2009/1/5 Rahman <[email protected]>: > > Mun aya valuta nu bebas politik mah kuring 100% satuju Kang! :))) Ngan > bisa kitu nyiptakeun valuta bebas polio? ;)) > DN: Logam mulia saperti emas, perak, platina sacara alami tos jadi valuta bebas pulitik.. > > Enya oge ketah mun ditilik ti sisi eta mah! :))) Ngan anu jadi > kahemeng kuring teh, emas teh intrinsik boga niley anu hade. Ngan emas > oge kapangaruhan niley nu sejen na.Niley emas ditetepkeun kulantaran > eta sakadang emas teh jarang pisan. Mun tea mah produsen emas > overproduksi, pasti anjrut oge pan? > DN: Teu acan aya kacaritakeun emas overproduksi. > > Mun aya skenario siga kieu. Pek mun elmu kimia geus bisa nyieun emas, > kumaha deuih akibat na? > DN: Pami teu lepat ngartos, pikeun ngadamel hiji unsur kimia, bakal langkung seueur energi (biaya) anu diperyogikeun batan hasilna, margi nu namina unsur kimia mah gaduh komposisi atom anu stabil. Janten, nyobian sintesis unsur emas tina unsur-unsur sanesna mah sigana sami sareng ngajak bangkrut.
> > Mun harega domba stabil, kumaha mun diusulkeun mayar ku domba? he he > he.... Heureuy Kang ah! > DN: Abdi ningalna teu nanaon.. Mangga wae. Da dina dasarna mah ekonomi pan pagentosna komoditi. Misalna abdi gaduh peternakan domba, sigana abdi bakal nyobian nyumpingan "Carrefour" bari nyandak hiji domba kanggo digentoskeun kana beas sareng kaperluan saminggueun :-)) Basa pesawat IPTN dibayar ku Thailand nganggo beas ketan, abdi oge ningalna teu nanaon, da urang peryogi beas, Thailand peryogi pesawat. Atuh urang ngagaleuh Sukhoi ti Rusia pan ku bahan pangan sareng sandang. Ieu mah hal anu wajar pisann.. :-) Anu teu wajar mah tapi urang tetep onjoy wae ngalakonan teh nyaeta artos anu tina kertas, backingna ngan 60% tapi tiasa digentoskeun kana barang / jasa anu 100% .. tah ieu aheng :-) > > Kumaha cara ngitung dinar Arab jeung niley emas ayeuna? Kumaha > ngabandingkeunana? Niley baheula jeung ayeuna. Utamana dibandingkeun > jeung standar hirup Arab harita jeung urang Sunda ayeuna misal na? > > Hanjakal kuring moal bisa mairan lebah dieu mah. Terus terang teu apal > kana kaayaan ekonomi jeung sosiologis urang Arab jaman Umar. Teu apal > kana literatur2 na acan! > DN: Nu pasti mah kaperluan unggal jalma teh teu robih, nyaeta peryogi tuangeun 2500 dugi ka 3000 kalori sadinten. Peryogi hateup pikeun ngiuh, peryogi kandaraan pikeun pipindahan. Kaperluan-kaperluan dasar ieu teu robah. Kukituna anu beunghar teh pan ditingal tina sabaraha langkung kakayaanana dibandingkeun kaperluan dasar ieu. Lamun langkungna seueur, mangka di dinya janten wajib zakat. Baktos, Dian.
