Akur Kang, Tapi eta... kumaha atuh CARA na Kang? Kumaha strategina sangkan jelema anu teu boga gawe JADI boga gawe? Cikan, bere bongbolongan anu praktis we. Lieur kuring mah... Mun anti pausahaan asing, kudu kumaha atuh urang teh? Nyieun pausahaan sorangan ketah jalan kaluarna mah (eta ge sistem kapitalis!). Ngan... naha bisa kitu? Pan mun nyieun barang jualeun teh KUDU aya konsumen na (sistem kapitalis deui bae!)... Jang nyieun pausahaan pan perlu MODOL eh modal he he he (kapitalis deui bae!)... Ah lieur ... muter kadinya2 deui euy... Mun adi kurimng kalimpungan neangan gawe, bari euweuh pagawean. Saha anu BISA nyiptakeun LAPANGAN pagawean? Pamarentah kitu? Kabeh bangsa Indonesia (SUnda) sina jadi pagawe nagri? Aya conto kongkrit teu? ;)) baktos, Rahman
haturan barya, mangka urang kudu bisa ngabedakeun mana USAHA KAPITLAISTIK mana USAHA HENTEU KAPITALISTIK? 1. nganggapna teh sagala anu berkaitan jeung MODOL aeh MODAL tea dianggap KAPITALISME jeung kapitalisme bae. beu,beu tiwas baraya, alias salah kaprah tea, lamun urang ngaitkeun sakabeh KEGITAN NIAGA sebagai KAPITALISME. ceuk kuring baheula tong ngomong ETIMOLOGI, tapi TERMINOLOGI PRAXIS. anu mana kapital sebagai kata anu hartina modal, anu mana kapital anu hartina sebagai sebuah sistem hidup. baraya salah sahiji pilar utama sistem kapitalisme teh nyaeta CORAK PRODUKSIna: DICEKELNA ALAT PRODUKSI 100% di tangan pemodal, nilai lebih, jrrd. simkuring rek ngajelaskeun deui tentang ALAT PRODUKSI eta. baraya ari dina sistem Kapitalisme mah buruh teh DIREKEN MESIN, anu UPAHNA ukur disetarakeun jeung KEBUTUHAN FISIK MINIMUM (KFM), lain KEBUTUHAN HIDUP MINIMUM, contona msalah UPAH, mun urusan kesehatan masih ditanggung ku perusahaan (eta oge mun gering, tapi saha atuh anu daek gering), tapi mun biaya pendidikan mahal, perusahaan teu tanggung jawab, urusan GAJIH , ukur distandarkeun kana UMR (UPAH MINIMUM REGIONAL) baheula mah, ayeuna mah UM (UMPAH MINIMUM), tapi KENEH-KENEH KEHED. ari UMR/UM teh diitung didasarkeunkana cara perhitungan = (3xmakan/hari)x(sabara kg beras/1xmakan)x(harga beras/kg), jadi perusahaan moal rekmikiran kasusah buruh, da ceuk manehna mah geus cumpon kawajiban ngaliwatan UMR/UM tea. TAH sabenerna mah fenomena siga kitu teh, dina sistem EKONOMI KERAKYATAN geus dijelaskeun yen, supaya perusahaan teu ngarasa rugi, mangka buruh kudu boga hak atas alat produksi, ari alat produksi teh bisa dihartikeun sebagai komponen utama perusahaan, nya ari di jaman ayeuna mah alat produksi teh bisa diejawantahkeun salah sahijina SAHAM/SHARE, jadi mun perusahaan bangkrut,buruh bisa balik ka imahna salian ti mawa duit pesangon, buruh oge pemilik saham, mangka ngagandong duit ladang sahamna eta. jadi sok bae pikiran, mun cara ngagawekeun pagawe urang di perusahaan urang ku cara samodel kitu, mangka eta anu disebut kapitalis, tapi mun urang mere hak buruh pikeun nguasaan sebagian alat produksi tangtu urang lain kapitalis. IEU SALAH SAHIJI contona baraya. SAKALI DEUI ULAH NGANGGAP SATIAP NIAGA SARUA JEUNG KAPITALISME. 2. CHAY CHOY, baheula geus dijelaskeun, simkuring mah lain ULTRA NASIONALIS, da kuring mah lain nasionalis, jeung kuring oge lain samata-mata anti perusahaan ASING, tapi inget kuring ukur anti perusahaan anu kapitalistik. keur naon perusahaan nasional ari tetep mah kapitalistik mah. numutkeun beja, ceunah ayeuna teh jaman NEW AGE (zaman baru tea), kabeukina jelema teh memperdalam kaelmuan anu sifatna jeung KEARIFAN, saperti FILSAFAT, atawa SPIRITUALITAS saperti fenomena SUFISTIK-sufi. tapi inget baraya, ari filsafat ukur dipake ngaributkeun PANGERAN/TUHAN mah kacida teu munasabahna lah. MIKIR ATUH, saur ERICH FROMN sebagai penganut filsafat madzhab FRANKRUT pernah nyebatkeun yen tugas filsafat geus ganti, ari baheula mah filsafat teh ukur terus bae BERTANYA, ari ayeuna mah filsafat teh disebut filsafat KRITIS, nyaeta salian ti KRITIK tapi oge kudu neangan solusi. (mangga tinggakli dina buku FRANS MAGNIS-SUSENO) mun teu sepakat jeung pamanggih simkuring, teu masalah ieu demokrasi kang. tapi inget MANA SOLUSI ANU DIUSULKEUN SALIRA? ulah berharap bae ka batur. simkuring geus ngomong ari simkuring mah percaya kana organisasi pikeun ngarubah dunya teh, sabab ari hayang ngarubah nasib sarerea kudu ku cara babarengan supaya leuwih gancang tibatan paturencal sorangan-sorangan mah. apakah melalui pembentukan YAYASAN2x, bank2 pedesaan, sapertos THE GRAMEEN BANK, akang parantos ngadangu teu acan the grameen Bank, karyana MUHAMMAD YUNUS urang Bangladesh, nu meunang hadiah NObel tea. simkuring mah geus nawarkeun ti kamari oge, ORGANISASI (sabilulungan) mangrupakeun cara anu ampuh pikeun ngaheuyeuk karaharjaan balarea, lamun ceuk SAINT SIMON mah COOPERTION, babarengan leuwih hade tibatan sosoranganan. rahayat kudu mimiti diajar mandiri,mengorganisir diri (SELF ORGANIZING). tapi ieu salah sahijina baraya, lain berarti yayasan-yayasan, serikat-serikat, atawa koerasi-koperasi, jrrd. jadi SOLUSI FINAL, LAIN baraya, mangga motekar sigana mah aya keneh cara anu sejenna. LIEUR? TANGTU, da mikiran hirup teh lain saukur urusan nyieun lamunan. tapi inget cita-cita jalma waras lain CITA-CITA INSTAN, siga budak leutik AYEUNA menta duit Rp.100 perak, mangka AYEUNA kudu aya duitna. ari jelema gede mah salian ti perjuangan keur masalah-masalah anu URGENt, tangtu anu pentingna mah pendidikan supaya urang sarerea semakin terbiasa dengan PROSES.JANGKA PANJANG, anu kudu diantisipasi, oge kang. sok ketrukkeun elmu pangaweruh teh, gunakeun keur kapentingan balarea, keur naon sakola luhur-luhur ari teu guna (munasabah) ka rahayat mah. simkuring rek balik nanya, cing sok aya cara sejen teu? lamun Kapitalis salah, komunis gagal, Islam can aya, mangka sistem ekonomi naon anu rek diterapkeun? sah-sah bae rek sistem lain oge, anu penting logis ari meamang euweuh mah pelajaran ti sistem ideologi anu aya salila ieu? sakali deui lamun urang berjuang ku cara NGAITKEUN DIRI JEUNG HIJI IDEOLOGI eta cara anu kacida tinggalleun jaman, sabab geus lain zamanna ORGANISASI IDENTITAS. ayeuna mah geus jaman SADAR, anu penting logis cara berjuangna bener, pikeun kauntungan rahayat, tangtu eta perjuangan bisa metik hasil kalawan didukung ku rahayat. beda jeung perjuangan anu teu logis tangtu rahayat moal daekeun milu berjuang. punten baraya sakdeik deui, simkuring mah rahayat, anu sakola oge teu luhur, mangka bisa dianggap TEU BODO-BODO acan teh bener, simkuring mah ukur saurang BURUH, tangtu ngarasakeun pisan kanyeri sorangan salaku kaum buruh teh, jeung ngarasa pisan pentingna organisasi teh, baheula mah basa can aya kasus di perusahaan, buruh teh pada EMBUNG ASUP ORGANISASI, tapi geus kasus mah karasa pentingna organisasi teh. da geuning mun lain urang sorangan anu ngawangun kakuatan babarengan tangtu BRGANING POSITION buruh teh kacida lemahna di mata pengusaha teh. punten yeuh sim kuring mah gawe sebagai buruh boga prinsip: "SALIAN MENGABDIKAN ILMU, TAPI OGE MENJUAL TENAGA ka PMODAL" simkuring moal ngajuruskeun supaya asup hiji organisasi, bisi rek nyieun organisasi anyar oge mangga, mangga geura PAHEUYEUK-HEUYEUK LEUNGEUN ceuk papatah Sunda oge ulah rek SEWANG-SEWANGAN APILAIN. moal mungkin ngarubah dunya ukur ku sorangan. wilujeng bajonag, baraya Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com [Non-text portions of this message have been removed]
