih ka para seniman, pamarentah oge kedah mintonkeun (magelarkeun) eta kasenian sahenteuna dua kali dina satauna. Hal ieu ngagaduhan maksad pikeun ningali hasil tina latihan-latihan nu tos dilakukeun salami ieu (ari ngan ukur latihan wungkul bari teu dipintonkeun mah keur naon atuh?), oge pagelaran seni ieu tiasa dijadikeun arena kampanye reueus seni sunda pikeun masarakat umum, utamina generasi mudana, sakaligus oge pikeun ngadokumentasikeunana (upamana ngadamel pilem dokumenter).Teras timana waragadna? sabaraha deuih? Ah bagean ieu mah urang tamplokeun we ka pamarentah deui. Memang aya babaraha kasenian nu masih payu diical ka sponsor, upamana wayang golek, tapi ari seni nu lian mah asana abot pisan.Kuring (saparakanca) gaduh pangalaman dua kali mintonkeun pantun beton dina sataun ieu, nu munggaran mah VCD-na tos rengse, ari nu kadua masih dipigawe keneh (biasalah seueur cabakeun jadi katoler-toler* :-)). Total waragad nu dikaluarkeun per sakali pagelaran teh kirang langkung 2,5 juta.Ceuk tadina mah bade sakaligus ditranskripsi eta carita pantun nu dicarioskeun ku juru pantun teh...tapi ampun paralunhararese pisan!!Wangsul deui ka datana Ua Sas, pami aya 450 jalmi x 2 pagelaran x 2,5 juta = 2,25 milyar nu kedah disayogikeun pamarentah salain tina subsidi bulanan.Hahalang (resistensi) ka seni sundaDina danget ieu, sanes hal anu gampil pikeun ngaronjatkeun deui seni sunda, salain hal anu sipatna tos klasik, saperti perhatosan pamarentah nu teu nyukupan, masarakat nu tos teu malire deui, oge aya sawatara pihak nu jigana teu panuju kana seni sunda teh, utamina seni sunda nu ngakandung 3G (gitek, geol, goyang), oge seni nu sok aya jampe-jampe buhuna jeung haseup menyanna.Kamari di acara ki sunda midang nu digelar ku gentra kaheman di IPB, sanggar girisunda pura teu tiasa mintonkeun jaipong kusabab teu kenging... (ka kang netta ti IPB punten hal ieu tiasa dijentrekeun/dikonpirmasi?)Upami urang tiasa nga-identipikasi pihak nu teu panuju ieu, tangtosna wae urang tiasa ngararancang lengkah nu hade pikeun mayunanana, upamana ku jalan "lobby" (sanes buah ieu mah!). Rek dikumaha oge nu teu panuju teh, henteu wae aya di masarakat umum, tapi oge aya di pamarentahan jeung legislatip. Waragad nu tos dikalkulasi di luhur moal tiasa ngucur ka seniman, pami teu disaluyuan ku para pihak nu "alergi" ka seni sunda, utamina nu aya di pamarentahan jeung DPRD. Ku kituna kedah aya usaha nu soson-soson tur daria pikeun ngawujudkeun hal ieu.Naon-naon wae tarekah urang pikeun ngaronjatkeun budaya sunda, mugia tetep aya dina ridho Gusti Nu Maha Suci.amin.Tabe pun,hendra*katoler-toler basa bogor pikeun kaluli-luliMSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote: Wios atuh nu 25% mah, kajabi tiasa deui dihudangkeun. Kumaha upami nu 50% we nu majar nuju sakarat, manawi upami sae infusna mah sugan we tiasa menyat deui, tina nu 50% teh diidentifikasi peran jalmi anu pang dominanna, misal dina wayang, nu pangnyongcolangna peran teh nyaeta dalang, sugan we tiasa diidentifikasi sapertos kitu dina kasenian nu 50% nu nuju sakarat tea. Jalmi anu pangdominna, diwilah deui ku yuswana, upamina nu yuswana 65 taun kaluhur, teras didata aya sabaraha jalmi. Tos jentre datana, langsung we dipasihan insentif misal 500 rebu sasasih, etang-etang penghargaan kana katiasana, mung kedah aya kawajiban nurunkeun elmuna ka anu anom. Ke urang etang-etangan geura,disebatkeun 25% tos teu aya dikieuna, panginten kirang langkung 75 wanda kasenian tos ilang musnah, 150 wanda nuju sakarat (50%), anggap we nu disebat jalmi dominan tea sareng yuswana 65 taun atanapi langkung unggal kasenian aya 3 jalmi, janten aya 450 jalmi, dina sataun peryogi waragad 2,7 milyar(500rebu x 12 x 450)eta teh kanggo ngabayuan unggal sasih nu etang-etang gajih tea. Tah eta jalmi anu digajih teh dijantenkeun narasumber kanggo ngadokumentasikeun sareng kedah nurunkeun elmuna tea. (hartos sakarat didieu kanggo sim kuring mah seniman anu tiasa tos arang langka, nu nanggap nya kitu deui) Aya deui nu kedah diperhatoskeun nyaeta ngadokumentasikeun, boh dina wangun buku, boh dina wangun rekaman digital audio visual, ulah mung sakadar deskripsi, supados nu bade nalungtik atanapi bilih bade aya nu nyobi kapayuna tiasa eces. Sakitu sabulangbentor ti sim kuring. Kahade waragad anu 2,7 milyar teh sanes kanggo acara seremonial, sanes kanggo pekan kesenian, sanes kanggo seminar, sanes kanggo pidato, tapi eta mah malulu kanggo gajih seniman, ulahdipotong biaya administrasi deuih. MSasmita Ka Teh Ika, kumaha waragad 2,7 milyar sataun kanggo gajih seniman sepuh tiasa panginten dianggarkeunhe he...!!.Ganjar Kurnia wrote:Assalamu'alikum Wr.Wb. Hasil panalungtikan Pusat Dinamika Pembangunan Unpad tilu
[Urang Sunda] Menta hampura ka sadaya
Baraya...Kaula mah rumasaRasa miboga loba dosaDosa lampah tur dosa kalimahDua-duana sok teu karasaKukituna...Kaula menta dihampuraKa baraya sadayanaMugia...Ieu puasaTiasa ngajajap urang kana golongan jalma takwaMangga,pun hendra Get your email and more, right on the new Yahoo.com __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture Your email settings: Individual Email|Traditional Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___
Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka....Juru Pantun
Haturan baraya sadaya...Pakait ayana rarancang ti panata calagara HBH nu baris ngaleler "Kusnet Award" pikeun seniman seni sunda buhun, kuring bade ngusulkeun juru pantun nu dina danget ieu mah tos langka pisan.Mangga, ieu data dirina : Abah Kanceng alias Andi Yana Yuswa : 88 taun Padumukan : Kampung Cibeureum, RT 02 RW 03, Kelurahan Mulyaharja, Kec. Bogor Selatan, Kota Bogor. Kaahlian : Juru Pantun BetonNu hoyong uninga saha ari bah kanceng teh, mangga tiasa ditoong di : http://kompas.com/kompas-cetak/0602/18/metro/2442685.htm http://kompas.com/kompas-cetak/0307/21/metro/67.htm http://www.pelita.or.id/baca.php?id=18492Baktos, hendrandoell [EMAIL PROTECTED] wrote: Banting setir kana acara cadangan nyaeta bade masihan penghargaan keur seniman/budayawan sunda buhun anu seueur jasana kana kasenian/budaya sunda.Tah...Bilih aya baraya anu gaduh info atanapi referensi kinten2nasaha anu pantes / cocog dipasihan "Kusnet Award" mangga diantos pisan. Pami tiasa mah sareng data, alamatna lengkap. Punten we, rada miwarang. heu..heu..Plis..-dul-tukangteuing All-new Yahoo! Mail - Fire up a more powerful email and get things done faster. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Culture change Corporate culture Cell culture Organization culture Tissue culture Your email settings: Individual Email|Traditional Change settings via the Web (Yahoo! ID required) Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch to Fully Featured Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe __,_._,___
Re: [Urang Sunda] Humor Seks dalam Bahasa Sunda...24 Agustus
hehehetingali jejerna cep...:-) ping 24 Agustus. panyaturna namina Desril, sarjana ti FIB UI nu nembe lulus sasih kamari, anu bahan kajianna saurna tina buku sura seuri siga sero, buku kusnet anu munggaran tea. hb Humor Seks dalam Bahasa Sunda Judul acara ceramah rutin SIMPAY- FIB UI sasih Agustus 2006 waktosna tabuh 10.00 dugi ka 11.30 WIB tempatna di Ruangan 4101 Gedung IV Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia Kampus Depok. __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Urang Sunda] KOPI SUSU jeung RASISME
KOPI SUSU jeung RASISMENepi ka taun 1990 nalika Jerman jadi jawara nu katilu-kalina dina pentas Piala Dunya, teu aya nu nyangka yen dina hiji mangsa nagara ieu bakal miboga atawa ngarekrut pamaen kulit hideung. Tos kauninga ti anggangna ari bangsa Jerman mah ngajungjung pisan kana ras bangsana, yakne ras Aria, jeung sok teu pati mandang ka bangsa sejen mah, komo deui ka bangsa kulit hideung.Sarengsena Piala Dunya 1998 di Perancis nu gagal total, Jerman ahirna ngawitan ngareret ka pamaen kulit hideung pikeun nyiapkeun pasukan keur Piala Dunya 2002. Harita nu dipanggil teh Gerald Asamoah, pamaen katurunan Ghana. Tapi pamanggilan ieu nimbulkeun reaksi nu teu hade, utamana ti golongan jalma-jalma nu masih keneh miboga pandangan nu ngabeda-bedakeun ras. Bundestrainer harita,Rudi Voeller, mikukuh Asamoah kedah lebet kana skuad-na. Antukna Asamoah laksana ngabelaan Jerman di Piala Dunya 2002, sanajan mung jadi cadangan oge.Di Piala Dunya 2006 ieu, barisan pasukan Jerman nu kulit hideung henteu wae Asamoah wungkul, tapi oge tos ditambihan ku David Odonkor nu ayeuna maen di Borussia Dortmund, Jerman. Ayana pamaen-pamaen keling ieu, ngajadikeun tim Panser Jerman tos kalebet pasukan "kopi susu", nyaeta tim-tim nu tos ngadu-maniskeun antara pamaen bule jeung pamaen hideung. Sanajan "cikopi" nu aya di tim Panser masih keneh kurang ti sapuluh persen (kakara babaraha keclak), hal ieu nunjukkeun Jerman oge tos ngaku kana ayana Pluralisme (widang mengbal).Kaayaan nu meh sarua, dilakonan ku tim Spanyol. Di tim Matador ieu aya pamaen keling hiji-hijina nomer tonggong 16, Marcos Senna, nu maen di kleub Villarreal, Spanyol. Upami disidik-sidik, saleresna Spanyol teh hiji nagara nu pangseringna dilaporkeun ayana kasus rasisme, utamana ku panongton mengbal nu ditujukeun ka Samuel Eto'o, pamaen kleub Barcelona nu asalna ti Kamerun. Kitu oge kuncen (palatih) tim Spanyol ayeuna, Luis Aragones, kungsi ngaluarkeun komentar nu bau-bau rasisme ka panyerang Perancis, Thierry Henry. Karuhan wae komentar ieu sumebar pisan di media massa Inggris. Nu balukarna Aragones dihukum dengda ku Federasi Mengbal Spanyol saageung 3.610 dolar Amerika atawa 34 yuta rupia. Hiji sangsi nu ku sabagean kalangan dianggap enteng teuing (Kompas, 27/6).Benten deui jeung Perancis, nagara Eropah nu ngagaduhan pasukan "kopi susu" nu langkung dominan si kelingna tibatan bule-na. Skuad intina oge aya tujuh dugi ka dalapan pamaenna nu hideung. Katingalna di tim ieu mah tos teu dibedakeun deui antara hideung jeung bule, nu penting mah tiasa toh-tohan pikeun ngabelaan nagarana.Kondisi tim Perancis nu siga kieu, henteu kahontal dina waktu anu sakolebat. Perelu proses nu lumayan lami sangkan kahadiran pamaen-pamaen hideung ditarima ku halayak rame. Kantos taun 1998, mangsa Piala Dunya digelar di Perancis, aya komentar ti salah sahiji inohong Perancis, Jean Marie Le Pen --politisi ti partei front nasional nu gaduh haluankatuhu pisan (ultra kanan)-- nu nyebutkeun para pamaen hideung tim hayam jago ngabaretem wungkul alias teu cacalangapan nalika lagu kebangsaan dinyanyikeun. Tapi ahirna komentar-komentar nu siga kitu kahapus nepi ka sirnana, kusabab tim Hayam Jago harita jadi jawara pangpunjulna sanggeus ngalumpuhkeun Brasil di partei pinal.Kataji ku parobihan nu aya di tim Walanda. Kiwari mah "cikopi"na ngaheureutan pisan. Biasana tim Oranye ieu sok meh pinuh ku pamaen nu asalna ti Suriname, saperti Edgar Davis jeung Seedorf nu tosdianggap liwat masa emasna jadi teu kapanggil.Salah sahiji pamaen nu masihan kelir ka pasukan van Basten, nyaeta Giovanni vanBronckhorst, nu maen di kleub Barcelona, Spanyol. Giovanni ngaku yen para sepuhna kawitna ti Indonesia. Ras we emut ka mas Brongkos, pagawe Pemda Kabupaten nu asalna ti wetan (Jawa Tengah). Duka tah aya hubungan naon Brongkos di dieu jeung van Bronckhorst di Walanda? * * *Seueurna pasukan kopi susu nu tandang makalangan di Piala Dunya 2006 ieu, nunjukkeun Pluralisme jeung Multikulturalisme tos jadi hal nu ditarima di widang mengbal, sok sanajan memang masih aya keneh kasus rasisme nu meledug di babaraha tempat. Kacatet aya 14 nagara nu pasukanana tos kaetang pasukan kopi susu, kalebet oge Jepang, nu miboga Alex, nomer tonggong 14, kalahiran Brasil.Tapi hal ieu ku FIFA (Federasi mengbal sa-alam dunya) dianggap can cukup. Disagedengeun Fair Play nu tos dogembar-gemborkeun, FIFA oge nuju ngampanyekeun perang ngalawan rasisme. Spanduk atawa bendera nu tulisanna "SAY NO TO RACISM" oge dibeberkeun samemeh adu-tanding Jerman jeung Argentina tadi wengi.Ayana agenda perang ngalawan rasisme, oge ngareana pasukan kopi susu dina helaran Piala Dunya nu masih lumangsung ieu, mudah-mudahan sing tiasa naratas jalan kana kahirupan nu langkung harmonis.P.e.a.c.e.ah!!!Baktos, hendra Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED
Re: [Urang Sunda] GRUP NARAKA
heuheuheu eta bah AJ, ngalamunna tos nepi ka pinal euy memang di babak 16 gede ge aya naraka, ngan naraka ieu hususon pikeun Inggris, alias Inggris bakal keok ku Ekuador ceunahhb Aj Kusnet [EMAIL PROTECTED] wrote: Mun tea mah Brazil eleh tilu gul we ku Jepang tur Croatia eleh ku Australia (duanana keur gedeg 1-1 ayeuna teh), bakal aya naraka deui di 16 badag, tegesna grup luhur. Sok geura tengetan. Jerman-Argentina adu hareupan di 8 gede, Itali-Brazil mah malah di 16 badag. Nu mareunangna bakal marebutkeun tempat ka pinal ngalawan... saha deui atuh lamun lain Walanda...Ah... Ngarana oge ngalamun...AJhangjuang bodas [EMAIL PROTECTED] wrote: GRUP NARAKA Nalika helaran piala dunya baris digelar, ka 32 nagara pamilon tos dibagi jadi dalapan grup.Di grup C nu dieusi ku Argentina, Walanda, Pantai Gading jeung Serbia-Montenegro nu disebut-sebut sabage grup naraka. Naha disebut grup naraka? Ieu mah panginten kecap kantetan nu ngahaja diciptakeun ku media (boh media citak oge media elektronik) pikeun ngagambarkeun kakuatan di ieu grup nu meh sarua atawa saimbang nu bakal nyuguhkeun tontonan adu-laga nu sengit, rongkah tur panas.Memang pami ditilik hiji-hiji kasebelasan nu aya di grup C ieu, kahartos pisan ku urang kunaon grup ieu disebut grup naraka. Di dieu aya tim tango Argentina jeung tim Oranye Walanda, dua nagara nu gaduh tradisi hebat dina widang bal-balan nu teu kedah dicaturkeun deui. Oge aya Pantai Gading, nu sanajan karek munggaran ngiring piala dunya tapi tos disebut-sebut bakal jadi "kuda hideung"kusabab di babak kualifikasi tos sukses nyingkirkeun Kamerun jeung Mesir nu biasana sok jadi wawakil ti Afrika. Pantai Gading oge gaduh panyerang nu eksplosif dina diri Didier Drogba (Chelsea), ditambih aya Kolo Toure (Arsenal) di barisan tukang nu teu disangsikeun deui kahebatanana pikeun nahan serbuan musuh-musuhna. Terahir aya Serbia-Montenegro nu teu kaelehkeun salami babak kualifikasi, kalebet sukses ngabendung Spanyol jeung Belgia nu langkung diunggulkeun.Kumaha kanyataanana di lapangan? Pikeun Argentina mah grup C ieu teh sanes grup naraka, malah tiasa disebut grup nu empuk. Saparantosna ngajungkelkeun Pantai Gading dina laga pamuka nu kawilang rada alot, teras Argentina pesta pora nyingkirkeun Serbia-Montenegro genep jendol tanpa bales. Kitu oge Walanda, tiasa ngelehkeun musuh-musuhna di dua laga awal. Jadina, sarengsena dua kali tanding, boh Argentina, oge Walanda tos lolos ka babak saterusna. Antukna adu-hareupan antara Argentina jeung Walanda dina laga-tanding nu panungtung di grup C teu leuwih ti basa-basi alias formalitas wungkul. Tos teu aya geregetna deui. Nu ahirna grup C ieu teu pantes pisan nyandang gelar grup naraka.Terus grup mana atuh nu tiasa disebut grup naraka? Numutkeun kuring mah grup naraka teh ayana di grup E, nu dieusi ku Italia, Republik Ceko, Ghana jeung Amerika Sarikat (AS). Nepi ka rengsena dua kali adu tanding, can aya hiji kasebelasan oge nu lolos atawa mastikeun ngalaju ka babak saterusna. Sabalikna, can aya oge tim di grup ieu nu tos pasti kasingkir. Adu-tanding pamungkas di grup ieu bakal jadi laga pikeun nangtukeun lolos henteuna ka babak 16 gede.Di sagedengeun eta, jalanna adu-tanding nu tos lumangsung di grup E ieu kawilang seru oge. Italia --nu kawentar ku pertahanan ala gerendelna-- teu tiasa unggul ngalawan AS, malih mah wasit dina laga ieu teh kedah ngaluarkeun tilu kartu beureum pikeun ka dua kasebelasan. Oge Ceko --nu gaduh peringkat ka dua versi FIFA-- teu walakaya nalika nyanghareupan Ghana, debutan ti benua Afrika. Italia jeung Ceko baris silih telasan dina laga nu panungtung, kitu oge Ghana jeung AS masih keneh tiasa lolos pami salah sahijina aya nu unggul. Tangtuna wae sa-opatna kasebelasan ieu bakal nyiapkeun taktik tur strategi nu paling jitu sangkan tiasa ngalumpuhkeun musuhna. Pami diistilahkeun mah saopatna oge baris toh-tohan, bebeakan, sataker tanaga, nambrukeun sagala pangabisanepi ka piriwit ahir. Antukna pikeun para gebol mah, adu-tanding nu siga kieu nu didagoan teh, nu teu gampil diprediksi hasil ahirna, oge tiasa nyiptakeun drama salami laga lumangsung tur nyajikeun "perang" nusengit, rongkahjeung panas. Sangkan memang pantes disebut grup naraka. Cag,hendra nu kungsi ngimpen jadi komentator bola Want to be your own boss? Learn how on Yahoo! Small Business. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group,
[Urang Sunda] GRUP NARAKA
GRUP NARAKA Nalika helaran piala dunya baris digelar, ka 32 nagara pamilon tos dibagi jadi dalapan grup.Di grup C nu dieusi ku Argentina, Walanda, Pantai Gading jeung Serbia-Montenegro nu disebut-sebut sabage grup naraka. Naha disebut grup naraka? Ieu mah panginten kecap kantetan nu ngahaja diciptakeun ku media (boh media citak oge media elektronik) pikeun ngagambarkeun kakuatan di ieu grup nu meh sarua atawa saimbang nu bakal nyuguhkeun tontonan adu-laga nu sengit, rongkah tur panas.Memang pami ditilik hiji-hiji kasebelasan nu aya di grup C ieu, kahartos pisan ku urang kunaon grup ieu disebut grup naraka. Di dieu aya tim tango Argentina jeung tim Oranye Walanda, dua nagara nu gaduh tradisi hebat dina widang bal-balan nu teu kedah dicaturkeun deui. Oge aya Pantai Gading, nu sanajan karek munggaran ngiring piala dunya tapi tos disebut-sebut bakal jadi "kuda hideung"kusabab di babak kualifikasi tos sukses nyingkirkeun Kamerun jeung Mesir nu biasana sok jadi wawakil ti Afrika. Pantai Gading oge gaduh panyerang nu eksplosif dina diri Didier Drogba (Chelsea), ditambih aya Kolo Toure (Arsenal) di barisan tukang nu teu disangsikeun deui kahebatanana pikeun nahan serbuan musuh-musuhna. Terahir aya Serbia-Montenegro nu teu kaelehkeun salami babak kualifikasi, kalebet sukses ngabendung Spanyol jeung Belgia nu langkung diunggulkeun.Kumaha kanyataanana di lapangan? Pikeun Argentina mah grup C ieu teh sanes grup naraka, malah tiasa disebut grup nu empuk. Saparantosna ngajungkelkeun Pantai Gading dina laga pamuka nu kawilang rada alot, teras Argentina pesta pora nyingkirkeun Serbia-Montenegro genep jendol tanpa bales. Kitu oge Walanda, tiasa ngelehkeun musuh-musuhna di dua laga awal. Jadina, sarengsena dua kali tanding, boh Argentina, oge Walanda tos lolos ka babak saterusna. Antukna adu-hareupan antara Argentina jeung Walanda dina laga-tanding nu panungtung di grup C teu leuwih ti basa-basi alias formalitas wungkul. Tos teu aya geregetna deui. Nu ahirna grup C ieu teu pantes pisan nyandang gelar grup naraka.Terus grup mana atuh nu tiasa disebut grup naraka? Numutkeun kuring mah grup naraka teh ayana di grup E, nu dieusi ku Italia, Republik Ceko, Ghana jeung Amerika Sarikat (AS). Nepi ka rengsena dua kali adu tanding, can aya hiji kasebelasan oge nu lolos atawa mastikeun ngalaju ka babak saterusna. Sabalikna, can aya oge tim di grup ieu nu tos pasti kasingkir. Adu-tanding pamungkas di grup ieu bakal jadi laga pikeun nangtukeun lolos henteuna ka babak 16 gede.Di sagedengeun eta, jalanna adu-tanding nu tos lumangsung di grup E ieu kawilang seru oge. Italia --nu kawentar ku pertahanan ala gerendelna-- teu tiasa unggul ngalawan AS, malih mah wasit dina laga ieu teh kedah ngaluarkeun tilu kartu beureum pikeun ka dua kasebelasan. Oge Ceko --nu gaduh peringkat ka dua versi FIFA-- teu walakaya nalika nyanghareupan Ghana, debutan ti benua Afrika.Italia jeung Ceko baris silih telasan dina laga nu panungtung, kitu oge Ghana jeung AS masih keneh tiasa lolos pami salah sahijina aya nu unggul. Tangtuna wae sa-opatna kasebelasan ieu bakal nyiapkeun taktik tur strategi nu paling jitu sangkan tiasa ngalumpuhkeun musuhna. Pami diistilahkeun mah saopatna oge baris toh-tohan, bebeakan, sataker tanaga, nambrukeun sagala pangabisanepi ka piriwit ahir. Antukna pikeun para gebol mah, adu-tanding nu siga kieu nu didagoan teh, nu teu gampil diprediksi hasil ahirna, oge tiasa nyiptakeun drama salami laga lumangsung tur nyajikeun "perang" nusengit, rongkahjeung panas. Sangkan memang pantes disebut grup naraka. Cag,hendra nu kungsi ngimpen jadi komentator bola Sneak preview the all-new Yahoo.com. It's not radically different. Just radically better. __._,_.___ Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. __,_._,___
[Urang Sunda] Kabuyutan di Sindangbarang dina KOMPAS dinten ieu
Haturan BarayaAya artikel dina Kompas dinten ieu ngenaan Kabuyutan (Situs) nu aya di wewengkon Sindangbarang Pasir Eurih Bogor. Jigana artikel ieu kenging nyutat ti makalahna kang Agus Aris Munandar dina acara Riungan Simpay nu tos lumangsung dina dinten rebo ping 24 Mei di FIB UI.Tiasa ditingal di http://www.kompas.com/kompas-cetak/0605/31/metro/2688995.htmMakin Terbukti, Sindangbarang Kaya Situs Megalitik Depok, Kompas Sebanyak 57 situs purbakala ditemukan di Kampung Sindangbarang, Desa Pasir Eurih, Kecamatan Taman Sari, sekitar lima kilometer dari Istana Bogor. Semula, batu-batu besar itu dianggap biasa oleh warga setempat, tetapi tokoh masyarakat Ahmad M Sumawijaya melacak dan menemukan batu-batu besar itu berada di wilayah yang luas dengan kerapatan tinggi. Tim Arkeologi Fakultas Ilmu Pengetahuan Budaya Universitas Indonesia (UI), Depok, mengunjungi sebagian kecil yaitu enam situs megalitik di Sindangbarang itu. Menurut Dr Agus Arismunandar, arkeolog UI, Selasa (30/5), enam situs megalitik itu adalah mata air Jalatunda berukuran 2m x 1 m dengan kedalaman 1,5 m dan Taman Sri Bagenda berupa kolam 45 x 15 m. Selain itu, ada juga punden Majusi, bukit kecil berundak, dan punden Surawisesa, serta punden Leuweung Karamat dan Saunggalah. Dari survei tim UI ini, kata Agus, tidak diragukan lagi bahwa Sindangbarang dan sekitarnya kaya dengan kepurbakalaan berupa megalitik. Situs-situs ini kini berada di tengah perkampungan penduduk, persawahan, atau lahan yang dikeramatkan. Tetapi tidak tertutup kemungkinan banyak situs yang rusak dan hilang. "Lereng timur Gunung Salak sangat kaya dengan benda purbakala," kata Agus. Namun, kata arkeolog ini, yang perlu dikaji, peninggalan megalitik ini dari masa prasejarah atau dari tradisi megalitik yang berlanjut atau era sejarah. Tiga puluh tahun silam, 1976, peneliti Belanda menemukan guci berisi tulang belulang manusia yang hancur di Bogor barat. Setelah itu, tak ada lagi laporan terkait kepurbakalaan. Laporan terbaru ihwal megalitik muncul lagi pada April 2006. Kebudayaan megalitik sebagai tradisi masih dikenal di Indonesia. Masyarakat masih menghormati batu-batu alami yang dianggap keramat. (KSP) baktos, hendra __Do You Yahoo!?Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] NGOBROL jeung TUKANG MADU URANG BADUY
NGOBROL jeung TUKANG MADU URANG BADUYSaleresna mah tos jangjian jeung rerencangan ba'da netepan jum'ah teh bade ningali pameran di Gedong Semanggi Expo, tapi nembe oge bade ngajugjug ka tempat anjeunna, ha-pe teh tisada, pas dibaca unina kieu "kang, ka pameran enjing we nya?". Atuh kontan ku kuring diwaler, di heu-euhkeun we, pedah kuring oge keur rada hoream.Karaos patuangan tos nagih hoyong dieusian, atuh lengkah teh mengkol heula ka "warung sunda" nu aya di jalan Kantor Batu. Hanjakal anjog ka dinya teh tos rada corencang kadaharanana. Sayur aseum, sayur lodeh, oge sayur kacang tos ledis kantun wadahna wungkul. Tukang warungna tos ngitung meureun, ieu mah poe pere, pastina oge moal sarame biasana, jadi jijieunana ngan saeutik. Atuh kuring ge ngan kabagean goreng bayah haseum-manis jeung goreng hurang wungkul.Rengse neda, lalampahan teh dituluykeun ka arah jalan Merdeka, bade ka warnet hoyong nganjang ka bakus. Tapi pas ngalangkung payuneun Taman Topi, aya tukang madu urang baduy keur mangkal di dinya. Kaleresan madu nu di rorompok tos seep, oge kuring mah rada matuh ari meser madu teh ka urang baduy, lain nanaon, resep we ku cara nyariosna."Baraha madu teh?", kuring nanya ka tukang madu. "Dua puluh rebu", ceuk manehna. "Geuning mahal, biasana ge sapuluh rebu", tembal kuring."Ti ditu na ge can meunang","Ti ditu timana?", kuring ngadeseh."Ti babaturan, pan nu ngala maduna oge babaturan", ceuk urang baduy bari ngajelaskeun. Sajongjonan kuring merhatikeun eta madu nu aya dijero botol, asa rada encer, henteu kentel."Geuning encer ieu mah, dicampur nyah?", ceuk kuring tatanya deui."Madu mah kumaha kembangna, lamun kembangna ngora jadina maduna encer, lamun kembangna kolot mah, maduna ge kentel bae", waler anjeunna rada panjang. Kuring ngagerentes jero hate, pinter geuning nembalanna baduy nu ieu mah."Encer ge nu penting mah mangpaatna", ceuk manehna nambahan. Atuh sontak kuring nyerengeh seuri, tetela manehna jalma nu cerdas.Obrolan ku kuring dialihkeun heula ka hal anu lian."Ari dia urang mana?" kuring tatanya deui."Kami mah urang Cisadane".Kaleresan kuring terang yen di caket desa Kanekes memang aya walungan nu ngaranna Cisadane, kira-kira beh kidul-wetan ti kanekes."Geuning di ditu aya Cisadane, Cisadane mah di dieu, di kami. Tuh di jembatan", ceuk kuring bari nunjuk ka jembatan merah."Di ditu mah Cisadane caina leutik, di dieu mah gede", manehna ngajawab."Pan di kami aya Cikeusik, sarua di deukeut Malingping ge aya Cikeusik", manehna nyoba ngabandingkeun ngaran tempat nu sejen, kuring mah ngan mesem deui."Ari di ditu naon wae nu didagangkeun?"."Loba"."Naon wae? Kaneron aya?"."Kami mah teu nyieun kaneron, kami mah nyieun koja," ceuk manehna."Nu kumaha koja teh?"."Nu kieu yeuh", sabari manehna nembongkeun tasna nu kelirna kayas jeung biru."Bahanna tina naon?", tanya kuring deui."Wul, benang wul", jawab manehna. Halah siah, hebat euy, urang baduy ayeuna mah tos wanoh jeung benang wol sagala."Ari lawon boga teu?"."Lawon naon?"."Lawon, meunang ninun?", ceuk kuring."Samping? Boga kami samping mah", ceuk manehna."Memang di ditu loba keneh nu ninun?"."Loba"."Sabaraha hargana samping teh?"."Aya nu lima puluh rebu, aya nu tujuh puluh rebu, kumaha sampingna bae"."Geuning mahal?", tembal kuring."Atuh mahal, pan benangna ge meunang meuli ti kota".Saleresna mah panjang keneh gunemcatur jeung urang baduy tukang madu teh, nepi aya kana tilu parapat jam na, malih lami-lami mah babaraha urang ngiring ngabandungan sabari mesem-mesem wungkul.Panginten tukang madu teh tos rada kesel (keuheul oge meureun), da ditatanya wae, ahirna manehna nyarios kieu : "Sok atuh geura beuli maduna"."Sapuluh rebu we nya?", ceuk kuring rada keukeuh."Ulah atuh, dua botol tah tilu puluh rebu, can meunang duit yeuh ti tatadi", ceuk manehna deui."Ah sabotol we, gampang engke meuli deui", ceuk kuring bari ngaluarkeun artos dua puluh rebuan.Ari kodehel teh manehna ngakuarkeun artos dina pesakna, aya sapuluh rebuan hiji jeung opat lembar rebuan. Nu opat rebu dipasihkeun ka kuring keur mulangan. Bari nganuhunkeun, kuring ngagerentes, ceunah bieu can meunang duit, kari-kari dina pesakna geus metet.Ah, kiwari mah urang baduy ge geus pinter ngawadul.(meureun)Cag,hendra Ring'em or ping'em. Make PC-to-phone calls as low as 1¢/min with Yahoo! Messenger with Voice. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is
Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Fwd: Negara, Agama dan KTP
Haturnuhun Bah komentarna. Ari sepuh mah kitu, komentarna meni "komprehensip" alias jeroku kuringteu ka sawang nepi ka beulah dinya mah.kh Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote: Komentar kuring kang? ..hehehee ieu mah soal "dagang" kang. Sigana Majalah Playboy edisi Indonesia ditujukeun ka kalangan lalaki nu geus kadidik, kaayaan ekonomina geus mampan (beunghar lah), orientasina saeutik liberal (rada kabarat-baratan) tapi oge boga karesep kana seni, sosial budaya jeung politik, umumna independen, teu kaiket ku tradisi, jadi meureun nu disebut golongan menengah tea. Kuring mah teu meser PLayboy Edisi Indonesia, kahijina mah mahal, kaduana asa era ku pun anak di rorompok mamawa majalah nu geus dipresepsikeun goreng ku masyarakat. Tapi baheula kungsi maca Playboy versi aslina aya nu mere (kuring acan kantos nganjang ka nagara-nagara nu bebas dina soal nu sex). Salian ti gambar bulucun, eusi Playboy teh aya artikel wawancara jeung Walid Jumlat, tokoh Lebanon ti sekte Druze. Eusina lain kahirupan seks Walid Jumlat, tapi soal politik di Lebanon jeung politik Internasional. Tapi duka nomer2 nu sanesna mah da teu kantos maca deui.Jadi, teu aneh, lamun Playboy Edisi Indonesia oge, eusi artikelna beda jeung gambarna. Tapi memang Playboy tetep we "image"na mah majalah porno, sanajan artikelna aralus oge. Da hayang maca artikel nu harade mah, teu kudu meser majalah Playboy...maca we Majalah sanes, saperti Tempo, Gatra jrrrd nu eusina oge munel (langkung).Baktos,WALUYA Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1/min. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Fwd: Negara, Agama dan KTP
Geuning dina pleyboi aya nu kieu sagala, naon maksudna nya? Bah Willi, komentar abah kumaha? khkumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Anu ti majalah Pleyboy tea nya, Bah? Heuheu...jk On 4/17/06, Waluya [EMAIL PROTECTED] wrote: Ieu aya artikel tina website http//www.pantau.or.id nu nyarioskeun salahsaurang baraya urang Kang Engkus Ruswana nu sok sering nyerat dina milliskisunda(member kisunda), oge Mei Kartawinata sareng "Agama" Buhun. Artikelna nyanggakeun :Negara, Agama dan KTP *)Oleh Agus Sopian Love cheap thrills? Enjoy PC-to-Phone calls to 30+ countries for just 2¢/min with Yahoo! Messenger with Voice. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] NGABUNGBANG?
NGABUNGBANG?Nembe babaraha dinten kamari wanoh kana kecap ngabungbang teh, pedah we aya rerencangan nu nyebat-nyebat ieu kecap. Saurna ari dina sasih mulud mah seueur jalma nu ngabungbang, sabari anjeuna oge teu uningaeun naon maksad jeung tujuan nu baris dihontal ku milampah ngabungbang ieu.Ngaraos panasaran, saanjogna ka rorompok, kuring geuwat muka kamus (LBBS 92) --ieu kamus ge kenging nambut ti ki Coyan, bubuhan acan meser, pedah kantos ku Uwa Sas diwartosan yen kamus LBBS nu enggal baris medal teu lami deui, langkung munel tur kumplit.Hartosna ngabungbang ceuk kamus teh kieu : nyaring sapeupeuting di luareun wawangunan, biasana di tempat anu dianggap aya karamatna dina malem tanggal 14 mulud. Beu singhoreng ngabungbang teh acara ritual taunan atuh ari kitu mah. Tapi naha dilakukeunana dina sasih mulud? Tanggal 14? Wengi-wengi deuih? Teras tempat karamat saha nu dijugjugna? Jeung rea deui patarosan nu aya dina uteuk teh.Enjingna kuring nepangan Mang Katma (50 taun), hiji jawara pasagi di tutugan gunung Salak, Ciapus. Kunaon atuh nu ditepangan teh Mang Katma? Ah ieu mah aya "feeling" we. Raraosan mah anjeuna bakal tiasa ngawaler naon eta ngabungbang teh."Biasana ngabungbang sok dikawitan ku puasa tujuh poe, terus pas malem tanggal 14 mulud kudu mandi di tujuh pangaduan dua walungan (muhara), dituluykeun jarah ka makam guru-guru nu ageung jasana ka urang, dipungkas ku jikir jeung ngamalkeun sagala jampe pamake nu tos dialap", Mang Katma cumarita meni jentre. Anjeuna oge kantos ngalakonan ngabungbang tujuh taun noron ti taun 73 dugi ka taun 80 nalika masih guguru penca. "Lamun di Cimande, peutingan tanggal 14 teh, loba pisan jelema nu jarah ka makam Abah Khaer", Mang Katma nambihan.Kaleresan di dinya oge aya Ki Dalang (36 taun). Numutkeun Ki Dalang mah ngabungbang teh ngadu'a jeung jikir sangkan pamaksadan tiasa dikabulkeun, dibarengan ku mandi di tujuh pancuran. "Ari mulud pan kalahiran Rosul, ari lahir teh nunjukeun kana suci, beresih. Ari du'a jeung jikir maksadna ngaberesihkeun rohani, jiwa. Sedengkeun mandi ngabeberesih fisik, jasad urang", Ki Dalang ngajelaskeun.Sajongjonan mah kuring ngahuleng, mun kieu mah, ngabungbang teh tos jadi tradisi nu dilakonan unggal taun. Tapi saha nu ngamimitianana? Di wewengkon mana wae nu ngayakeun ritual kieu teh? Sapintas mah nu dilakukeun teh ritual islam, tapi raraosan aya oge pangaruh ti luar islam, pangaruh ti mana nya?Saur Uwa Rahmat (63 taun), hiji menak kulon nu masih nyandang gelar tubagus, kapungkur nalika taun 1955 di wewengkon Panyaungan, nalika anjeuna masih di SR (sanes juragan keom ieu mah...), kantos aya acara ngabungbang teh, dipingpin ku kiai di dinya, jarah ka makam karuhun dina wengian tanggal 14 mulud. Tapi kadieunakeun tos teu aya, teu aya nu nuluykeun.Di Cimahi, Bandung oge aya tradisi ngabungbang teh, malih mah meh sadayana warga lembur ngiring abring-abringan jarah ka makam-makam di eta wewengkon sabari mandi di tujuh sumur, kitu ceuk Mamah Seli (40 taun) nu mangsa masih lelengohan mah tara absen di acara ngabungbang ieu.Ari caritanaMang Engkus (51 taun), penyuluh pertanian nu asalna ti Ciamis, di Ciamis ogekapungkur mah tradisi kieu teh aya. Ngan di dieu mah nu ngiring teh barudak ngora alias wanoja jeung jajaka wungkul, sabari milarian jodo. Ari mandina ka sisi laut, bubuhan caket ka laut. ** * Saptu kamari katatamuan ku Kang Ray Bahtiar sarimbit saparakanca,anjeuna teh hiji fotografer profesional nu ngagaduhan Ray Bahtiar Studio, ayeuna nuju mancen tugas ti Dirjen Kabudayaan pikeun ngadokumentasikeun seni Ronggeng Gunung nu aya di Ciamis. Ieu teh hiji "pilot project", sangkan ka payunna di tiap kabupaten sa-Indonesia ngagaduhan dokumentasi kasenian utamina seni nu tos kritis, nu tos jarang dipintonkeun deui.Sabari ngobrol, Kang muterkeun pilem ngenaan upacara ngalaksa di Ranca Kalong Sumedang. Pilem nu durasina 30 menit ieu, henteu wungkul nyaritakeunruntuyan acarana tapi oge nampilkeun filosofi tina ieu ritual. Panyajian pilemna nu apik tur sae, ditunjang ku jalan carita, naskah, ilustrasi musik, animasi, editing jeung isu sentral nu diangkat, nyaeta ngenaan taneuh (bumi), ngajadikeun ieu pilem dokumenter teh kenging babaraha panghargaan ti luar negri. Saur Kang Ray, nyandak gambarna oge aya nu nganggo helicam, kamera nu dibawa ku helikopter. (Jiga iklan RCTI oke nu dipasawahan, nu ditengahna aya saung jeung jalmi nu keur calik tea...). Pikeun ngagarap naskahna Kang Ray ngaleng salah sahiji gegedug kusnet, nyaeta Kang Maman Gantra..(Kamana wae Kang MGT? kumaha damang?). Tetela ari kieu mah, ngadamel pilem dokumenter nu sae teh teu tiasa sagawayah geuning.Kasawang ku kuring upami acara ngabungbang ieu didokumentasikeun. Tradisi nu dilakukeun ku meh sakuliah tatar sunda (duka di jawa, aya teu?), panginten hasilna bakal "seru". Kabayang aya bulan keur purnama, cahaya obor di pilemburan, iring-iringan nu bade jarah, makam karamat, jalan satapak, ritual mandi, sumur
[Urang Sunda] Kuncen Kabuyutan 2 : Bale Pamujan
Bale PamujanSalah sahiji wangunan titinggal karuhun nu pangreana di sakuliah tatar sunda tur tiasa kasampak ku urang dugi ka ayeuna nyaeta wangunan punden (berundak). Kusabab kecap punden mah asalna tina basa jawa, ku kuring disundakeun jadi "bale pamujan", bubuhan baheulana ieu kabuyutan teh dijadikeun tempat pamujaan ku para karuhun.Bale pamujan mangrupa wangunan nu disusun ku batu-batu jeung taneuh nu dibere bentuk kawas undak-undakan (hambalan) pasagi. Biasana di undakan pangluhurna sok aya batu menhir--tugu batu nu nangtungtur panjangna ti 40 cm dugi kadua meter, batu congklak (dakon) atawa batu tahta, oge sok dibalay ku batu-batu nemprak. Bale pamujan ieu ayana di tempay-tempat anu luhur, saperti di luhur pasir (bukit) atawa di mumunggang gunung. Numutkeun ahli arkeolohi, bale pamujan dipidamel ku para karuhun dina mangsa 2500 taun nu katukang, jauh samemeh ayana budaya hindu jeung budha.Tempatna nu jarang kasorang ku jalma rea ngajadikeun ieu bale pamujan teh masih seueur keneh nu weuteuh, tapi sagedengeun eta, aya hal anu penting lianna nu ngajadikeun ieu kabuyutan teu kaganggu, nyaeta aya nu ngajagana alias aya kuncen nu matuh di tempat ieu.Ilaharna mah nu jadi kuncen kabuyutan ieu sanes jalma samanea, anjeuna ngagaduhan pangaweruh jeung kaistimewaan tur dipihormat ku masarakat di eta lembur. Nu sok jadi kuncen teh biasana masih turunan langsung ti kuncen samemehna, jadi posisi kuncen teh sok dicepeng sacara turun-tumurun di hiji kulawarga. Memang, kadangkala aya oge paganti kuncen nu sanes ti lingkungan kulawargana nyalira, hal ieu tiasa kajantenan kumargi putra-putri eta ki kuncen dianggap teu mampuh pikeun mancen tugas kakuncenan.Seuseueurna, kuncen kabuyutan bale pamujan ieu, nyaeta kuncen "swakarsa" nu teu acan kacatet ku dinas purbakala (pamarentah), kitu oge situs bale pamujanna, rea keneh pisan nu can katalungtik boh ku ahli sajarah, oge ku ahli arkeolohi. Hal ieu di hiji sisi, sok ngahesekeun pikeun ngajujut sajarahna ieu titinggal karuhun, tapi di sisi nu sanes, eta kabuyutan teh tiasa kapirosea kumargi ku masarakat di sabudeureunana sok dipupusti tur dikaramatkeun. Aya benten anu nyata antawis kuncen "negri" jeung kuncen "swakarsa" dina hal pangaweruhna kana bale pamujan ieu. Kuncen kabuyutan "negri", kumargi kantos diwurukan atawa ditatar perkawis budaya jeung kapurbakalaan, biasana tos uningaeun kana nu namina punden, batu menhir, batu dakon, oge arca menhir, jste. Ari kuncen kabuyutan "swakarsa" mah lebeng we kana istilah nu siga kitu teh. Anjeuna terangna nu bentuk siga bale pamujan teh nyaeta makam karuhun. Karuhun nu ngagaduhan kasakten atawa elmu anu luhung. Contona, bale pamujan di Pangguyangan Sukabumi kawentarna ku aran makam Ki Genter Bumi, nu ceuk cenah mah masih aya katurunan ti Sunan Gunung Jati (tingali oge http://www.kompas.com/kompas-cetak/0508/23/humaniora/1995622.htm). Sedengkeun bale pamujan nu aya di Pasir Karamat Bogor katelahna ku aran makam Eyang Raksa Bumi, kitu oge bale pamujan nu di Pasir Kaca kenging jujuluk makam embah Perenggong Jaya. jeung rea deui conto nu sanesna.Disokong ku ayana tradisi carita lisan sacara turun-tumurun ngenaan kasakten, daya linuwih, elmu pangaweruh --kalebet oge elmu agamana-- karuhun di eta tempat, antukna bale pamujan atawa "makam-makam" ieu tetep dikaramatkeun dugi ka ayeuna. Komo dina sasih mulud siga ayeuna mah, mani seueur nu jiarah ka bale pamujan teh.Cag,hendra New Yahoo! Messenger with Voice. Call regular phones from your PC and save big. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] Kuncen Kabuyutan
Kuncen Kabuyutan Kapungkur kantos nampi wawar ti Mang Oman pakait ayana "panataran" kuncen kabuyutan di wewengkon Kawali nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jabar. Mugia wae ka payunna para kuncen ieu tiasa langkung uninga kana naon anu jadi pancenna.Saleresna kuncen kabuyutan teh aya dua macem, nu kahiji, kuncen kabuyutan "negri", nyaeta kuncen nu tos diangkat resmi jadi pagawe ku pamarentah (daerah) sanajan statusna mung saukur pagawe kontrak nu lamina sataun namung tiasa diperpanjang unggal taun salami masih dibutuhkeun tur si kuncenna masih mampuh digawe. Nu kadua, kuncen kabuyutan "swasta" atawa "swakarsa", nu ieu mah tong boroning diangkat jadi pagawe resmi ku pamarentah, da kadata atawa kacatet ge henteu-henteu acan. Panginten Ma Iyem, kuncen kabuyutan nu ti Ciamisnu minggon kamari profil-na dialungkeun ka ieu milis kalebet ka nu kahiji.Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan, pakait kana panghasilan/upah/buruh/ gajih atawa salary kuncen kabuyutan "negri" ieu. Sakaterang kuring gajih kuncen kabuyutan di kabupaten Bogor mung saukur 125 rebu perak per sasih. Kitu oge ditampina disakaliguskeun (dirapel) tilu sasih sakali sabari sokdikeureut heula ku dununganana.Upami diemutan panghasilan nu sakitu alitna di jaman kiwari ieu --rek sami sareng dana BLT pikeun rahayat miskin-- kedah tiasa nyekapan kana pangabutuh sadidintena. Asana teu sabanding jeung papancen nu jadi tanggelwalerna.Padahal gogoda nu tumiba ka para kuncen teh sanes dikieuna,utamana ti para calo jeung kolektor barang antik (kalebet barang cagar budaya/kabuyutan) nu teras-terasan moro barang-barang titinggal karuhun. Kumaha upami kuncen serab kana tawisan (rayuan) ti calo/kolektor nu mikahoyong barang pusakana. Tangtos lami-lami ieu kabuyutan bakal musna.Urang paninten alim kajadian sirna-na kabuyutan Arca Domas Cikopo Gunung Pangrango tumiba deui ka kabuyutan nu lian. Padahal dina abad XIX dugi ka awal abad XX situs Arca Domas Cikopo sering pisan dilaporkeun ku pajabat Walanda oge ku panalungtikna (Brumujn, 1833).Dina taun 1960-an eta kabuyutan Arca Domas teh masih keneh sering dijugjug ku rombongan ti sakola-sakola SD, tapi dina taun 1970-an ieu titinggal karuhun teh tos ancur. Salah sahijina kusabab arca-na diparalingan pikeun dijualbeulikeun, oge teu ayana kuncen nu matuh di ieu tempat.Tapi di kabuyutan nu sanes, saperti di Gunung Cibodas Ciampea, Genep arca tiasa dialihkeun ka musieum, mung hiji arca anu raib (ical).Wangsul deui ka tugas kuncen,kuring wanoh ka Bah Ending, kuncen "negri" di kabuyutan Arca Domas Cibalay (situs megalitikum kawas situs Gunung Padang Cianjur).Di kabuyutan ieu aya tilu lokasi situs anu jarakna kirang langkung opat kilometer ti hiji tempat ka tempat lianna. Di situs utama, legana teu kirang ti sa-hektar. Medan (topografi) di tempat ieu nyaeta jalan gunung, bubuhan lokasina aya di mumunggang Gunung Salak. Tah,Bah Ending ieu kedah ngontrol kabuyutan unggal dinten, ti enjing dugi ka sonten. Teu jarang Bah Ending mondok di kabuyutanna batan mulih ka lemburna nu lumayan tebih ti dinya.Padamelan anu sakitu abotna, ari prak teh diburuhan ngan ukur 125 rebu perak. Ah asa kacida.!Cag, hendraurangbogornusokaprakaprakankakabuyutan Talk is cheap. Use Yahoo! Messenger to make PC-to-Phone calls. Great rates starting at 1/min. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY
Ieu mah seja ngemutan deui. Ka nu bade ngiringan Diskusi Simpay di FIB - UI, riungan teh bade lumangsung dina : Dinten : Kemis Ping: 23 Maret 2006 Jejer: Jaman Revolusi di Cianjur Nu Ngaguar : Prof. Dr. Sunarjati Djajanegara (Uwa Ati) Tempat: Lobby Pengajar Gedung III Ruang 3106 FIB - UI Depok Tabuh : 13.00 (hiji siang) dugi ka rengse Mangga ka nu mikaresep kana sajarah oge budaya sunda umumna diantos kasumpinganana. Haturnuhun. Baktos, hendra - Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses! [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] imah antik sunda deui
kang mh, tiasa dikintun gambarna via japri we, kaleresan nuju peryogi ieu teh. Haturnuhun sateuacanna. Ieu mah saleresna rusiah keneh, kuring saparakanca bade ngadamel kampung sunda di bogor. Ayeuna nuju ngempelkeun foto-fotona boh imah, leuit, oge balandonganana. Nu tos aya teh gambar imah jeung leuit urang kampung naga, banten kidul katut urang Baduy. Saur hiji rerencangan ge ari imah sunda mah teu beda jauh jeung imah urang batak, da masih sarumpun, bangsa austronesia. Malihmah babaraha kecap tina basa-na oge rada sarua, upamana : tilu = tolu, opat = opat, lisung = losung, turiang = turiang hendra turiang = pare sesa nu tumuwuh saparantos panen, numutkeun sanghyang siksa kanda ng karesyan mah, raja sunda teh tuang na pare turiang ieu mh [EMAIL PROTECTED] wrote: Kuring kungsi ulin ka Toba, di dinya aya wangunan karaton raja Batak. Nu katoong di Toba, memang jiga kitu, nu disebut karaton teh, keur ukuran ayeuna mah bisa disebut, jiga kandang japati. Kitu deui, waktu kuring nitah budak Malaya nyieun dokumentasi karataon Nagri Salapan, wangunan karaton teh teu jauh beda jiga nu aya di Toba. Bahan wangunan estu migunakeun bahan awi jeung kai, hateupna make injuk. Upama arek ngabandingkeun jeung imah antik Sunda, kuring aya gambarna. (mh) - Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] nyuhunkeun tulung---- Kg Agus
Haturan Kang Agus Ieu aya resep kenging nyutat ti buku herbal: Bahan-bahan Endog hayam kampung...sahiji (sabutir...naon BSna?) Minyak samin..3 sendok dahar Madu..3 sendok dahar Cai panas.sapereluna Cara ngaramuna Endog dipeupeuskeun, dicandak kokonengna wungkul. Koneng endog dicampur jeung minyak samin oge madu, dikocek/diadukeun nepi ka dalit/rata. Ditambah cai panas nepi ka jadi sagelas, dikocek/diadukeun nepi ka rata. Dileueut 1 x 1 gelas unggal dinten. Mudah-mudahan aya mangpaatna. Haturnuhun. hendra --- Nila Erma Agustini [EMAIL PROTECTED] wrote: Wilujeng enjing Kang Agus, bade ngiringan nambihan manawi kaango ieu mah saur sepuh landongna : jahe alit (sanes jahe gajah) direndos teras campur taneuh porang, teras dibalurkeun tiap ennjing sareng sonten saatos ibak hatur nuhun, pun emme Agus Kurniawan (PAKUSARAKAN) hp 08128377662 PT. Smarthub Technologies Gedung raudha Lt 1 Blok A - 1 Jl. Terusan Hr Rasuna Said No. 21 tlp 021 5279909 fax 021 5279908 Jakarta Selatan Http://www.smarthubtech.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Urang Sunda] Mang Ayat, Naskah Wangsakerta jeung Prabu Siliwangi
Mang Ayat, Naskah Wangsakerta jeung Prabu Siliwangi Sakumaha nu tos ka uninga, Mang Ayat tos ngantunkeun urang sarerea, hiji deui inohong sunda nu kawentar pinunjul elmu pangaweruhna boh diwidang sajarah-purbakala, oge diwidang bahasa tos mulang ka Rahmatullah dina dinten saptu ping 18 Pebruari 2006. Sababaraha kali kungsi patepang sareng Mang Ayat teh, tapi beh dieunakeun seringna pendak di acara diskusi simpay FIB - UI. Katawis pisan Mang Ayat mah jalmina basajan, oge daek campur gaul jeung jalmi ti kalangan mana wae. Matakna teu aneh, nalika anjeuna pupus, meni euyeub jalmi silih tatanya-silih wartosan ngalangkungan es-em-es, kusabab hoyong kenging iber nu sajentrena. Benten sareng kaayaan sadidintenna anu basajan, buah pipikiran Mang Ayat mah teu tiasa disapirakeun kitu wae. Tos seueur pisan buah pikir dosen UI nu dilahirkeun di Majalengka ping 5 Desember 1939 ieu didokumentasikeun dina rupa-rupa buku, makalah, seratan di media citak, jste. Naskah Wangsakerta Salah sahiji jasa Mang Ayat nyaeta nu munggaran ngembarkeun ayana Naskah Wangsakerta --kumpulan naskah nu disusun ku Pangeran Wangsakerta nu munel ku data sajarah nusantara ti kawit jaman purba dugi ka abad 17-- dina makalah nu jejerna Pustaka Rajya-rajya i Bhumi Nusantara nu disanggakeun dina Riungan Ilmiah Arkeologi III di Ciloto Mei 1983. Oge sareng panalungtik Naskah Wangsakerta nu sanes, sapertos Ki Saleh Danasasmita, Ki Atja saparakanca, rada matuh nyerat sareng ngembarkeun eusi ieu naskah dina media citak di taun 80-an, nu teu sakedik kenging perhatosan oge sikep teu panuju ti para ahli sajarah nu lian. Tangtos wae kajantenan ayana padungdengan nu heboh tur kapapanjangan antawis dua pihak. Hiji pihak, Mang Ayat saparakanca nu mikareueus tur miharep ieu naskah tiasa ngagaduhan sumbangsihna pikeun ngalengkepan sajarah sunda oge sajarah Indonesia umumna. Di pihak nu lian, para ahli nu nyangkal kana eusi ieu naskah oge nyabit-nyabit yen ieu naskah teh palsu tur teu tiasa dipercanten. Malih mah Mang Ayat teh kungsi dituduh nu nulis eta naskah-naskah ku sabagian para ahli, tapi memang nu ahirna tuduhan ieu henteu ngabukti saeutik-eutik acan. Sanajan teu aya kecap sapagodos ti para ahli sajarah-purbakala, tapi pikeun urang mah nu awam kana sajarah, Naskah Pangeran Wangsakerta teh tiasa jadi hiji cecekelan pikeun neuleuman oge nitenan sajarah urang utamana sajarah sunda sangkan teu poekeun teuing. Prabu Siliwangi Seuseueurna para ahli sajarah sunda ngagaduhan kayakinan yen Prabu Siliwangi teh sami sareng Sri Baduga Maharaja nu jadi raja di Pakuan Pajajaran taun 1482 - 1521 Masehi. Ari Mang Ayat mah ngagaduhan pamadegan anu benten sareng kolehana. Saurna teh Siliwangi mah cocogna ka Prabu Niskala Wastu Kancana (rai na Dyah Pitaloka saur mj mah) nu ngakawasa taun 1371 - 1475 Masehi. Tangtos wae Mang Ayat miboga argumentasi kana hal ieu. Nami Siliwangi disebut pertama kali dina hiji ensiklopedia sunda nu medal taun 1518 Masehi, nu judulna Sanghyang Siksa Kanda ng Karesyan (SSKK). Dina naskah ieu, Siliwangi teh nami hiji carita pantun. Sakumaha ilaharna carita pantun diciptakeun ku pujangga karajaan pikeun ngahormat atawa mieling hiji raja nu tos ngantunkeun. Jadi carita pantun siliwangi ieu henteu cocog ka Sri Baduga anu harita masih hirup keneh. Numutkeun naskah Purwaka Caruban Nagari (PCN) nu disusun ku Pangeran Arya Carbon, Nyai Subang Larang nikah ka Prabu Siliwangi ti Pajajaran dina taun 1422 Masehi, upami naskah ieu leres, tangtos nu jadi Raja Pajajaran harita nyaeta Niskala Wastu Kancana. Dina naskah Pustaka Rajya-rajya I Bhumu Nusantara (PRIBN) nu disusun ku Pangeran Wangsakerta saparakanca, disebutkeun yen Prabu Maharaja nu gugur di Bubat miboga gelar Sang Prabu Maharaja Linggabhuwana nu ngakawasa salami tujuh taun (1350 - 1357 Masehi). Salian ti Dyah Pitaloka nu turut ka Bubat, Sang Prabu ngagaduhan putra nu harita yuswana kakara salapan taun, nyaeta Niskala Wastu Kancana. Tahta karajaan diserahkeun heula ka pamanna, nyaeta Sang Bunisora salami 14 taun (1357 - 1371 Masehi). Saparantos Niskala Wastu Kancana dewasa, anjeuna diwastu jadi raja salami 104 taun (1371 - 1475 Masehi). Kusabab kapahlawanan mertahankeun martabat di Bubat, Prabu Maharaja di kalangan rahayat sunda harita kenging jujuluk Prabu Wangi. Ari Prabu Siliwangi atawa Sili(h)wangi jujuluk pikeun sadayana raja turunan ti Prabu Wangi atawa Prabu Linggabuana nu gugur di Bubat. Dumasar kana babaraha sumber sajarah, tiasa dipastikeun yen tokoh nu pangpayunna tiasa disaluyukeun ka Prabu Siliwangi (PCN) nyaeta Niskala Wastu Kancana (PRIBN). Masa pamarentahanana nu lumangsung salami 104 taun ngajadikeun anjeuna ngagaduhan seueur kasempetan pikeun ngamajukeun nagara. Numutkeun PRIBN kaca 194,.Sakabeh Raja di wilayah Jawa Kulon ngabdi jeung ngamuliakeun Sang Prabu Wastu. Harita teh nagara gemah ripah loh jinawi kusabab rajana miboga watek nu adil. Nyaluyukeun
[Urang Sunda] Kacapi Suling di Acara Panen Pare Bebas Pestisida
Baraya sadaya, Poe tadi nyempetkeun ngajugjug ka wewengkon desa Ciburuy, Cigombong, Bogor. Nu harita keur dilaksanakeun acara panen pare munggaran di kelompok tani Silih Asih, nu dihadiran ku gegeden-gegeden ti Jakarta, diantawisna Menteri Pertanian, Ketua MPR RI oge para pajabat nu lianna. Sihoreng eta kelompok tani teh dibiayaan ku Dompet Duafa koran republika (DDKR)ngalangkungan Lembaga Pertanian Sehat (LPS). DDKR mangnyewakeun taneuh sawah pikeun patani nu teu gaduheun lahan, teras ku LPS, si patani teh ditungtun pikeun melak pare ku sistim tanpa pestisida, tapi masih keneh kenging nganggo gemuk kimiawi --teu acan 100% tatanen organik, tapi memang maksadna mah engkena ka dinya. Ti 40 hektar taneuh sawah nu dikokolakeun ku LPS di kecamatan Cigombong, tiasa nampung 149 patani nu ngagarapna, hiji jumlah nu henteu sakeudik pikeun muka lowongan padamelan di jaman anu memang nuju sesah siga kieu. Disagedengeun eta LPS oge masihan panyuluhan ka patani perkawis tata cara tatanen organik oge pangaruhna hasil-hasil tatanen organik pikeun kasehatan, sanes wungkul pikeun jalmi tapi oge pikeun lingkunganna. Acarana diayakeun di hiji tegalan nu di sabudeureunna upluk-aplak ku pare koneng nu bade dipanen. Di tegalan eta disayagikeun panggung jeung tenda pikeun acara protokoler, teu tebih ti panggung utama aya saung nu dieusi ku para nayaga kacapi suling ti lingkung seni Citra Resmi Cigombong. Sabari ngantosan para gegeden sarumping ka ieu acara, sinden nu sorana halimpu ngahaleangkeun kawih-kawih sunda bari dipirig ku kacapi suling. Sajongjonan mah meni asa waas, sugan we... pajabat teh teu sarumping, pan acarana tiasa robih jadi pentas kacapi suling di tengah sawah. Cag, hendra - Relax. Yahoo! Mail virus scanning helps detect nasty viruses! [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY
Haturan baraya sadaya, Seja ngabewarakeun, reh na diskusi unggal sasih nu sok diayakeun ku SIMPAY ti FIB UI dina sasih Pebruari ieu baris dilaksanakeun : Dinten : Kemis Kaping: 23 Pebruari 2006 Tabuh : 13.00 Jejer : KEPURBAKALAAN DI TATAR SUNDA SELATAN : Tinjauan Terhadap Sisa Beberapa Bangunan Suci Dipidangkeun ku : Dr. Agus Aris Munandar (kandidat Profesor ti Arkeologi UI) Ruang: Gedung V Lt 1, Lab Bahasa (masih rarancang tempatna) Mangga nu mikaresep kana sajarah, purbakala, arkeologi jeung budaya sunda diantos pisan kahadiranana, makalahna oge lumayan kandel aya 29 kaca, mung topik bahasanna ngan sabudereun ciamis, tasik jeung garut wungkul. Iraha deui urang kenging kuliah ngenaan sajarah jeung budaya sunda nu guruna kandidat Profesor, bari jeung haratis deuih baktos, hendra NC punten ka kang yani, dihilian sakedap... - Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, more on new and used cars. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Urang Sunda] Kampung Sindang Barang jeung Seren Taun
Kampung Sindang Barang jeung Seren Taun Kampung Sindang Barang nu ayana di suku gunung Salak, lebet ka desa Pasir Eurih kacamatan Tamansari, salah sahiji lembur nu aya di wewengkon kabupaten Bogor, di behkuloneun tilas ibukota Pakuan Pajajaran (henteu tebih ti padumukan Apih Siddik di Ciapus). Ditingal tina sistim budaya jeung karakteristik warga masarakatna, masih keneh aya rundayan/katurunan ti gegeden-gegeden(bangsawan) Pakuan Pajajaran, nu mangsa Pakuan digempur ku pasukan Banten (oge Cirebon tur Demak) kantos ngungsi ka wilayah Sukabumi Kidul. Aya babaraha rombongan nu marulih deui ka tilas wilayah kampung halaman-na, namung henteu langsung ka kompleks tilas Pakuan. Maranehanana milih nangtungkeun pakampungan di sabudeureun tilas kuta (benteng) Pakuan. Diantarana di lembur Taman dipingpin ku Ki Susul Tunggak, lembur Cibeureum dipingpin ku Ki Ranggah Gading, lembur Pakancilan dipingpin ku Ki Mangparang, oge masih aya babaraha kampung lianna nu ngagaduhan kokolot sabage pamingpinna. Dugi ka kiwari eta lokasi jeung ngaran lembur masih dianggo, malihmah kalah ngalegaan. Saperti nu kapungkurna disebat lembur Taman, ayeuna katelahna Tamansari --ngaran hiji kacamatan enggal hasil tina pamekaran Ciomas-- nu samemehna ka lebet desa Pasir Eurih. Nami para kokolot tadi sanes nami pituin aranjeunna nalika jadi gegeden di Pakuan, namung mangrupi nami enggal nu disaluyukeun jeung posisi oge fungsi anjeunna di tempat nu enggal. Anjeunna nempatkeun dirina salaku masarakat biasa, mung dina sistim budaya kahirupanna masih tetep dina tradisi sunda anu agraris. Sawios warga masarakat kampung Sindang Barang, Cibeureum, Cijulang, Kutabatu, Cisalobak, jrrd, kiwari tos 'pareumeun obor' ka karuhun manehna jaman klasik, namung titinggal pranata budaya karuhunna masih tetp leket (akrab), oge kapalire dina kahirupan sapopoena. Hal ieu ditunjukeun ku masih ayana hiji kagiatan anu sipatna tradisi taunan nu disebut seren taun atawa seren taun sidekah bumi, oge sakapeung sok sidekah bumi wungkul, nu kagiatanna henteu dipuseurkeun di hiji tempat, tapina dilakukeun di masing-masing kelompok/wewengkon saperti di daerah Cisalobak, Cijulang, Giri Jaya, jrrd. Nilik kana istilahna jeung pasipatan kagiatanana anu taunan, seren taun (sidekah bumi) nu masih dipilampah ku babaraha wewengkon ieu, masih ngagaduhan benang beureumna jeung upacara seren taun nu memang tos aya di jaman Karajaan Pajajaran. Namung sajalan jeung parobihan jaman, boh istilah, sipat kagiatan, oge sistim nileyna tos seueur parobihanana. Dumasar kana hal ieu, oge pakait sareng kasadaran budaya warga masarakatna, upacara taunan ieu diupayakeun ditata deui dina kagiatan warga masarakat nu langkung ageung. Sawios nganggo konsep gelaran kiwari tapi filosofi-jiwana masih ngarujuk ka upacara seren taun, sakumaha nu ayeuna masih keneh eksis di babaraha warga masarakat katurunan Sunda Pajajaran lianna, nu gaduh predikat masarakat adat. Sabari miharep ngawujudna deui tradisi budaya sunda nu balukarna tiasa ningkatkeun karaharjaan hirup lahir batin pikeun wargana. Cag, Baktos, hendra NC bilih teu acan maos reportase ti media ngenaan seren taun sindang barang, mangga tiasa ditingali di: http://www.kompas.co.id/kompas-cetak/0602/06/metro/2416090.htm http://www.pikiran-rakyat.co.id/cetak/2006/022006/06/0301.htm - What are the most popular cars? Find out at Yahoo! Autos [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY
Di Fakultas Ilmu Budaya (FIB) UI Depok, gedung V lantey hiji lab. Bahasa Sofian M Asgart [EMAIL PROTECTED] wrote: Nuhun informasina. Tempatna dimana Kang Hendara ? hangjuang bodas [EMAIL PROTECTED] wrote: Haturan baraya sadaya, Seja ngabewarakeun, reh na diskusi unggal sasih nu sok diayakeun ku SIMPAY ti FIB UI dina sasih Pebruari ieu baris dilaksanakeun : Dinten : Kemis Kaping: 23 Pebruari 2006 Tabuh : 13.00 Jejer : KEPURBAKALAAN DI TATAR SUNDA SELATAN : Tinjauan Terhadap Sisa Beberapa Bangunan Suci Dipidangkeun ku : Dr. Agus Aris Munandar (kandidat Profesor ti Arkeologi UI) Ruang: Gedung V Lt 1, Lab Bahasa (masih rarancang tempatna) Mangga nu mikaresep kana sajarah, purbakala, arkeologi jeung budaya sunda diantos pisan kahadiranana, makalahna oge lumayan kandel aya 29 kaca, mung topik bahasanna ngan sabudereun ciamis, tasik jeung garut wungkul. Iraha deui urang kenging kuliah ngenaan sajarah jeung budaya sunda nu guruna kandidat Profesor, bari jeung haratis deuih baktos, hendra NC punten ka kang yani, dihilian sakedap... - Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, more on new and used cars. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture - YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group urangsunda on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. - - Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture - YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group urangsunda on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. - - Yahoo! Mail Use Photomail to share photos without annoying attachments. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] nambihan nami sunda
Aya... Batu Sriman Sriwacana atawa batu gigilang. Ieu batu tadina aya di Pakuan Pajajaran tempat diwastuna raja-raja Pajajaran. Tapi nalika pasukan Banten ngalurug ka Pakuan, eta batu gigilang teh dicandak ka Surosowan Banten. Maksudna supaya di Pajajaran teu aya deui Raja nu diwastu/dilantik kusabab batu gigilangna tos teu aya di dinya baktos kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Asa kungsi maca hiji katrangan nu nyebutkeun yen raja2 Sunda teh diistrenanana dina luhureun batu, atawa kumaha, pokona mah aya batu dina upacarana. Aya patalina sugan? wastu = batu -- diistrenan isk On 2/15/06, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: hartos asli wastu teh batu, beh dieu janten imah. sabab imah dijieun tina batu. YB Mangunwijaya kungsi nulis buku nu rada wajib dibaca ku msiswa arsitektur, judulna Wastucitra. pihartoseunana, kira2 citra imah/wangunan. diwastu, enya diistrenan, dilantik, dibenum, dijadikeun tutunggul/inohong. ieu harti tambahan. - Brings words and photos together (easily) with PhotoMail - it's free and works with Yahoo! Mail. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] Sajarah Sunda
Haturan kang Reddy, Mangga tiasa ditingali di http://pasundan.homestead.com/files/sejarah/sejarahframe.htm nuhun Reddy Aprianto [EMAIL PROTECTED] wrote: Punten ka sadayana Sugan aya nu gaduh catetan tentang sejarah Sunda, cing abdi nyuhunkeun. Isin abdi mah, disebat urang Sunda tapi teu apal-apal acan kana sajarah Sunda... Sareng deui naha nya palajaran sajarah Sunda ampir teu diajarkeun disakola??? Kuring kungsi sapesawat jeung urang India nu asalna ti Chennai. Harita teh basa inditkeun ka Austria. Dina pesawat teh ngobrol lumayan uplek,.. Manehna nyaritakeun tentang sejarah India meni detil... Ti mimiti aya kota kuno Mohenjo Daro jeung Harappa nepika New Delhi kiwari, Ti mimiti Ramayana nepika Mahabarata Ti mimiti Hindu nepika Islam.. terus oge manehna bisa nyaritakeun Nehru.. Kuring oge nyaritakeun sajarah Indonesia ka manehna, ti mimiti Phitecanthropus erectus, Majapahit, Hindia Belanda nepika kiwari... Terus oge kuring nyaritakeun Soekarno. Alhamdulillah kuring bisa nyaritakeun ari sajarah Indonesia mah, da kuring meunang pelajaran Sejarah ti SD nepika SMA. Kadieunakeun, kuring akhirna mikir... Kuring teh urang Sunda (tapi tetep WNI), tapi naha kuring teu nyaho pisan kana sejarah Sunda kuring teu apal, cikal bakalna urang Sunda... Kuring teu apal Tarumanagara teh persisna dimana, Galuh teh dimana, pang parahna meureun Padjadjaran ge kuring teu apal posisi pastina dimana Kuring ge teu apal saha prabu Siliwangi teh. Mun kuring apal sajarahna Sunda, meureun harita kuring bakal nyaritakeun Tarumanagara nepika Padjadjaran, ti Baduy nepika kampung Naga, jeung deui meureun kuring bakal nyaritakeun Prabu Siliwangi. Saleresna mah seueur keneh anu hoyong ditulis teh, tapi ayeuna mah sakieu wae heula. Punten bilih aya salah kecap regards, Reddy Technical Dept. Ph. +62 31 8964555, ext 2533 [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture - YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group urangsunda on the web. To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service. - - Yahoo! Mail - Helps protect you from nasty viruses. [Non-text portions of this message have been removed] Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
Re: [Urang Sunda] Seren Taun di Bogor : Saha anu bade Ngiring ?????
Bade nambihan,Ka nu bade sumping ka ieu acara teras hoyong mondok ku margi acaranadua dintendua wengi, mangga disadiaan kamar di bumi penduduk, haratis!!. Tapi na kedah konfirmasi heula.Hatur nuhunRuna Inawan [EMAIL PROTECTED] wrote: Ass. Wr. Wb.Kumaha damang baraya ? Asa tos lami tara ujlang ajleng yeuh di bakus teh, maklum lah ngenet haratis mah keiu geuningan he...he...Kanu ngaraos sono ka simkuring , kade teu kenging tari teuing, hahahaha.Nyerat teh bade seja ngabewarakeun perkawis kagiatan seren taun anu dipadukeun sakantenan janten acara KOPDAR di Bogor, nya etang2 amengan lah etang2 refresing. Acara seren taun teh dingawitan ping 4-5 Februari 2005 di daerah Sindang barang, Bogor.Tah saupami diantawis wargi sadayana aya anu bade ngiringan dina acara eta, mangga diantos dinten saptu ping 4 februari 2005. Kanggo lengkepna lokasi acara mangga toong dina : http://www.geocities.com/serentaunsindangbarangAnu bade ngiring mangga tiasa kontak :1. Kang Hendra Wijaya ([EMAIL PROTECTED])/bejaan ulah no HP teh ?2. Kang Yayan Mulyana ([EMAIL PROTECTED])3. Runa Inawan 0818109410 (mung pami tiasa mah nelepon wae, he..he..nuju kritis/diambang kritis pulsana, he...he..)Kanggo kang yayan mangga bantosan pangoordinasikeun bae nya, margina abdi nuju teu aya akases kana internet, janten rada sesah yeuh. Oge wargi KUSnet khususna anu di Bogor diantos pisan nya...Hatur nuhun sakitu wae panginten, diantos anu abde ngiring.Waalaikumsalam Wr. Wb.-- ::ri_1::Hompage : http://inawan.blogspot.com http://inawan.blogs.friendster.comMobile : +62-818-109410www.urang-sunda.or.idwww.su.wikipedia.orgurangsunda@yahoogroups.com[EMAIL PROTECTED]www.urangtasik.multiply.com Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] L I S U N G
LISUNG Hujan girimis leutik ngaririncik nalika kuring dongkap ka ieu kampung, Ka sampak di pendopo aya nu keur latihan. "Tamaha jadi lalaki kudu bisa nyieun halu...," ceuk para nonoman dina hiji jeurangan latihan ngagondang. Sajongjongan mah asa bingung, naonnya hartosna tamaha? Asa kakara mendak eta kecap. Bade naroskeun ka nu aya di dinya asa isin. "Ah ke wae pami wangsul bade dipilari dina kamus," gerentes manah teh.Tos lami pisan teu ningali acara ngagondang teh, duka iraha pangterahirna nongton acara samodel kieu. Sanaos masih dina wangun latihan, tapina tos ngaraos kataji, reugreug tur reueus. Meureun we ieu mah kusabab di Bogor tea, tong boroning kasenian siga ngagondang kieu, atuh kasenian sunda nu 'standar' wae siga degung jeung kacapi suling masih arang langka nu mintonkeun. Sabari rada olohok oge, pas maos kana naskahna, geuningan aya 'adegan' nu nampi es-em-es, nyarios dina ha-pe jste. Ah pokona hebat lah ngagondang di jaman ayeuna mah -- seueur improvisasi.Padahal ngagondang teh hiji wangun kasenian nu tumuwuh ti masarakat nu sok tatanen sakumaha umumna urang sunda, nu dipilampah ku para kawula muda na sarengsena panen pare, biasana jadi tempat (arena) pikeun wawanohan atawa milarian jodo antawis jajaka sareng mojangna.Urang tiasa mendakan ciri nu unik dina pentas ngagondang ieu, nyaeta ayana lisung nu jadi material (parabot) sakaligus kalengkepan anu ngagaduhan posisi nu penting oge sentral dina ieu kasenian. Adegan demi adegan dilakukeun teu jauh atawa di sakuriling ieu lisung.Kiwari jaman tos robih, masarakat nu tadina tatanen tos ngalih kana pakasaban nu sanes. Seueur sawah oge huma nu alih fungsi jadi tatangkalan beton siga pabrik, mal, villa, jste. Hal ieu ditambih ku lebetna tehnologi anyar nu ngajadikeun padamelan langkung praktis pikeun patani (nu nyesa keneh). Ku kituna parabot saperti lisung jeung halu ayeuna tos jadi barang anu langka, malih mah tos dipopohokeun. Meureun seueur murangkalih di jaman kiwari nu teu uninga naon ari lisung teh. Antukna mah seni ngagondang pami dipidangkeun teh sok tara nganggo parabot lisung, da bade kamana atuh milarian lisung na.Tapi, di dieu, di Sindang Barang, sihoreng masih nyampak eta lisung teh, sawios mung hiji-hijina di desa Pasir Eurih ieu. Nu harita dianggo tutunggulan ku opat ibu-ibu ("asana tos pantes pami disebat nini"), nu nganggo raksukan kabaya sareng sinjang nu leuseuh, khas ibu-ibu ti dusun.Halu-halu nu ditutukeun gunta-ganti kana lisung ngaluarkeun sora nu ngawirahma 'ritmis' tur 'magis' nu mawa pipikiran nyawang duka nepi ka alam mana, bari sakapeung diiring ku hujan girimis leutik nu ngaririncik pun hendraNC tamaha = bongan jeurangan = sessi tina session (oleh-oleh ti kang Oman) Tutunggulan + Gondang baris dipintonkeun dina acara Seren Taun Sindang Barang ping 4-5 Pebruari 2006 (www.geocities.com/serentaunsindangbarang) Yahoo! Autos. Looking for a sweet ride? Get pricing, reviews, & more on new and used cars. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] re: Sunda Ageung jeung Sunda Alit
Bade ngiringan ah, sawios rada telat oge. Resep memang ari ngaguar kana sajarah teh, komo deui tatapakanana masih aya keneh dugi ka ayeuna siga ngaran sunda ageung jeung sunda alit dina atlas dunya. Saur kang tantan mah sajarah teh sok ngahudang rasa romantisme...Leres memang, ngaran sunda ageung - sunda alit diwanohkeun ku urang Portugis anu ngulampreng pang payunna di bumi nusantara batan bangsa Eropah nu lian. Tapi nyandingkeun perang bubat jeung Portugis munggaran datang ka nusantara asa ku jauh teuing.Nalika perang bubat (1357), dina pipikiran urang Portugis oge urang Eropah mah, wewengkon ti ngawitan India ka nusantara dugi ka Jepang disebutna teh India we wungkul (sa-india-india-na). Bejana harita di India mah seueur pakayana, atuh urang Eropah meni paheula-heula rek milari eta nagara India.Kusabab jalur wetan - India aya dibeulah wetan-na Eropah - mangsa harita dipikasieuneun pikeun lalayaran lantaran ombakna gede pisan, utamana di daerah Tanjung Harapan (kiduleun Afrika) - seueur kapal tilem di ieu tempat -, ku kituna para palaut Eropah nu miboga kayakinan yen dunya teh buleud, ngajugjug milarian India nganggo jalur kulon. Kakara dina taun 1492(?) nalika Columbus atawa Amerigo vespuci nu ngaliwatan jalur kulon mendakan hiji tempat (dunya anyar alias Amerika) nu ku maranehna disangka India, nepi ka penduduk pribumina disebut Indian dugi ka ayeuna. Padahal India nu sabenerna mah jarakna masih satengah alam dunya ti dinya.Dina ahir abab XV atawa awal abad XVI armada Portugis dugi ka nusantara. Ceuk beja, Portugis nu tos aya di Malaka dina taun 1511 diserang ku Pangeran Sabrang Lor ti Demak, tapi serbuana gagal. Terus taun 1512 Portugis kacaturkeun bentrok jeung Sultan Baabulah di Maluku.Taun 1513 Tome Pires ngabejakeun yen manehna kungsi ka Sunda Kalapa (aos: Palabuhan Kalapa nu dipiboga ku Karajaan Sunda), oge ngalakukeun hubungan dagang jeung regno de cumda nu puseurna aya di dayo (dayeuh).Sri Baduga Maharaja nu harita jadi pangawasa di Karajaan Sunda (Pajajaran) ngirimkeun misi damai (jeung dagang) ka Malaka dina taun 1514 nu dipingpin ku putra mahkotana nyaeta Surawisesa. Malih mah kungsi dua wangsulan misi ka Malaka teh, nu kadua na dina taun 1519.Beja ti Antonio Pigafetta (1522) nu ngadamel kamus Melayu - Italia, ngagambarkeun yen Sunda teh wewengkon anu seueur ngahasilkeun pedes (lada). Padahal ari pedes mah tiasa tumuwuh di sakuliah nusantara.Saur mang Ayat: Camoes, hiji panyair nu ngiring lalayaran kuriling dunya jeung Magelhaes (1522), dina sajakna nyebutkeun yen Sunda mung hiji-hijinaa nagara nu aya di sakuliah nusantara. Harita memang Majapahit tos runtag (1478), gagantina siga Blambangan oge Demak masih kaitung nagara leutik.Hubungan Portugis nu sakitu hadena jeung nagara Sunda, ahirna dipaheutkeun dina hiji prasasti Padrao (1522) nu ayeuna eta prasasti aya di Musium Nasional (tapi tulisanna goreng patut). Matak teu heran upami Portugis masihan "apresiasi" nu sae pikeun Karajaan Sunda, diantawisna ku nelahkeun kapuloan di nusantara ieu ku nami Sunda Ageung jeung Sunda Alit. * * * * *Paguneman ieu nunjukeun kana hiji hal, nyaeta Sunda teh dina mangsa babaraha abad nu kalangkung parantos tiasa nanjeur, oge diaku "eksistensi"-na ku bangsa deungeun. Atuh ayeuna giliran urang salaku seke seler Sunda nu ngagaduhan kawajiban pikeun nanjeurkeun deui Sunda sareng Kasundaan ku pangabisa jeung pangaweruh urang sewang-sewang.US geura hudang euy!!! Cag,hendra mj [EMAIL PROTECTED] wrote: tah, murudul katerangan sejen anu ngeuyeuban.mun palebah perang Bubat teu diasupkeun kana lalakon sasakala Sunda Gede Sunda Leutik -sebut we jamana beh ditu keneh atawa malah perang Bubat teh sabenerna mah teu kungsi kajadian tapi carita direka walanda ('aliran Sunda' kang Ilen)- katerangan ti Bah Willy oge kang Rachmat Rawyani keuna pisan kana logika sasakala.konsep Nusantara majapahit gajah mada carita majapahit gajah mada palapa eta digedeukeun ku urang wetan oge sebrang sangkan nasionalisme -cinta tanah air tea - di urang harurung, bari teu reueus ka walanda-nu ayeuna dianggap ngajajah tea, tarjamahan ti kolonialisasi.mere carita yen baheula memeh walanda datang, di kawasan kepulauan nusantara, geus pernah ieu wewengkon teh ngahiji, nyaeta jaman majapahit cenah. sumpah palapa tea. sangkan urang sebrang ka pilem oge, nya disebut oge jaman sriwijaya.carita kitu sarimbag jeung carita viking di skandinavia. ngan di dinya mah memang raja2 di unggal negeri ayeuna masih katurunan viking kabeh (hehe, aya dina novel Louisiana Louisiana :)politik kolonialisasi di india enya, soal hindia-india tea. nepi ka inggris jeung walanda masing2 boga dua hindia. india asli jeung hindia barat nu inggris, hindia atawa india timur nu walanda (east indies) alias indonesia ayeuna. ngaran resmina mah asana,basa urang na, india timur belanda (Netherlandsche East-Indies kitulah). siga
RE: [Urang Sunda] Peda Beureum ( naha....sok rada ararateul ? )
Rada ilmiah sakeudik ah, sabari nyanyahoan oge...Kunaon sababna si peda sok nyieun ararateul? Ceuk cenah mah si peda teh sakapeung sok ngakandung hiji "zat" anu disebut Histamin. Sakadang histamin ieu mangrupa hiji asam amino (elemen tina Protein) nu teu ilahar pikeunawak urang utamana pikeun 'sistim pencernaan' saperti baham, biwir, letah jst. Kusabab kitu, histamin nu dianggap zat asing ieu diperlakukeun sabage musuh. Nahawak urang nu ngagaduhan 'sistim pertahanan dini' geuwat ngirimkeun pasukan, dina hal ieu anu disebut antibody tea, pikeun ngalumpuhkeun (netralisir) eta "alien". Ayana peperangan ieu karasa kuawak urang mangrupa rasa arateul. Arateulna bisa ngan aya di hiji tempat, bisa oge di babaraha tempat sakaligus, sakapeung mah bisa nepi ka bareuh sagala.Hal ieu mah gumantung kana loba-saeutikna eta sakadang histamin nu ku urang dituang.Upami ararateulna parah, oge seueur barentol laleutik di babaraha tempat bari jeung rarenyeum, wayahna we geura lalandong. Ngaleueut landong anti histamin nyaeta CTM tea (omat sanes TTM ieu mah!)Punten ka Ua DR pami lepat mah mangga panglereskeun.Cag, hendra urangsundanuteubeukikanapedaSubject: Re: [Urang Sunda] Peda Beureum ( nahasok rada ararateul ? )Cobi sateuacan dibeuleum peda beureum teh dibalur heula ku rheumasonatanapi kayu putih...- Soni Abunawas [EMAIL PROTECTED] wrote: Ceu... meni jadi ngiring kabita ngadangu peda beureum dibeuleumupami abdi mah pun biang sok di timmeni raos,sok seep dugi ka hulu-hulu natapiupami teu tiasa masak na sok rada arateul... naha nyaaya nu terangteu...nya. Yahoo! Photos Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Bagea rampah milangkala pabaru Sunda 1942 Caka Sunda
Sanes teu terang, mung kamari mah nuju pakepuk.Nambihan katerangan perkawis Kala Chandra Caka Sunda : Kala Chandra Caka Sunda mangrupa salah sahiji sistim pananggalan taun sunda nu dumasar kana palingsiran bulan, nu diguar deui ku Abah Ali Sastramidjaja. Aturan pananggalan Caka Sunda ieu kaasup aheng, sabab diwangun ku sistim biras (matriks). Hal ieu nembongkeun yen karuhun ki sunda teh rea kabisa jeung rea kanyaho (perceka).Dina Kala Chandra Caka Sunda aya 12 bulan nu ngaranna : Kartika, Margasira, Pasya, Maga, Palguna, Setra, Wesaka, Yesta, Asada, Srawana, Badra jeung Asuji. Sabulan-na bisa aya 29 poe, bisa oge 30 poe, mung dina kala sunda mah sabulan teh dibagi dua bagian, nyaeta bagian caang jeung bagian poek. Bagian caang ngitungna ti bulan tembong saparo maju ka bulan purnama terus nepi ka tembong saparo deui, disebut paro caang atawa suklapaksa, nu lilana 15 poe. Bagian poek nyaeta ti bulan tembong saparo kurang saeutik, maju ka poek bulan terus nepi ka meh saparo deui, disebut paro poek atawa kresnapaksa, nu lilana 14 atawa 15 poe. Cag, baktos, hendraPopeye Suyanto Satjadiguna [EMAIL PROTECTED] wrote:Bagea rampah milangkala pabaru Sunda 1942 Caka Sunda, dinten Radite Pahing, ping 1 Sukla Paksa, sasih Kartika, taun 1942. Yahoo! Photos Got holiday prints? See all the ways to get quality prints in your hands ASAP. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] Agenda Kagiatan Budaya Adat/Tradisi Taun 2006
Haturan baraya sadaya,Teu karaos taun 2005 parantos ngantunkeun urang, kiwari urang aya dina taun 2006. Seueur pisan kagiatan-kagiatan nu parantos dilakonan di taun nu kalangkung, utamina ku masarakat anu masih mikukuh kana adat budaya tradisina. Mung hanjakalna seueur kagiatan-kagiatan eta nu di babaraha wewengkon mah teu 'ka-ekspos' (teu kacaturkeun), sangkan luput tina perhatosan urang sarerea.Kitu oge di awal taun 2006 ieu, parantos aya babaraha wewengkon baris ngayakeun kagiatan adat budaya tradisi-na anu memang tiap taunna oge tos lumangsung di ieu tempat.Anu pangpayunna nyaeta wewengkon Cigugur, Kuningan, baris midangkeun upacara seren taun dina ping 20 - 22 Januari 2006. Dituluykeun ku kampung budaya Sindangbarang, Ciapus, Bogor dina ping 4 - 5 Pebruari 2006. Salajengna kampung budaya Girijaya, Cicurug, Sukabumi dina ping 16 - 17 Pebruari 2006. Di dua wewengkon terakhir ieu oge bade midangkeun upacara seren taun.Dina sasih April 2006, giliran seren taun di Kampung Urug jeung Kampung Malasari, Cigudeg Bogor. Biasana di ieu tempat mung benten sa-dinten dina ngarayakeunana.Kasepuhan Adat Banten Kidul Ciptagelar nu dipupuhuan ku Abah Anom kabagean dina sasih Agustus 2006. Ari di dieu mah, upacara seren taun teh tos kakoncara kamana-mana. Nembe dina sasih September 2006, seren taun bade diayakeun di kasepuhan Citorek.Saleresna mah upacara seren taun teh digelar oge di wewengkon anu lian, sapertos di kasepuhan adat Sirnaresmi, Cisungsang, Cisitu, Ciptamulya jst, namung duka tah iraha baris dilaksanakeunana.Disagedengeun upacara seren taun, oge aya sababaraha upacara adat tradisi nu dilakukeun ku masarakat di wewengkon sanesna, sapertos upacara labuh saji di Pelabuhan Ratu, upacara larung sajen di Ujung Genteng, tradisi kuda kosong di Kota Cianjur, upacara hajat bumi di Batujaya, Karawang, jeung liana deui.Kusabab bewara ieu masih corengcang (teu acan jentre), ka baraya nu uninga kana agenda budaya adat di taun 2006 ieu, boh waktuna oge wewengkonna, mangga tiasa nambihan/ngalengkepan, oge ngoreksi informasi ieu.Sawios seuseueurna tiap wewengkon midangkeun acara anu jejerna sami nyaeta upacara seren taun, namung dina prak-prakanana mah aya bentena antawis hiji kampung sareng kampung nu lian. Tangtosna hal ieu nunjukeun yen kabudayan sunda teh beunghar pisan.Upami acara budaya adat di tatar sunda ieu tiasa dikokolakeun (dikemas) sakumaha kedahna, oge tiasa didamel hiji buku wisata budaya adat tatar sunda - misalna ku Disbudpar Jabar - teras oge dipromosikeun kalawan daria, tinangtos tiasa nambihan kana daya tarik tatar sunda utamina dina widang pariwisata, nu balukarna tiasa teras mikukuh budaya adat titinggal karuhun - nu seueur pisan "kaarifan lokal" na - oge disagedengeun eta tiasa ngaronjatkeun ekonomi masarakat di eta wewengkon.Cag, baktos, pun hendra tukangaprakaprakankakabuyutan Yahoo! Photos Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] SALINGKUH...
Kiwari kecap selingkuh (bahasa Indonesia) sering pisan dicarioskeun ku masarakat umum, namung sakedik nu uninga yen selingkuh teh mangrupa kecap pulungan ti basa sunda, nyaeta 'salingkuh' tea.Hanjakalna kecap salingkuh ku urang sunda nyalira asa teu diaku, buktosna dina kamus umum basa sunda ti Lembaga Basa Sastra Sunda (LBSS) terbitan Tarate Bandung kaluaran taun 1992, teu aya 'entry' kecap salingkuh.Padahal upami urang ningali ka 150-an taun kapengker, boh dina kamus basa sunda - Inggris [A dictionary of the Sunda Language of Java, Jonathan Riggs, 1862 (pami teu lepat mah Ua Sas kagungan ieu buku)] oge dina kamus basa sunda - Walanda (Soendaneesch - Hollandsch Woordenboek, S Coolsma, 1912), gening entry kecap salingkuh aya di dinya. Malihan dina kamus BS - Walanda mah hartina meni panjang pisan.Ti ditu-na mah salingkuh teh ngandung harti hiji pagawean/kagiatan anu disumputkeun (anu alim ka uninga ku nu lian) atawa teu bruk-brak/sumput salindung. Tapi kiwari harti salingkuh teh parantos "termarjinalkeun", mung saukur hiji kecap anu patali jeung ayana jalmi sanes (orang ke tiga) tina hubungan laki-rabi atawa kabogoh anyar tea... Jiga dina lagu ieu:... Setan dalam hati ikut bicara Bagaimana kalau aku SELINGKUH saja Ku punya banyak teman lelaki Sepertinya aku akan bahagia.Lagu nu judulna "Pudar" ieu dipopulerkeun ku neng Rosa, 'sinden' nu ti Sumedang tea. Lagu ieu kakoncara henteu wae di nagara urang tapi kungsi diekspor ka nagara deungeun. Tah nalika neng Rosa nyinden di KL (Koala lumpo) dina raraga "promo tour" album Pudar-na. Ku babaraha urang di ditu ditaroskeun naon hartina "selingkuh", kusabab di Malaya mah teu aya kecap selingkuh. Diwaler ku neng Rosa: selingkuh teh pami hiji kabogoh gaduh deui kabogoh anu lian.. Tah gening kitu... asa sempit pisan hartina.Upami ku urang dititenan deui, saleresna mah masih seueur pisan kecap-kecap basa sunda nu masih sering dianggo ku masarakat tapi teu aya dina kamus, kalebet kecap bahasa Indonesia anu asalna tina kecap basa Sunda...Cag ah,hendra Yahoo! DSL Something to write home about. Just $16.99/mo. or less Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] tepang jeung SIMPAY tea
Tabuh sabaraha? wanci kumaha? haneut moyan? pecat sawed? tangari bolong? wartosan heulanya sa-jam sateuacana, es-em-es lah, ma'lum tos sepuh, sok helove wae.hendra urangbogorkumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Assalaamu'alaikum!Baraya, neraskeun iber ti Kang Rachmat tea ngeunaan pangulem SIMPAY ka Kusnet supados midangkeun kagiatanana, kamari Kang Rachmat ngawartosan deui cenah waktos acarana tos paheut: Saptu ping 21 Januari 2006. Usul ti Kang Rachmat, kumaha upami dina acara ieu teh sakantenan kopdar Kusnet (ngemut yen acarana dinten saptu, lain jam gawe, panginten baraya sanesna tiasa sumping).Sakieu bae iberna, mangga diantos "respon"na...-- sikandar Yahoo! for Good - Make a difference this year. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Penyuluhan Kuncen.......BURUHNA
Kang Oman sareng baraya sadaya, Ngaraos reueus sareng ngarojong pisan kana kagiatan "panataran" kuncen kabuyutan ku Disbudpar Jabar ieu. Mugia ka payun para kuncen tiasa langkung uninga kana naon anu jadi papancenna. Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan urang sarerea pakait sareng panghasilan/upah/buruh/gajih/salary kuncen kabuyutan ieu. Numutkeun informasi, gajih kuncen kabuyutan di kabupaten Bogor mung saukur 125rebu perak/sasih (samemehna dugi ka Juni 2004 mung 100rebu perak/sasih). Kitu oge ditampina disakaliguskeun (dirapel) tilu sasih sakali bari sok dikeureutan heula ku dununganana. Upami diemutan gajih nu sakitu alitna dina zaman kiwari (rek sami sareng dana BLT pikeun rahayat teu gaduh), kedah tiasa nyekapan kana pangabutuhna sadidinten. Asana teu sabanding jeung papancen nu jadi tanggelwalerna. Padahal gogoda ka para kuncen teh sanes dikieuna, utamina ti para calo jeung kolektor barang antik (kalebet barang cagar budaya/kabuyutan) nu teras-terasan moro barang-barang titinggal karuhun. Kumaha pami kuncen serab kana tawisan (rayuan) ti calo/kolektor anu mikahoyong ka barang pusakana. Tangtos lami-lami ieu kabuyutan bakal musna. Urang panginten alim kajadian sirna-na kabuyutan Arca Domas Cikopo tumiba deui ka kabuyutan nu lian. Turta dina abad XIX dugi ka abad XX situs Arca Domas (Arca 800 tangtung) Cikopo sering pisan dilaporkeun boh ku pajabat Walanda oge ku panaluktikna. Dina taun 1960-an eta kabuyutan masih keneh sering dijugjug ku rombongan ti sakola-sakola SD, tapi dina taun 1970-an ieu titinggal karuhun teh tos ancur, kiwari mah tos teu aya tapak-tapakna acan. Tapi di kabuyutan nu sanes, sapertos di Gunung Cibodas Ciampea, Genep arca tiasa dialihkeun ka musieum, mung hiji arca nu raib. Wangsul deui ka tugas kuncen. Tos rada lami wanoh ka Pa Ending, hiji kuncen kabuyutan Arca Domas Cibalay (Situs Megalitikum jiga nu di Gunung Padang). Di kabuyutan ieu aya 3 lokasikabuyutan anu jarakna kirang langkung 4 km ti hiji tempat ka tempat sanesna. Di situs pangageungna, lega wilayahna teu kirang ti sa-hektar. Medan (topograpi) di tempat ieu nyaeta jalan gunung, bubuhan lokasina aya di tonggong Gunung Salak. Tah, Pa Ending ieu kedah "ngontrol" ka kabuyutan unggal dinten, ti enjing dugi ka sonten, sering oge anjeunna mondok di saungkabuyutan. Ari prak teh, diburuhan mung ukur 125rebu perak Asa kacida Baktos, pun hendra urangbogornusokaprakaprakankakabuyutan oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:Baraya Sunda sa-alam dunya, Ieu mah seja iber wae. 1. Panataran para kuncen. Kagiatan anu kahijijudullengkepna: "Penyuluhan Juru Pelihara dan Kuncen Se-Jawa Barat",. Nya kaasup salah sahiji acara panataran atawa sosialisasi tea. Geus dilaksanakeunkagiatan sosialisasi anu ieumah nyaetasalila dua poe (Rebo-Kemis, 23-24Nopember 2005 di Panjalu(hiji kota kacamatan di wewengkon KabupatenCiamis beulah kaler). Anu boga hajatna: Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disbudpar) Jabar.Alhamdulillah, si kuring kaparengkeun nungkulan bubuka eta acara, malahsakalian nganjang ka patilasan Bumi Alit jeung Situ Lengkong,bareng jeung rombongan panitia ieu acara. baktos, manAR Yahoo! Photos Ring in the New Year with Photo Calendars. Add photos, events, holidays, whatever. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] ASPARTAME: Penyebab Pengerasan Otak Tulang SumsumBelakang LUPUS
Haturan kang Ikmal,Numutkeun kuring mah, nu jiga kieu mah tiasa kalebet SURAT KALENG nu can puguh leres henteuna.Komo deui eusina ngagogoreng produk pasaingna, asa-na teu tebih ti motifna mah mung wungkul "persaingan usaha" tea.Upami ku urang dititenan perkawis panyawat LUPUS, hiji panyakit anu langka pisan kapendakna, ku dokter ahli oge sok sering lepat ngadiagnosa ieu panyakit. Ngadiagnosa-na wae tos sakitu sesahna komo deui nangtoskeun naon anu jadi panyababna, meureun diperlukeun panalungtikan anu taunan oge teu sagawayah.Upami oge pruduk-produk nu disebatkeun dina eta serat memang leres berbahaya, tangtosna "pihak berwenang" dina hal ieu POM sareng DepKes baris masihan informasi anu teges ka masarakat oge ngalarangproduk-produk eta dijual di pasaran.Cindekna mah, informasi naon wae anu dugi ka urang kedahna mah "ditelaah" heula ku urang.Cag,hendra Hati-hati dengan produk makanan dan minuman yang mengandungAspartame karena dapat menyebabkan pengerasan otak atausumsum tulang Belakang dan lupus.Salah satu minuman suplemen yang mengandung ASPARTAMEadalah serbuk effervescent EXTRA JOSS ! Pada kemasantertulis : Mengandung Aspartame 0,06% [ADI 40 mg/kg BB]Berdasarkan hasil survei di salah satu supermarket diBandung, Selain EXTRA JOSS, produk-produk minuman lainnyayang juga mengandung ASPARTAME yaituM-150,Hemaviton,Neo Hormoviton,Marimas,Hore..., Frutillo,Segar Sari,POP ICE Es Blender,Segar... Dingin,OKKY Jelly Drink,Sari Vit. C,Naturade Gold,AQUA Splash of Fruit,FORTY PLUS.Beritahukan semua orang yang Anda kenal dan sayangi akanbahaya dari Produk yang mengandung Aspartame.Author: Penelitian Badan POM (Pengawasan Obat Makanan) -JKTYoyok_SQA Dept PT PrafaPh. +62 (0) 21 8751066Fax. +62 (0) 21 8754094http://www.darya-varia.com__Do You Yahoo!?Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Uleman SIMPAY
Hatur nuhun kang rachmat kana bewarana. Geningan seueur urang jepun nu resep kana budaya sunda teh. InsyaAllah kuring bade dongkap kana eta pasamoan, sakantenan bade nagih jangji ka mang hasan jafar. Hayu kang kumi didagoan di UI, tiasa meureun "bolos" sadinten mah.Cag, hendraMRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: baris ngayakeun pasamoan dina dintenSalasa (20 Desember) tabuh 11.00 dugi ka tabuh 13.00tempatna di ruang 3301 Gedung III, Kampus FIB UIDepok. Anu bade biantara nyaeta M. ASAHI FURIHATA(salah sawios peneliti Kasundaan ti Tokyo University).mangga kontak sim kuring(021-92867920), atanapi Kang Mumu (081511561030).baktos,mrachmatrawyani Yahoo! Shopping Find Great Deals on Holiday Gifts at Yahoo! Shopping Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Penyuluhan Kuncen ..........BURUHNA
Kang Oman sareng baraya sadaya,Ngaraos reueus sareng ngarojong pisan kana kagiatan "panataran" kuncen kabuyutan ku Disbudpar Jabar ieu. Mugia ka payun para kuncen tiasa langkung uninga kana naon anu jadi papancenna.Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan urang sarerea pakait sareng panghasilan/upah/buruh/gajih/salary kuncen kabuyutan ieu. Numutkeun informasi, gajih kuncen kabuyutan di kabupaten Bogor mung saukur 125rebu perak/sasih (samemehna dugi ka Juni 2004 mung 100rebu perak/sasih). Kitu oge ditampina disakaliguskeun (dirapel) tilu sasih sakali bari sok dikeureutan heula ku "atasanna".Upami diemutan gajih nu sakitu alitna dina zaman kiwari (rek sami sareng dana BLT pikeun rahayat teu gaduh), kedah tiasa nyekapan kana pangabutuhna sadidinten. Asana teu sabanding jeung papancen nu jadi tanggelwalerna.Padahal gogoda ka para kuncen teh sanes dikieuna, utamina ti para calo jeung kolektor barang antik (kalebet barang cagar budaya/kabuyutan) nu teras-terasan moro barang-barang titinggal karuhun. Kumaha pami kuncen serab kana tawisan (rayuan) ti calo/kolektor anu mikahoyong ka barang pusakana. Tangtos lami-lami ieu kabuyutan bakal musna.Urang panginten alim kajadian sirna-na kabuyutan Arca Domas Cikopo tumiba deui ka kabuyutan nu lian. Turta dina abad XIX dugi ka abad XX situs Arca Domas (Arca 800 tangtung) Cikopo sering pisan dilaporkeun boh ku pajabat Walanda oge ku panaluktikna. Dina taun 1960-an eta kabuyutan masih keneh sering dijugjug ku rombongan ti sakola-sakola SD, tapi dina taun 1970-an ieu titinggal karuhun teh tos ancur, kiwari mah tos teu aya tapak-tapakna acan.Tapi di kabuyutan nu sanes, sapertos di Gunung Cibodas Ciampea, Genep arca tiasa dialihkeun ka musieum, mung hiji arca nu raib. Wangsul deui ka tugas kuncen. Tos rada lami wanoh ka Pa Ending, hiji kuncen kabuyutan Arca Domas Cibalay (Situs Megalitikum jiga nu di Gunung Padang). Di kabuyutan ieu aya 3 lokasikabuyutan anu jarakna kirang langkung 4 km ti hiji tempat ka tempat sanesna. Di situs pangageungna, lega wilayahna teu kirang ti sa-hektar. Medan (topograpi) di tempat ieu nyaeta jalan gunung, bubuhan lokasina aya di tonggong Gunung Salak. Tah, Pa Ending ieu kedah "ngontrol" ka kabuyutan unggal dinten, ti enjing dugi ka sonten, sering oge anjeunna mondok di saungkabuyutan.Ari prak teh, diburuhan mung ukur 125rebu perak Asa kacidaBaktos, pun hendra urangbogornusokaprakaprakankakabuyutan oman abdurahman [EMAIL PROTECTED] wrote:Baraya Sunda sa-alam dunya,Ieu mah seja iber wae. 1. Panataran para kuncen.Kagiatan anu kahijijudullengkepna: "Penyuluhan Juru Pelihara dan Kuncen Se-Jawa Barat",. Nya kaasup salah sahiji acara panataran atawa sosialisasi tea. Geus dilaksanakeunkagiatan sosialisasi anu ieumah nyaetasalila dua poe (Rebo-Kemis, 23-24Nopember 2005 di Panjalu(hiji kota kacamatan di wewengkon KabupatenCiamis beulah kaler). Anu boga hajatna: Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disbudpar) Jabar.Alhamdulillah, si kuring kaparengkeun nungkulan bubuka eta acara, malahsakalian nganjang ka patilasan Bumi Alit jeung Situ Lengkong,bareng jeung rombongan panitia ieu acara. baktos, manAR Yahoo! Personals Single? There's someone we'd like you to meet. Lots of someones, actually. Yahoo! Personals Yahoo! Personals Single? There's someone we'd like you to meet. Lots of someones, actually. Try Yahoo! Personals Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Ekonomi Kalapa?
Haturan, Janten emut ka babaraha waktos ka pengker, harita nuju naek angkot aya wanoja siga na mah mhsi ipb, calik na teh rada nonggongan (da anjeuna calik na caket panto). Dina rambutna nganggo jepitan nu bentukna kupukupu, ari tos diteges-teges mah asana eta jepitan teh tina batok kalapa. Ngaraos panasaran ku kuring ditaros ka eta wanoja, saurna muhun memang asalna tina batok. Ngan hanjakal teu sempet lami tumarosna kaburu si eneng na turun caket stasiun...Kiwari mah batok kalapa teh sanes wungkul bahan pikeun ngadamel areng, areng aktip sareng obat anti nyamuk wae, tapi oge tiasa dipidamel janten asesoris sapertos anting-anting, kalung dugi ka tas jingjing.Sabutna kitu keneh, multiguna oge, malihan mesin panyabut sabut natos seueur di pasaran.Kantun milih we anu prospekna paling hade.Baktos, hendra mangjamal [EMAIL PROTECTED] wrote: muhun, saatos nata de coco -di KUsnet waktos aya teh Rin rin urang TPG ipb, kantos padungdeng ngeunaan nata de coco ieu- ayeuna kalafa teh maju deui, teu ukur minyak keletik, tapi direkayasa janten VCO. di Trubus rame dibahas, di pameran2 katuangan, nuju rabeng dipamerkeun.nata de coco tos seueur di toko/supermarket. Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id SPONSORED LINKS Corporate culture Business culture of china Organizational culture Organizational culture change Organizational culture assessment Jewish culture YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] Candi Cangkuang (nambihan katerangan...)
Kamari teh nyempetkeun nelepon ka Pa Uka (Prof. Uka Tjandrasasmita) naroskeun perkawis candi cangkuang (da hoyong terang langkung paos...)CANDI CANGKUANGCandi cangkuang mangrupa hiji-hijina candi hindu di tatar Jawa Barat, nu ayana di wewengkon Desa Cangkuang Kecamatan Leles Kabupaten Garut, kira-kira 40 km ti kota Bandung ka palih wetan-kidul. Candi ieu ngadeg peuntas situ cangkuang caket makam kuno Arif Muhammad, salah sahiji laskar Mataram anu nyerang ka Batavia/VOC abad 17 nu teras nyebarkeun agama islam di ieu tempat.Cangkuang asalna tina nami (toponimi) tutuwuhan nu rea di tempat ieu, nyaeta sabangsa tangkal kaso anu sok dianyam dipake nyien koronjo, oge daunna sok dipake noros gula kawung.Dina taun 1893 medal hiji "karya ilmiah" ti Vorderman, sajarawan urang Walanda nu mertelakeun yen di Desa Cangkuang kapendak hiji makam kuno katut patung arca. Dumasar kana karya ilmiah ieu, dina ping 9 Desember 1966, hiji tim ti dinas purbakala ngalakukeun panalungtikan sarta dituluykeun ekskavasi (pagalian) di kawasan makam kuno ieu.Hasilna tim ieu mendakan seueur pisan btu-batu andesit anu bentukna pasagi oge sering ku masarakat di dinya digunakeun pikeun batu nisan. Pamendak paling aheng (sensasional) nyaeta ayana pondasi candi saukuran 4,5 X 4,5 meter sarta batu-batu lianna anu mangrupakeun bagean tina candi.Saparantos dikempelkeun eta batu-batu, kasampak mung aya kirang-langkung 20 % ti jumlah nu kedahna aya. Sawios mung aya 20% ruruntuk candina, kusabab aya batu-batu nu mangrupakeun bagean-bagean tina candi, boh batu pondasi, boh bagean tengah sarta bagean luhur candi, oge lokasina aya di Jawa Barat nu harita teu acan kapendak candi,ku kituna proyek ieu tiasa dituluykeun ka tahap rekonstruksi candi. (Numutkeun Pa Uka, benten sareng di Jawa Tengah nu seueur candina, pami bade ngarekonstruksi candi kedah aya sakedikna 60% ruruntuk batu candina.)Akhirna rekonstruksi candi jadi dipigawe ku Proyek Pembinaan Kepurbakalaan dan Peninggalan Nasional Depdikbud dina taun 1974 - 1976. Diresmikeun ku Mendikbud harita Dr. Syarief Thayeb ping 8 Desember 1976. Sangkan hasilna tiasa kasaksi ku urang kiwari, sawios wangunan candi cangkuang ieu seuseueurna sanes tina batu aslina.Wangunan candi cangkuang masih sederhana pisan, teu aya bilik/kamar-kamar nu ilahar aya dina wangunan candi, oge teu aya relief nanaon dina batu candina. Hal ieu nunjukeun candi cangkuang ieu lewih kuno tibatan candi pangkolotna, nyaeta candi dieng di Jawa Tengah nu diadegkeun dina abad 9 Masehi.Nyoko kana pedaran diluhur oge ditambih ayana arca syiwa di lokasi candi, para ahli purbakala tiasa negeskeun yen candi cangkuang ieu mangrupa candi agama hindu nu diadegkeun dina abad ka 8 Masehi titinggal karajaan Galuh periode awal. Mung sakitu wae... haturnuhun Baktos, hendra Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] Ari Eneng Saha?
Ari Eneng Saha?Ki Endud urang Ciheuleut kawentar jawara masagi. Malah ceuk urang Bantarkemang mah manehna teh kaasup jago bobok jago tarok jago oge mukakeun anderok. Sok sanajan umurna geus tunggang gunung cueut ka hareup ari nempo bitis anu umyang koneng mah nasih keneh sok neureuy ciduh. Sok padahal huntuna oge tinggal dua siki, mun parengan disuguhan oli jepret kadaharan pituin urang Cimanggu sok karunya. Atok-atokan jiga lauk bujaer keur ngadaharan eupan. Ngan dina palebah jagjag mah, kabeh oge euweuh nu nandingan.Manehna masih keneh kuat leumpang jauh bari nanggung cau anu beuratna leuwih ti 50 kilo. Beda pisan jeung Aki Coyan batur sakolana di SR. Aki Coyan mah geus asup kana golongan aki-aki pisan. Tong boroning papanggulan, dalah mun dipentaan tulung ku pamajikanana sok tuluy nitah incuna, cep Reza tea anu pangawakanana jiga pamaen Fighting Ultimate Challange, Ken Shamrock anu sok aya dina tipi tea.Hiji waktu, Ki Endud jeung Ki Coyan teh keur gunem catur di tepas imah Ki Coyan, anu parengan sisi jalan. Sabot keur nyaritakeun mangsa ngorana, lar aya awewe geulis liwat. Atuh duanana ting parelong, mani bareng duanana ting saruit jiga budak ngora jaman ayeuna."Bade kamana neng?" Ki Endud miheulaan nanya. Eta awewe geulis teh kalahka nyampeurkeun bari imut leleb. Teuing pedah hayang seuri nempo dua jajaka jaman opat puluhan baraleg. Ki Endud jeung Ki Coyan mani lalegeg, malah Ki Endud tepi ka muka kopeyah sagala bari ngarapihkeun buukna ku ramo."Punten Ki, abdi teh bade tumaros, dupi bumina Aki Endud atanapi Ki Dudi Herlianto teh palih mana?" ceuk eta wanoja mani someah pisan. "Ari eneng saha?" Ki Endud rada lalaunan, boa, boa,... "Abdi teh incuna, putra Pa Runa." "Euh atuh ari kitu mah incu aki," tembal Ki Endud kaeraan. Ki Coyan surak basa Ki Endud jeung incuna ngalabring teh. "Puas siah, dasar aki aki tujuh mulud," pokna teh. * * * * * *(Hapunten ka anu namina kasebat, ieu mah mung saukur heureuy.) Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] KAMPUNG URUG BOGOR
KAMPUNG URUG BOGORKampung Urug nu posisina kira-kira 40 km ti pusat kota Bogor ka palih kulon, sacara administratif lebet ka Desa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupaten Bogor. Di kampung ieu masih keneh aya tata cara kahirupan adat karuhun nu "dipertahankeun" ku masarakatna. Sahenteuna aya tujuh kagiatan kaagamaan nu dipigawe ku urang Kampung Urug, nyaeta Sidekah bumi (nalika bade tani/tandur), Seren taun (saparantos panen), Rowahan, Muludan, Muharaman, Idul Adha jeung Lebaran (Idul Fitri).Sidekah bumi jeung seren taun masih aya patalina jeung budaya karuhun. Dina wengian ngarayakeun acara ieu, biasana sok dicarioskeun deui riwayat karuhun maranehna, utamina riwayat sajarah Prabu Siliwangi nalika ngalalana ti dayeuh Pakuan dugi ka Kampung Urug. Biasana kokolot adat nyarita ti ngawitan ba'da isya dugi ka bade subuh.Nalika acara lumangsung, susuguhna mangrupa kadaharan khas daerah ieu, saperti wajit, opak, kadaharan tina ketan jeung hasil kebon masarakat di dinya, maksadna pikeun nyuguhan tatamu nu dongkap ti luar Kampung Urug.Enjingna, sidekah bumi dikawitan ku acara ngawurkeun panglay kana bibit pare nu bade ditandur ku istri para kokolot. Teras dituluykeun ku meuleum menyan, anu samemehna diayakeun tawasul ka Nabi Muhammad SAW. Jampe nalika ngawurkeun panglay kana bibit pare nyaeta shalawat sareng shahadat.(?)Istri kokolot anu jadi lalakon utama dina acara tandur ieu, nyoko kana filosofi yen Dewi Sri anu masihan kasuburan/kahirupan ka pare nu ditandur. Numutkeun riwayat para kasepuhan Kampung Urug, Dewi Sri ieu teh putri Prabu Siliwangi anu pupus nalika akil baleg.Dina taun 2003 kampung Urug parantos kabagi jadi tilu wilayah, nyaeta: Urug Lebak nu dikokolotan ku Kolot Adang, Urug Tengah dipingpin ku Kolot Mamat jeung Urug Tonggoh ku Kolot Kayod.Data nu aya di Desa Kiara Pandak, Kampung Urug legana salapan hektar, dieusi ku 692 KK atawa 2864 jiwa. Masarakatna 85% patani, ari sesana seuseueurna padagang jeung buruh tani.(kenging nyutat ti ditu ti dieu)Baktos, pun hendra Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
[Urang Sunda] KAMPUNG URUG BOGOR
KAMPUNG URUG BOGORKampung Urug nu posisina kira-kira 40 km ti pusat kota Bogor ka palih kulon, sacara administratif lebet ka Desa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupaten Bogor. Di kampung ieu masih keneh aya tata cara kahirupan adat karuhun nu "dipertahankeun" ku masarakatna. Sahenteuna aya tujuh kagiatan kaagamaan nu dipigawe ku urang Kampung Urug, nyaeta Sidekah bumi (nalika bade tani/tandur), Seren taun (saparantos panen), Rowahan, Muludan, Muharaman, Idul Adha jeung Lebaran (Idul Fitri).Sidekah bumi jeung seren taun masih aya patalina jeung budaya karuhun. Dina wengian ngarayakeun acara ieu, biasana sok dicarioskeun deui riwayat karuhun maranehna, utamina riwayat sajarah Prabu Siliwangi nalika ngalalana ti dayeuh Pakuan dugi ka Kampung Urug. Biasana kokolot adat nyarita ti ngawitan ba'da isya dugi ka bade subuh. Nalika acara lumangsung, susuguhna mangrupa kadaharan khas daerah ieu, saperti wajit, opak, kadaharan tina ketan jeung hasil kebon masarakat di dinya, maksadna pikeun nyuguhan tatamu nu dongkap ti luar Kampung Urug.Enjingna, sidekah bumi dikawitan ku acara ngawurkeun panglay kana bibit pare nu bade ditandur ku istri para kokolot. Teras dituluykeun ku meuleum menyan, anu samemehna diayakeun tawasul ka Nabi Muhammad SAW. Jampe nalika ngawurkeun panglay kana bibit pare nyaeta shalawat sareng shahadat.(?)Istri kokolot anu jadi lalakon utama dina acara tandur ieu, nyoko kana filosofi yen Dewi Sri anu masihan kasuburan/kahirupan ka pare nu ditandur. Numutkeun riwayat para kasepuhan Kampung Urug, Dewi Sri ieu teh putri Prabu Siliwangi anu pupus nalika akil baleg.Dina taun 2003 kampung Urug parantos kabagi jadi tilu wilayah, nyaeta: Urug Lebak nu dikokolotan ku Kolot Adang, Urug Tengah dipingpin ku Kolot Mamat jeung Urug Tonggoh ku Kolot Kayod.Data nu aya di Desa Kiara Pandak, Kampung Urug legana salapan hektar, dieusi ku 692 KK atawa 2864 jiwa. Masarakatna 85% patani, ari sesana seuseueurna padagang jeung buruh tani.(kenging nyutat ti ditu ti dieu)Baktos, pun hendra Yahoo! FareChase - Search multiple travel sites in one click. Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id YAHOO! GROUPS LINKS Visit your group "urangsunda" on the web. To unsubscribe from this group, send an email to:[EMAIL PROTECTED] Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Re: [Urang Sunda] Ngajak baralik deui ka Agama Sunda
Ass.Wr.Wb Kaleresan sim kuring oge hadir dina seminar eta (pami teu lepat mah teh ika mardiah oge aya). sim kuring sapadegan sareng kang rahmat (nu nyerat di PR), yen eusi 'kasimpulan' tina makalah pa anis teh provokatif pisan. Benten sareng kasimpulanna, ari eusi makalahna mah aya dua bagean, kahiji nyaritakeun sajarah agama-agama nu diagem ku US ti kawit Abad ka dua (karajaan Salakanagara) dugi ka Islam sumebar di TS. Kadua, pedaran perkawis agama sunda dumasar naskah pantun bogor ti aki uyut baju rambeng. Numutkeun sim kuring, pedaran agama sunda nu seueur ditaroskeun ku peserta seminar teh ngan saukur hiji pamendak pa anis anu tiasa di sebat sabage hipotesis awal, janten namina oge hipotesis masih tiasa pisan diwaler/dibantah ku hipotesis anu sanes anu langkung merenah/rasional. Misalna Aki baju rambeng nu ngarang eta pantun bogor, hirupna dina akhir abad 19 - awal abad 20, namung numutkeun hipotesis pa anis, pantun bogor teh nyaritakeun kaayaan US abad 12-16, tah ti dieu oge tiasa dipadungdengkeun/dipertaroskeun. Sareng oge pantun bogor mah teu acan dianggap hiji naskah sumber sajarah ku para ahli/akademisi sajarah. Cag heula ah. tos azan magrib geningan Wasalam, h.e.n.d.r.a --- Ganjar Kurnia [EMAIL PROTECTED] wrote: Ass.Wr.Wb. Aya seratan saé dina PR, ngeunaan kumandang kana gempungan di Bogor, anu cenah dina bookletna sacara langsung nyebatkeun lamun leres-leres hayang ngamumule sunda, kudu baralik deui ngagem agama Sunda. Kangge lengkepna, kahatur artikel sagemblengna. Nuhun. Gerakan Kesundaan Politikkan Agama Oleh Drs. RACHMAT ISKANDAR, M.Si. Sangatlah berdosa kepada Ki Sunda jika yang mengaku jati dirinya Sunda, tapi malah mengingkari dan menistakan agama karuhun-nya sendiri, agama Sunda; seraya mengagungkan keyakinan budaya, keyakinan beragama, dan karuhun bangsa asing yang bukan miliknya Ki Sunda. Sungguh terpuji jika masih ada Rawayan Sunda yang dengan tegar dan tegas mau mendeklarasikan dan mewajibkan lagi agama Sunda menjadi anutan seluruh wangsa Sunda yang merasa dirinya seuweuh siwi karuhun Sunda yang berjiwa Sunda. Vitalitas budaya Sunda akan tumbuh subur jika orang Sundanya mau kembali kepada jati diri dan warisan budaya (culture heritage) karuhun-nya, sebagai tonggak merentang ke depan yang lebih gemilang. Kalimat pembuka tersebut saya kutip sepenuhnya dari leaflet yang diterbitkan secara resmi oleh Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Provinsi Jawa Barat. Sebagai salah satu kutipan dari lembar kesimpulan makalah Anis Jatisunda berjudul Sistem Religi dan Nilai Spiritual Ki Sunda dari Masa ke Masa. Disampaikan dalam seminar Napak Lacak Ki Sunda di Bogor pada tanggal 13 Agustus 2005. Saya sendiri hadir dalam seminar tersebut atas tugas dari Kantor Budaya dan Pariwisata Kabupaten Majalengka dalam kapasitas saya sebagai peserta seminar. __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Yahoo! Groups Sponsor ~-- Help save the life of a child. Support St. Jude Children's Research Hospital. http://us.click.yahoo.com/ons1pC/lbOLAA/E2hLAA/0EHolB/TM ~- Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
[Urang Sunda] WILUJENG TEPANG
Sampurasun... Wilujeng tepang ka baraya sadaya. Sim kuring hendra tea anu ti bogor, tos lami ngiringan kana ieu milis teh mung seringna mah noongan wungkul. Kantos oge babarakali ngiringan kopdar, ngawitan ngiring jalan santai di sisi danau UI (tapina teu kapendak sareng balad kusnet...da duka palih mana karempelna), ngiring kopdar kusnet bogor di bumina Apih Siddik, oge kopdar kusnet jabodetabek di bumi Teh Imas. Kungsi oge tepang sareng kang Kumi, kang Didin sareng kang Rahmat di FIB UI nalika dinten jumaah waktos sawala ngenaan sumber sajarah sunda anu dipedar ku mang Hasan. Kahoyong mah bade diajar perkawis sunda sareng kasundaan ka baraya sadaya, sangkan tiasa nambihan elmu panemu anu akhirna tiasa ngiringan ngamumule budaya sunda. Mudah-mudahan kuayana kusnet ieu, kapayunna urang tiasa nanjeurken deui harkat, martabat sareng darajat URANG SUNDA di alam dunya. Aamiin. Hapunten anu kasuhun... Baktos, h.e.n.d.r.a __ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com Yahoo! Groups Sponsor ~-- font face=arial size=-1a href=http://us.ard.yahoo.com/SIG=12hr1sasa/M=320369.6903865.7846595.3022212/D=groups/S=1705013556:TM/Y=YAHOO/EXP=1124553209/A=2896112/R=0/SIG=1107idj9u/*http://www.thanksandgiving.com Give the gift of life to a sick child. Support St. Jude Children¿s Research Hospital/a./font ~- Komunitas Urang Sunda -- http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links * To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ * To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] * Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/