--- In [email protected], "Dian Tresna Nugraha" <dian.nugr...@...> wrote: >
> > DN: > Tapi tetep teu proporsional. Misalna ayeuna 1 dolar teh 100 yen, tapi > ari dina cadangan emasna mah 8100 (usa) ton vs 740 ton (jepang). Lamun > tea proporsional mah, 1 dolar teh kira-kira 10 yen. Kang D, Niley tukeur hiji valuta teh ditangtukeun lain ukur ku niley (kinerja) ekonomi wungkul, tapi OGE patumpangtindih jeung kaayaan sosial jeung utamana mah stabilitas POLITIK hiji masyarakat eta valuta. Contona mah, UE ayeuna. Sigana mah mun euweuh valuta euro kaayaan krisis di UE ayeuna bakal leuwih ripuh. Mun tea mah Spanyol masih keneh make peseta, bakal leuwih ripuh. Lain saukur kagususr ku kinerja ekonomi na anu kurang waras, tapi alatan beking politik finansial UE anu ngabiaskeun ieu krisis, Proporsional niley tukeur moal bisa diitung hideung bodas, loba teuing faktor anu kudu diitung na. Cadangan emas hiji nagara ngan ukur faktor leutik dina ngawangun niley valuta na. > DN: > Moal kitu lamun nganggo standar emas mah, niley artos bakal tetep > sabab dipatok. Ayeuna soteh kitu lantaran teu aya hubungan langsung > antara cadangan emas sareng artosna. Patokan mah pasti aya, ngan dina praktekna dibebenyeng ku faktor sejen na. Oge aya faktor luar ekonomi anu milu nangtukeun niley perduitan OGE niley peremasan. Malik nanya Kang.... naha ari harga emas geuning OGE naek turun? Kunaon bet kitu? Faktor2 naon anu ngakibatkeun harga emas ajrut2an? :))) > > DN: > Duh, eta nagara mah mah ancurna kulantaran ngiringan perang Kongo. > Ari ceuk kuring mah, lain milu perang na Kang. Lantaran Zimbabwe teu aya STABILITAS politik jeung ekonomi na. Teu stabil lain akibat perang, tapi akibat pamingpin na anu diktatorial. Aeh enya Kang D, perkara sumber info kuring sahubungan jeung cadangan emas tea. Teu nyangka kapanggih na.... dina buku palajaran ekonomi budak kuring he he he. Miluan ngabantuan nyieun PR harita. Paingan dikotektak mani teu inget2 di mana maca na. Koreksi.... aturan finansial Walnada ceuk eta buku palajaran ekonomi tea, nangtukeun beking emas LAIN 90%, tapi 60%! Kuring salah nyebut tiheula. :(( baktos, Rahman
