--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" 
<dian.nugr...@...> wrote:
>

> 
> DN:
> Leres. Kukituna, urang peryogi artos anu teu gumantung kana situasi 
politik.
> 

Mun aya valuta nu bebas politik mah kuring 100% satuju Kang! :))) Ngan 
bisa kitu nyiptakeun valuta bebas polio? ;))

> 
> DN:
> Gumantung nu mana nu janten timbangan sareng mana nu ditimbangna.
> 
> jentren yen anu ajrut-ajrutan teh dolar.

Enya oge ketah mun ditilik ti sisi eta mah! :))) Ngan anu jadi 
kahemeng kuring teh, emas teh intrinsik boga niley anu hade. Ngan emas 
oge kapangaruhan niley nu sejen na.Niley emas ditetepkeun kulantaran 
eta sakadang emas teh jarang pisan. Mun tea mah produsen emas 
overproduksi, pasti anjrut oge pan?

Mun aya skenario siga kieu. Pek mun elmu kimia geus bisa nyieun emas, 
kumaha deuih akibat na?
> 
> Tiasa oge urang ngabandingkeun kana pangaos domba. Jaman khalifah 
Umar
> kacaritakeun yen pangaos domba teh kirang langkung 1 dinar emas.
> Ayeuna pangaos domba teh antawis 1 juta - 1,5 juta rupiah, 
sedengkeun
> 4,25 gram emas teh pangaosna ayeuan 1,2 juta rupia. Nya kaetang 
stabil
> kitu mah dina jeroning 1400 taun.

Mun harega domba stabil, kumaha mun diusulkeun mayar ku domba? he he 
he.... Heureuy Kang ah!

Kumaha cara ngitung dinar Arab jeung niley emas ayeuna? Kumaha 
ngabandingkeunana? Niley baheula jeung ayeuna. Utamana dibandingkeun 
jeung standar hirup Arab harita jeung urang SUnda ayeuna misal na?

Hanjakal kuring moal bisa mairan lebah dieu mah. Terus terang teu apal 
kana kaayaan ekonomi jeung sosiologis urang Arab jaman Umar. Teu apal 
kana literatur2 na acan!
> 

> DN:
> Nuhun, Kang. Anu 40% dibeking ku naon nya?

Duka, teu kabejakaeun di dinya. Ngan sigana mah ieu teh patokan 
nasional finansial urang NL dina raraga nyitak duit. Mun nyitak duit, 
minimal KUDU dibeking 60% niley emas. Kadituna mah duka teuing. 

Sugan aya baraya anu apal? Ari RI kumaha beking2an perkara perduitan? 
Aya si Akang ti Bapenas jeung ti departemen kaduitan teu?;))

baktos,

Rahman

Kirim email ke