--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" <dian.nugr...@...> wrote: > > Punten, ayana cadangan emas henteu ngawaler patarosan "nagara mana nu > masih nganggo standar emas". Margi ari standar emas mah, artos teh > dipatok. Misal, 1 dinar Islam dipatok sami sareng 4,25 gram emas 22 > karat. > > Sanaos John Nash nyebatkeun standar emas, nanging "eusi" anu > didugikeun teh nyaeta, urang peryogi artos anu aya backingna. Tiasa > emas, atanapi logam sejenna (perak, platina).
Nuhun Kang D, Urang sambung deui obrolan tiheula ngarah rame (deui). Satuju Kang, data2 dihandap teu ngajawab panalek standar emas anu ngabeking duit. Keur kokoreh deui neangan eta info. Hanjakal teu inget di mana2 na puguh.:(( Tapi mun ditelek2 deui sacara leuwih jero, eta data di handap oge sacara teu langsung nunjukkeun aya na data nu saimbang. Paralel antara cadangan emas hiji nagara jeung KUATna duit. Mun ningali dollar amrik misalna. Masih keneh kaitung jadi lambang tukeur bisnis dunya sanajan ekonomi na ngalaman tikusruk oge. Alesanana? Kulantaran cadangan emas na pangbadagna di ieu dunya. Cadangan emas Amrik di Fort Knox teh ngabeking niley dolla anu aya. Mun Amrik liwat bank sentralna nyitakan duit terus2an, PASTI niley dollar oge bakal anjlog. Alesanana? Lantaran beking emas na geus teu nyukupan deui. Beking niley duit hiji nagara lain ngan ukur ku emas, tapi oge kudu dibeking ku kinerja ekonomi na. Sanajan loba beking emas na, tapi mun sistem ekonomi na kucrut mah, nya niley duit na oge kucrut oge! :)) Kasus anu pangpikarunyaeun mah .... Zimbabwe! Tambang emas jeung berlian ge loba.... tapi sistem ekonomi na ancur. Pond Zimbabwe hargana kumaha ayeuna? Ripuh.... baktos, Rahman
