--- In [email protected], "H Surtiwa" <surt...@...> wrote:
>
> Kumaha ieu teh asa janten harilap...lain ari nilai US Dollar dina 
sistim
> kapitalis teh dipatok kana emas $ 35/Troy ounce di Brentwood ? 
Kunaon aya
> usulan standard emas, platuina , jrrd anu cenah "bebas pulitik". 
Tapi ulah
> hilap yen Emas, Perak, valuta teh Komoditas Ekonomi oge. jadi lamun 
maen
> gandul2an kana logam mulia anu rek dianggap "bebas pulitik" padahal 
oge
> "komoditas"..nya sami wae sareng nyetandarkeun valuta kana DUA 
parameters.
> 
> 



Bener kitu Kang S,

Ari keur sakuringeun mah, sistem valuta anu aya ayeuna geus nyumponan 
kabutuh umat manusa. Kapanggih na sistem duit ayeuna keur kuring mah 
teu pati jauh jeung kapanggihna roda anu buleud. Coba pikiran, tanpa 
roda.... sigana budaya manusa teu bisa jalan tah?

Oge sistem perduitan (sisi positif, OGE negatif na)mangrupa salah 
sahiji kreasi pamikiran manusa jang ngagampangkeun kahirupanana. 
Sistem duit ayeuna LAIN stasion ahir, tapi bakal ngalakonan evolusi 
deui luyu jeung kapentingan manusa.

Bisa jadi duit keretas jeung logam ayeuna BAKAL ngaleungit, diganti 
kabeh ku duit digital. Di pasar swalayan NL oge geus ngarah ka lebah 
dinya. Kerencengna duit geus dianggap langak. Mayar teh make duit 
plastik.... malah mah aya sababaraha pasar swalayan anu bisa mayar 
make HP!!! :))) Produk2 anu rek dibeuli discan ku HP sorangan.... 
mayarana, ngantelkeun HP kana tempat mayar! Kabeh digital!!! :)))

baktos,

Rahman

Kirim email ke