--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" <dian.nugr...@...> wrote: >
> DN: > Logam mulia saperti emas, perak, platina sacara alami tos jadi valuta > bebas pulitik.. Enya eta teh Kang kitu? Coba bandungan we tambang emas Amrik di Papua. Jaman Soeharto muatan politik na badag pisan. malah ayeuna ge pan jadi tambah pakepuk lin? Sigana mah TAYA hiji komoditi anu bebas polio! Mun (sumber) ditugaran jelema, hartina pajuriewet jeung politik. Di NL aya istilah berlian getih. Eta teh berlian Afrika hasil bbobolokot jelema leutik anu dibudakkeun ku warlord, dijual ka Eropa ditukeuran ku pakarang. Kuring mah pesimistis lebah dieu mah. > > > DN: > Teu acan aya kacaritakeun emas overproduksi. Memang enya kitu. Ngan anu disebut komoditi mah, komo komoditi mahal mah, sok aya ka ditu na. Contona minyak geuning, produksi ge ajrut2an geuning? :)) > DN: > Pami teu lepat ngartos, pikeun ngadamel hiji unsur kimia, bakal > langkung seueur energi (biaya) anu diperyogikeun batan hasilna, margi > nu namina unsur kimia mah gaduh komposisi atom anu stabil. Janten, > nyobian sintesis unsur emas tina unsur-unsur sanesna mah sigana sami > sareng ngajak bangkrut. Ieu mah sakadar bandingkeuneun. Teknologi manusa maju kacida. Emas ge moal pamohalan disintetiskeun. Ayeuna berlian sintetis ge pan kualitas na leuwih hade tinimbang berlian alam. Urang tungguan we.... he he he... duka kaalaman duka moal? :)) > > DN: > Abdi ningalna teu nanaon.. Mangga wae. Da dina dasarna mah ekonomi pan > pagentosna komoditi. Di supermark RI kuring ngalaman siga kieu. Balanja loba, terus mayar. Meunang pamulangan kembang gula! Aneh... Tapi leuwih aneh deui, kuring teu bisa mayar komoditi make kembang gula! :))) Kumaha tah? > Misalna abdi gaduh peternakan domba, sigana abdi bakal nyobian > nyumpingan "Carrefour" bari nyandak hiji domba kanggo digentoskeun > kana beas sareng kaperluan saminggueun :-)) > > Basa pesawat IPTN dibayar ku Thailand nganggo beas ketan, abdi oge > ningalna teu nanaon, da urang peryogi beas, Thailand peryogi pesawat. > Atuh urang ngagaleuh Sukhoi ti Rusia pan ku bahan pangan sareng > sandang. Ieu mah hal anu wajar pisann.. :-) > > Anu teu wajar mah tapi urang tetep onjoy wae ngalakonan teh nyaeta > artos anu tina kertas, backingna ngan 60% tapi tiasa digentoskeun kana > barang / jasa anu 100% .. tah ieu aheng :-) Kuring mah ningali na sabage hal anu wajar we. Sistem barter geus evolutif, jadi leuwih abstrak. Duit teh... kapercayaan manusa anu disimbolkeun ku kertas. Mun balanja liwat internet, pan mayar ge dijital ayeuna mah? Kudu diguruhulkeun deui kitu? :)) Perkara beking teu beking mah eta mah urusan sistem jeung aturan nagara. ALUSNA mah dibeking 100%. Ngan sigana mah mun ngabeking 100% mah hese. Aya kitu hiji valuta anu 100% dibeking emas misalna? Kumaha sistem na? > > DN: > Nu pasti mah kaperluan unggal jalma teh teu robih, nyaeta peryogi > tuangeun 2500 dugi ka 3000 kalori sadinten. Peryogi hateup pikeun > ngiuh, peryogi kandaraan pikeun pipindahan. Kaperluan-kaperluan dasar > ieu teu robah. Jaman kuring keur budak, asa teu aya kaperluan nabung jang meuli 'game' misalna siga budak kuring ayeuna. Tiap generasi beda kaperluan hirup na. Beda oge kabutuh na. Mun baheula mah ukur cai atah, pan ayeuna mah sagala rupa ge aya? Jeung anu leuwih penting, barang2 kaperluan urang ayeuna datang ti mana mendi. Enteh jeung kopi ge pan lain pituin Sunda misalna? Kumaha tah? > > Kukituna anu beunghar teh pan ditingal tina sabaraha langkung > kakayaanana dibandingkeun kaperluan dasar ieu. Lamun langkungna > seueur, mangka di dinya janten wajib zakat. > Kuring panasaran oge, cikan aya literatur perkara ekonomi Arab jaman Umar tea Kang? Aya (keneh) arsip perekonomian jaman harita kitu? Kuring panasaran oge hayang ngabandingkeun jaman harita jeung ayeuna. baktos, Rahman
