2009/1/6 Rahman <[email protected]>:
> Enya eta teh Kang kitu? Coba bandungan we tambang emas Amrik di Papua.
> Jaman Soeharto muatan politik na badag pisan. malah ayeuna ge pan jadi
> tambah pakepuk lin?
>
> Sigana mah TAYA hiji komoditi anu bebas polio! Mun (sumber) ditugaran
> jelema, hartina pajuriewet jeung politik. Di NL aya istilah berlian
> getih. Eta teh berlian Afrika hasil bbobolokot jelema leutik anu
> dibudakkeun ku warlord, dijual ka Eropa ditukeuran ku pakarang. Kuring
> mah pesimistis lebah dieu mah.
>
DN:
Punten. Maksad abdi, niley logam mulia mah teu gumantung ka hiji
institusi. Sapinuhna ditetepkeun ku pasar. Benten sareng artos fiat
anu gumantung oge kana "sakahoyong" otoritas nu nyitakna. Kala-kala
perlu, otoritas eta teh nambihan atawa ngirangan artos fiat eta, puguh
atuh artos anu ayeuna ku urang cepeng daya beulina benten sareng anu
kamari.
>
> Memang enya kitu. Ngan anu disebut komoditi mah, komo komoditi mahal
> mah, sok aya ka ditu na. Contona minyak geuning, produksi ge ajrut2an
> geuning? :))
>
DN:
Ari minyak mah diproduksi pikeun dipake salaku bahan bakar, bakal
ngaleungit. Jadi lamun teu diproduksi deui teh bakal ngaleungit.
Sabalikna logam mulia mah pikeun simpenan tur pikeun alat tukeur. Mung
sakedik anu dipake pikeun kaperluan sejen.
>
>
> Ieu mah sakadar bandingkeuneun. Teknologi manusa maju kacida. Emas ge
> moal pamohalan disintetiskeun. Ayeuna berlian sintetis ge pan kualitas
> na leuwih hade tinimbang berlian alam. Urang tungguan we.... he he
> he... duka kaalaman duka moal? :))
>
DN:
Em.. ceuk abdi mah moal kaalaman.
Barina ge berlian mah da sanes unsur kimia atuh.

>
> Kuring mah ningali na sabage hal anu wajar we. Sistem barter geus
> evolutif, jadi leuwih abstrak. Duit teh... kapercayaan manusa anu
> disimbolkeun ku kertas. Mun balanja liwat internet, pan mayar ge
> dijital ayeuna mah? Kudu diguruhulkeun deui kitu? :))
>
DN:
Henteu. Standar logam mulia sanes hartosna urang nyandak emas ka
mamana.. nanging backingna 100%.
>
> Perkara beking teu beking mah eta mah urusan sistem jeung aturan
> nagara. ALUSNA mah dibeking 100%. Ngan sigana mah mun ngabeking 100%
> mah hese.
>
> Aya kitu hiji valuta anu 100% dibeking emas misalna? Kumaha sistem na?
>
DN:
Aya sababaraha. http://www.e-gold.com/, http://www.e-dinar.com/html/

>
> Jaman kuring keur budak, asa teu aya kaperluan nabung jang meuli
> 'game' misalna siga budak kuring ayeuna. Tiap generasi beda kaperluan
> hirup na. Beda oge kabutuh na.
>
> Mun baheula mah ukur cai atah, pan ayeuna mah sagala rupa ge aya?
> Jeung anu leuwih penting, barang2 kaperluan urang ayeuna datang ti
> mana mendi. Enteh jeung kopi ge pan lain pituin Sunda misalna? Kumaha
> tah?
>
DN:
Sami ah ari tina jumlah kalori tuangeun mah. Da sami-sami Homo sapiens
sapiens :-)) Kajaba lamun urang baheula teh benten spesies he he...

>
> Kuring panasaran oge, cikan aya literatur perkara ekonomi Arab jaman
> Umar tea Kang? Aya (keneh) arsip perekonomian jaman harita kitu?
> Kuring panasaran oge hayang ngabandingkeun jaman harita jeung ayeuna.
>
DN:
Perkawis kambing dina harga 1 dinar aya dina hadits Bukhari. Abdi mung
terang nu ti dinya.

Dian.

Kirim email ke