Punten, ayana cadangan emas henteu ngawaler patarosan "nagara mana nu masih nganggo standar emas". Margi ari standar emas mah, artos teh dipatok. Misal, 1 dinar Islam dipatok sami sareng 4,25 gram emas 22 karat.
Sanaos John Nash nyebatkeun standar emas, nanging "eusi" anu didugikeun teh nyaeta, urang peryogi artos anu aya backingna. Tiasa emas, atanapi logam sejenna (perak, platina). --- Naha RI kersa atanapi henteu dipiwarang mayar zakat? RI teh hiji nagara, mangrupa kumpulan ti masarakat, kumpulan ti individu, plus pamarentahna. Unggal pamarentah + individu gaduh pakasaban / usaha, unggal usaha gaduh 'neraca keuangan'. Dina neraca keuangan aya, harta lancar, harta tetep, hutang, modal, anu rumusna: HartaLancar + HartaTetep = Hutang + Modal. HartaLancar tiasa dina wangun: - Emas/Perak, logam berharga - Artos, surat berharga, saham, - Stok barang dagangeun ZakatDagang = 2,5% x (HartaLancar - Hutang) Unggal individu (boh pausahaan, kulawarga, atanapi pamarentah) mayarkeun zakatna, kakempel janten zakat masyarakat, kakempel janten zakat sanagara. Disalurkeunana ningali prioritas: 1. ka anu neraca dagangna defisit di nagara eta heula. 2. salurkeun ka nagara sanes, pami tos teu aya nu defisit. Ari hukumna zakat teh wajib, tur TIASA diwajibkeun, janten KEDAH KERSA. Lamun urang sadar kana pentingna kasaimbangan likuiditas, tangtu urang oge sadar yen zakat teh perlu. 2,5% teh anu minimal, salangkungna tiasa mangrupi infaq atanapi wakaf (hibah). Wassalaam, Dian. 2009/1/2 Rahman <[email protected]>: > > Lantaran dirojok ku Kang 70, urang ngarahul (deui) perkara peremasan. > > Kang Dian dina obrolan tiheula nalek saha2 na anu make (keneh) standar > emas dina sistem sistem perduitan tea. > > Kabeneran kamari maca artikel dina elsevier magazine > (http://www.elsevier.nl/) nunjukkeun nagara2 mana anu boga cadangan > emas pangbadagna. > > Amrik boga cadangan emas na 8134 ton > Jerman boga cadangan 3413 ton > IMF boga cadangan 3217 ton > Prancis 2541 ton > Itali 2452 ton > Jepun 745 ton > Walanda 621 ton > Cina 600 ton > ECB 533 ton > > Dina eta artikel oge ditunjukkeun nagara2 produsen emas nu pangbadagna > taun 2007; > > Cina 280,5 ton > Afrika Kidul 269,9 ton > Ustrali 246,3 ton > Amrik 239,5 ton > Teu bucit2 teuing....Indonesa oge kaasup jadi produsen emas, 146,7 ton > > Mun nempo cadangan emas jeung sumber anu aya, katempo teu saimbangna > ieu sumber daya alam tea. Anu jadi pertanyaan, kumaha cara na > nyaimbangkeun ieu kakayaan tea? Naha daek RI dipajeg ku nagara batur > lantaran urang OGE jadi produsen emas? > > Mun duit rek diemaskeun, kumaha nasibna nagara2 anu teu boga emas? > Atuh ngagulawing pisan ka nagara produsen emas? > > Sakitu heula dongeng na. Mun aya nu nambahan atawa rek nu nambalang ge > kaci. Ditungguan puguh.... ngarah rame baraceo! :))) > > baktos, > > Rahman >
