2009/1/5 Rahman <[email protected]>:
>
> Niley tukeur hiji valuta teh ditangtukeun lain ukur ku niley (kinerja)
> ekonomi wungkul, tapi OGE patumpangtindih jeung kaayaan sosial jeung
> utamana mah stabilitas POLITIK hiji masyarakat eta valuta.
>

DN:
Leres. Kukituna, urang peryogi artos anu teu gumantung kana situasi politik.

> Patokan mah pasti aya, ngan dina praktekna dibebenyeng ku faktor sejen
> na. Oge aya faktor luar ekonomi anu milu nangtukeun niley perduitan
> OGE niley peremasan. Malik nanya Kang.... naha ari harga emas geuning
> OGE naek turun? Kunaon bet kitu? Faktor2 naon anu ngakibatkeun harga
> emas ajrut2an? :)))

DN:
Gumantung nu mana nu janten timbangan sareng mana nu ditimbangna.

Misal, urang nyebatkeun harga 1 gram emas naek ti 15 dolar janten 20
dolar lantaran urang ningali ti sisi dolar salaku timbanganana.
Padahal, lamun urang netepkeun emas salaku timbangan, anu langkung
payus mah disebatkeun "harga dolar turun ti 1/15 gram emas janten 1/20
gram emas."  Janten tina sudut pandang emas, anu ajrut-ajrutan teh si
dolar.

Tiasa oge urang ngabandingkeun sareng pangaos komoditas nu sanesna.
Misalna: emas vs minyak, dolar vs. minyak.
Grafik: http://www.zealllc.com/c2004/Zeal082004A.gif
Tina grafik eta katingal trend inflasi harga minyak teh ampir nol, tur
jentren yen anu ajrut-ajrutan teh dolar.

Tiasa oge urang ngabandingkeun kana pangaos domba. Jaman khalifah Umar
kacaritakeun yen pangaos domba teh kirang langkung 1 dinar emas.
Ayeuna pangaos domba teh antawis 1 juta - 1,5 juta rupiah, sedengkeun
4,25 gram emas teh pangaosna ayeuan 1,2 juta rupia. Nya kaetang stabil
kitu mah dina jeroning 1400 taun.

>
> Aeh enya Kang D, perkara sumber info kuring sahubungan jeung cadangan
> emas tea. Teu nyangka kapanggih na.... dina buku palajaran ekonomi
> budak kuring he he he. Miluan ngabantuan nyieun PR harita. Paingan
> dikotektak mani teu inget2 di mana maca na. Koreksi.... aturan
> finansial Walnada ceuk eta buku palajaran ekonomi tea, nangtukeun
> beking emas LAIN 90%, tapi 60%! Kuring salah nyebut tiheula. :((
>
DN:
Nuhun, Kang. Anu 40% dibeking ku naon nya?

Dian.

Kirim email ke