--- In [email protected], rahmi budi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>

> hayu mendingan mikiran kumaha carana supaya perjuangan henteu utopis.
> Yu Urang SUnda ngumpul, sawalakeun ngeunaan strategi mengurangi 
>tingkat PHK, solusi naekna harga BBM, jeung masalah karahayatan 

Akur Kang,

Tapi eta... kumaha atuh CARA na Kang? Kumaha strategina sangkan jelema
anu teu boga gawe JADI boga gawe? Cikan, bere bongbolongan anu praktis
we. 

Lieur kuring mah... Mun anti pausahaan asing, kudu kumaha atuh urang
teh? Nyieun pausahaan sorangan ketah jalan kaluarna mah (eta ge sistem
kapitalis!). Ngan... naha bisa kitu? Pan mun nyieun barang jualeun teh
KUDU aya konsumen na (sistem kapitalis deui bae!)... Jang nyieun
pausahaan pan perlu MODOL eh modal he he he (kapitalis deui bae!)...

Ah lieur ... muter kadinya2 deui euy...

Mun adi kurimng kalimpungan neangan gawe, bari euweuh pagawean. Saha
anu BISA nyiptakeun LAPANGAN pagawean? Pamarentah kitu? Kabeh bangsa
Indonesia (SUnda) sina jadi pagawe nagri?

Aya conto kongkrit teu? ;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke