[Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik Waluya
Carita Pondok Kompas Minggu 21 Oktober 2007. Nu ngarangna Si Oneng Rieke Diah Pitaloka. Rieke nu kalahiran Garut sanajan urang Jawa, ngaran Carpon Basa Indonesia bari diselipan basa Sunda. Ceuk kuring mah, nu teu ngarti sastra, lumayan lah carponna Si Oneng teh, nyanggakeun copy-pastena: Siit

[Urang Sunda] Sundamidang Kahuruan (Hayu Urang Bantosan!)

2007-10-22 Terurut Topik Pipiet Senja
assalamualaikum wr.wbb lami pisan abdi henteu nepangan wargi KUSNET tapi da noongan mah sering ieu mah bade ngawawaran wae ka wargi sadaya kamarina mah, sabaraha dinten kapengker aya sms ti kang Dudi Santosa; kamusibatan, kantor redaksi majalah Sunda Midang seep kahuruan ka sing saha wae

[Urang Sunda] Tatakrama Basa Sunda (Undak usuk Basa; Bag.1.01)

2007-10-22 Terurut Topik Ahmad Sopiani
Assalamu'alaikum wrwb. Nu bade balajar deui Basa Sunda, mangga urang sasarengan. Tatakrama Basa Sunda (Undak usuk Basa) Luyu jeung kaputusan kongres Basa Sunda anu kalima taun 1988 di Cipayung, Bogor, gurat badagna Tatakrama Basa Sunda dibagi 3 golongan, nya eta: 1. Basa Kasar.

Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ceuk kuring mah kakuatan carponna neng Dyah Pitaloka (oneng), dina susunan basana. Pondok-pondok jiga puisi/prosa berirama, kentel warna lokal/kadaerahan anu jelas-jelas nunjuk ka wewengkon Garut (aya disabit-sabit pabrik dodol). Dialek kadaerahanana katingali pisan dina sababaraha dialogna.

Re: [Urang Sunda] Re: Hadiah Lebaran nu rada elat

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Orbit = Oh... Reading Habit... Wilujeng boboran ka sadayana... On 10/20/07, MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote: Ceuk inyana Orbit teh wancahan tina Reading Habit duka tah ari O na naon.

[Urang Sunda] Ngabeng...Malikkeun Diri: (lalakon mudik)

2007-10-22 Terurut Topik tantanhermansah
Nalika jiwa-jiwa ieu lumengis nandangan kanyeri anu teuing ku naon sababna. Mulangkeun sagala rasa ka Dzat anu Maha sagala, ngajadikeun lalakon spiritual anu pinuh makna. Sapertos naon anu diunggelkeun ku Allah dina firman-Na: Yeuh...jiwa-jiwa anu mutmainnah! Geura balik deui aranjeun ka Dzat anu

Re: [Urang Sunda] neda piduana hick.....hick.....

2007-10-22 Terurut Topik herni herningsih
yeee saha nu bade nraktir nraktir ti hongkong?? moal aya nu kersaeun dijamin!!! Masih kieu teh masih kieu kumaha? da kakasepan mah moal robah atuhh heu...heuheu.. baktos herni boo - Pesan Asli Dari: Toni Sofian [EMAIL PROTECTED]

Re: [Urang Sunda] neda piduana hick.....hick.....

2007-10-22 Terurut Topik ndoell
Diduakeun pisan ceu Herni... mugia ceu Herni dipasihan idin ti Kapala Sakola pikeun ngaluuhan acara HBH Kusnet dinten saptu nu bade dongkap. Tah, ieu teh picontoeun keur saha-saha bae anu ngarasa miboga ka Kusnet. rasa micinta kana kasundaan. Rasa tanggung jawab keur manjangkeun bulu irung.

RE: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik mj
Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu bisa kuring karang. Tapi sukses, dibalikeun. Teu cocog pikeun kompas sigana, boa oge caritana kurang hade. Ari caritana mah pangalaman keur leutik, Sd keneh. Poe kahiji puasa ka aki di gunung, menta awi gombong pikeun lodong. Tah

[Urang Sunda] kenalkeun, nu anyar

2007-10-22 Terurut Topik adi sugara
assalamu alaykum wr wb nepangkeun abdi anggota anyar di milis ieu dina waktos nu masih haneut keneh moment na, abdi neda hapunten k sadayana (ari nyungkeun hapunten mah iraha wae ge sae, meskipun can kenal ge teu sawios kan) minal aidzin wal faizin, basa sunda kirang tiasa da, diajarna

Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik Agus Hermawan
leuheung dibalikeun mah kang... aya beja abdi mah ngirim hiji-dua carpon ka Cupumanik... pleng, teu beja, teu beje... he..he lebar mangsi meureun ush --- In urangsunda@yahoogroups.com, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: Si kuring kamari2 teh ngirim cerpen ka kompas. Hiji2na cepren nu bisa

Re: [Urang Sunda] Re: nepangkeun --- Angklung deui

2007-10-22 Terurut Topik trias santosa
Kang Deny!..., InsyaAlloh, upami pareng, ke dina waktos pere usum panas anu bade dongkap, sim kuring sakulawarga bade pakanci di Bandung sasasih bae mah. Di Sant Pauli (ieu mah nu saena) aya Musium sejarah Hamburg, gedungna ageung, 3 lantai, lega pisan. Koleksina seueur utamana ngeunaan

Re: [Urang Sunda] kenalkeun, nu anyar

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Wa'alaikumsalaam w. w. Bagea, Kang Adi... Wilujeng sumping di Babakan Kusnet, milisna urang Sunda. Wilujeng boboran oge... Na nasib teh bet mirip geuning? Jakarta, Cileunyi, Jatinangor... boa2 wawuh... On 10/22/07, adi sugara [EMAIL PROTECTED] wrote: assalamu alaykum wr wb nepangkeun abdi

[Urang Sunda] HBH 2007

2007-10-22 Terurut Topik Agus Wirabudiman
Sampurasun,... Langkung tipayun hapunten anu kasuhun tiluhur sa usap rambut tihandap sa usap dampal, Wilejeng Boboran Siam, Taqobbalallohu minna minkum shiamana washiamakum... Atuh khususna kasesepuh kusnet, hapunten anu kasuhun bilih dina waktosna simkuring teu tiasa ngaluuhun dina acara HBH

Re: [Urang Sunda] Si Kabayan Raheut Curuk

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
hih... ari kolot, nya... heureuy teh tara jauh ti eta... jadi inget kana 'maen colok bujal'-na urang Keresek... On 10/19/07, Didin Kustandi [EMAIL PROTECTED] wrote: I : Da ieu mah lain eta munding, akang ………. nu Iteung ! K : Euleuh, kutan ! Hadena w, ieu oge lain curuk, Iteung

Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing

2007-10-22 Terurut Topik Kebo Hideung
enya kang kuring oge pernah ngorong tuluy nyobaan dikirimkeun, da ableng teu aya bejana. ngalelewihi bang toyib. Kebo Hideung - Original Message - From: Agus Hermawan To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, October 22, 2007 3:20 PM Subject: Re: [Urang Sunda] Siit

Re: [Urang Sunda] from mudik with love

2007-10-22 Terurut Topik epi taufik
sami-sami mang jamal, hampura lahir sinareng batin, diantosan sindang heula ka pidumukan, horeng teh ngan ngalangkung wungkul meureun nya, kumaha di karang kamulyan pendak sareng kuncen na teu? da eta teh dulur nini kuring keneh On 22/10/2007, mj [EMAIL PROTECTED] wrote: wilujeng lebaran

[Urang Sunda] Fwd: puuunteeeeen

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Mangga dilajeng, Kang Iwan -- Forwarded message -- From: iwan ♫ mr [EMAIL PROTECTED] Date: Oct 17, 2007 5:53 PM Subject: puuunten To: [EMAIL PROTECTED], [EMAIL PROTECTED] tiasa abdi daftar didieu? nuhun

Re: [Urang Sunda] Siit Uncuwing - Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Bedil Lodong aya keneh Mang, malih di daerah Cianjur anu ngawates sareng Sukabumi (Kp. Cibanteng/Sukamukti Desa Karyamukti, Kec Campaka - Cianjur) mah anu ngokojoanana teh Ajenganana. Bahan Lodongna tina tangkal kawung anu geus kolot pisan, diameterna kira2 0.5 meter, panjang 5 - 6 meter. Kawung

Re: [Urang Sunda] Nohonan subaya...

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Apih... perkawis peluang ekspor, asana teu aya rugelna upami teras mayeng dikintunkeun ka milis. Perkawis nyanggut/henteuna mah, nya susu ganan bae... Pikeun kuring pribadi, najan teu icikibung dina widang anu dimaksad, tapi lumayan kadar nambih2 kaweruh bae mah... Malih, langkung ti eta,

RE: [Urang Sunda] from mudik with love

2007-10-22 Terurut Topik mj
Eh, nya, hampura nya. Asa teu nyalse karuh da rombongan kitu. Sabondoroyots. Teu ka markas geng SMA deuih di caringin. Padahal tiap lebaran h2 sok kumpul di dinya. Di bojong ge aya Nina nu ti ipb, ukeun novel Dong Mu, haratis. Puguh da teu mamawa novel atuh keur lebaran mah. Hehe

[Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik mj
Wah di Cianjur mah langkung seurieus nya. Jeung ajenganana. Jaba ku tangkal kawung. Siga pisan meriam atuh. Lodong di lembur mah harita sadayana ge ku awi gombong. Awi nu pangkuatna/badag ukuranana. _ From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Naufal

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Aya deui Mang anu siga lodong, ngan ieu mah di kubur, ngaranna Cubluk (lain spiteng). Prak-prakan nyieunna kieu : 1. Ngagali liang dina taneuh kira-kira ukuranana jero 20 - 30 cm, lebar 20 cm, panjang 50 cm 2. Siapkeun papan ukuran (l x p) 30 x 50 cm, polongoan tengahna kira2 sagede duit 500-an

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik trias santosa
Euleuh... bedil lodong teh bahaya atuh nya, tiasa meupeuskeun kenteng sagala. lamun kenteng bisa peupeus komo deui mun jalma nu dekeut lodong. Mun bener tea mah bahaya, jeung sok sanajan kitu, sae oge dilestarikeun, da ieu mah budaya, ngan sigana kedah dipasang rambu rambu peraturan, misalna

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Ih ... da muhun atuh Kang Trias, bahaya pisan, malih anu ngangge awi gombong oge aya kajantenan anu kagebos ku seuneuna dugi ka seep halis, bulu soca, rambut bagian payun. Gara-garana, pas lodongna ngabelekbek (teu disada) ku rerencangan teh di toong, na ari gebos teh kaluar seuneu tina

Re: [Urang Sunda] kenalkeun, nu anyar

2007-10-22 Terurut Topik adi sugara
alhamdulillah hatur nuhun kang kumincir atuh hayu urang uih sareng biasa da abdi mah sok kana beus jumaah sonten atanapi sok nebeng sareng rencangan kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Wa'alaikumsalaam w. w. Bagea, Kang Adi... Wilujeng sumping di Babakan Kusnet, milisna urang

Re: [Urang Sunda] from mudik with love

2007-10-22 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Dinten Saptu, ping 23 Oktober, sim kuring oge mudik ka Priangan Timur. Maksad utamina mah ka Sodong, Tasik, tempat lahir pun bojo. Sadinten sim kuring sabondoroyot mondok di Tasik. Ari pek teh aya jorojoy hoyong ka Pangandaran, Kampung Naga sareng Karang Kamulyan kumargi saumur-umur can terang

[Urang Sunda] Re: Balasan: [kisunda] Mati Suri = Mati Icip-icip

2007-10-22 Terurut Topik Agus Wirabudiman
editdeletereply wirabudiman wrote today at 7:20 AM http://irdy74.multiply.com/reviews/item/142 Mati Suri ada beberapa tingkatan (proses kematiannya/proses melepasnya Jiwa/Ruh dari Jasmaninya) ada yang Lepas Ruhnya/Jiwanya 100% (ini sudah dianggap mati beneran dan sudah dikuburkan lalu di Gali

[Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Agus Hermawan
aya deui nu leuwih gampang: maka balon gas... pasang sumbu rada panjang... baheula mah keur budak ukur ku gulungan kertas koran sagede rokok kawung, terus diduruk tungtungna, hurung mapay...pas seuneu keuna balon gas.. langsung ngajelegur... biasana mah langsung diberik ku bapak-bapak.. matak

[Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Dena
heuheuheu, kuring ge ngalaman beak halis mah kagebos kusakadang lodong gombong karbit! Malah nepi kaayeuna ceuli nu katuhu mun ngadenge sora nu frekuensi luhur teh najan ukur sora anak hayam sok langsung ngajelenging! Malahan pernah kajadian eur eur salelembur pedah hiji mangsa, senior kuring

[Urang Sunda] Re: Hadiah Lebaran nu rada elat

2007-10-22 Terurut Topik Dena
ORBIT = Ontohod Reading Habit! --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Orbit = Oh... Reading Habit... Wilujeng boboran ka sadayana... On 10/20/07, MSasmita [EMAIL PROTECTED] wrote: Ceuk inyana Orbit teh wancahan tina Reading Habit duka tah ari O na

[Urang Sunda] Bewara Undangan Terbuka

2007-10-22 Terurut Topik Trisno Yuwono Triss
B E W A R A LAWANG KORI Jl. Dr. Curie No. 1 Cipaganti-Bandung Telp. 022-91643519 Nomor : Istimewa Lampiran : 1 (Satu)

Re: [Urang Sunda] kenalkeun, nu anyar

2007-10-22 Terurut Topik Aa Ahmad
Wilujeng tepang ka sadayana, Sami abdi ge enggal lebet ka milis ieu. Na gening sami Kang Adi Kang Kumincir... da abdi ge unggal Juma'ah sonten mudik teh. Mung abdi mah Jakarta - Cileunyi - teras ka Sumedang. Hayu iraha2 mah urang sareng. Bade tumaros, dupi komunitas KusNet nu di Jakarta sok aye

Re: [Urang Sunda] kenalkeun, nu anyar

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
tangtos osok atuh, Kang... Malih mah minggu payun pisan bade aya halal bihalal di Kiara Payung, tonggoheun Jatinangor. Urang Sumedang salaku sohibul bet mah tangtos kedah haladeer... heuheu... Bilih peryogi impo perkawis ieu acara (HBH), mangga tingalan arsip milis. Tiasa oge ngontak abdi di

[Urang Sunda] Re: [Baraya_Sunda] Nagrek(g) .....

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Kungsi nyobaan nulis, niatna mah hayang dikirimkeun ka koran. Tapi teu kebat mekarkeunana, antukna nyangsang dina blog http://kumincir.multiply.com/journal/item/28/Dari_Nagrek_ke_Malimping Hanas ditulis dina basa Indonesia, ari pek nu nembalan teh urang Sunda deui, urang Sunda deui... huheu On

[Urang Sunda] Anggota Enggal

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Punten ka para Kuncen, Sim kuring teh katitipan saur ti pun adi, saurna hoyong ngagabung di ieu ririungan mung isin sareng teu terang kumaha lebetna. Ku kituna disuhunkeun kerna Allahna, manawi henteu rengat galih, eta pun adi hoyong dipangulemkeun lebet ka ieu Babakan. Dupi identitasna (naon

[Urang Sunda] Re: Anggota Enggal

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Ehh .. ari E-mailna kakantun, punten ah.. ieu E-mailna [EMAIL PROTECTED] hatur nuhun (deui), Baktos, NFG On 10/22/07, Naufal Fajar Gumati [EMAIL PROTECTED] wrote: Punten ka para Kuncen, Sim kuring teh katitipan saur ti pun adi, saurna hoyong ngagabung di ieu ririungan mung isin sareng

Re: [Urang Sunda] from mudik with love

2007-10-22 Terurut Topik Tatang Sariman
Ah ari ayi ??, aki tams masih emut boboran teh ping 13 dinten saptu, sanes ping 23 da ping 23 mah enjing dinten salasa. Eeh sanes ngalelewe yeuh, aki tams, ninina, oge sareng pun adi, dinten ahad 14 Oktober teh ka palih kiduleun kota Tasik. Anu dibujeng tangtos pun biang di kampung Burujul

Re: [Urang Sunda] Anggota Enggal

2007-10-22 Terurut Topik kumincir
Keun... pami istri mah ku abdi moal teu diulem... malihan pami aya alamatna mah bade langsung bae didongkapan. Mana alamat lengkepna sareng nomer hapena, Kang? Heuheu... Teh Derry, kanggo gabung mah mangga kintun surelek kosong ka [EMAIL PROTECTED] saatosna ngirim, ulah hilap nyambat ngaran

[Urang Sunda] Sampurasun...

2007-10-22 Terurut Topik arief_sapariyudin
Nepangkeun sim abdi urang Garut, Sanaos tos kalangkung..abdi sarimbit ngahaturkeun Wilujeng Boboran Siam 1428 H ka sa kumna masyarakat Kusnet. Nyuhunkeun dihapunten bilih aya kaleupatan.. Baktos, Arief

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit...bagedor

2007-10-22 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Baheula waktu kuring keur di pangalengan, lodong teh dijieun tina tangkal pakis haji,ngaranna teh BAGEDOR. Leuwih kuat tibatan lodong anu dijieun tina awi Bitung. Kawantu harita mah di Pangalengan teh leuweungna masih leuweung gerotan, jadi masih loba tatangkalan pakis haji. enya jiga di Cianjur

[Urang Sunda] Re: Sampurasun...

2007-10-22 Terurut Topik iman_maulana13
--- In urangsunda@yahoogroups.com, arief_sapariyudin [EMAIL PROTECTED] wrote: Nepangkeun sim abdi urang Garut, Sanaos tos kalangkung..abdi sarimbit ngahaturkeun Wilujeng Boboran Siam 1428 H ka sa kumna masyarakat Kusnet. Nyuhunkeun dihapunten bilih aya kaleupatan.. Baktos, Arief Rampes

Re: [Urang Sunda] Re: Hadiah Lebaran nu rada elat

2007-10-22 Terurut Topik Iman Nugraha
O na Orai meureun? Da duka teuing... On Mon, 22 Oct 2007 19:29:20 +0700, Dena [EMAIL PROTECTED] wrote: ORBIT = Ontohod Reading Habit! --- In urangsunda@yahoogroups.com, kumincir [EMAIL PROTECTED] wrote: Orbit = Oh... Reading Habit... Wilujeng boboran ka sadayana... On 10/20/07,

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit...bagedor

2007-10-22 Terurut Topik surtiwa surtiwa
Eta ari Pakis haji teh..anu daunna tiasa diemam..didamel sayur kalio ku Ibu2, leres henteu ? --- MRachmat Rawyani [EMAIL PROTECTED] wrote: Baheula waktu kuring keur di pangalengan, lodong teh dijieun tina tangkal pakis haji,ngaranna teh BAGEDOR. Leuwih kuat tibatan lodong anu dijieun tina

RE: [Urang Sunda] Sampurasun...

2007-10-22 Terurut Topik Heryadi, Eddy
Rampes... kang Arief... mangga geura linggih.. sok ah tong isin - isin didieu mah di mana Garutna kang? Pun bojo oge urang Garut...leresan jalan ka wanaraja Diantos posting salajengna... -eddy- -Original Message- From: urangsunda@yahoogroups.com [mailto:[EMAIL PROTECTED] Behalf Of

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit...bagedor

2007-10-22 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Leres pisan. Malihan mah pikeun urang Batak mah, eta daun teh janten salah sahiji menu utama kanggo disayur. Di pasar oge, masih sok ningali k pucudaun pakis haji diicalan ku tukang sayur. baktos, mrachmatrawyani --- surtiwa surtiwa [EMAIL PROTECTED] wrote: Eta ari Pakis haji teh..anu daunna

[Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy

2007-10-22 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Minggu kamari waktos mudik ka Bandung, sim kuring singgah ka toko buku GM di BSM. di dinya mendakan sareng meser buku anu judulna Tata Ruang Masyarakat Baduy karya kang R. Cecep Eka Permana, terbitan Wedatama Widya Sastra, sasih Maret 2006. Dina salah sawios kaca eta buku aya seratan

[Urang Sunda] [Lowongan Damel] Staff akunting Pameget di Kantor Pusat Pokari Indonesia, Pondok Indah

2007-10-22 Terurut Topik ikmals
Assalamu'alaikum Wr.Wb. Tadi rerencnagan damel urang pokari akunting, nyarioskeun yeun pausahaan nana nuju meryogikeun staff akunting pameget Ka palawargi, bilih aya anu meryogikeun, mangga di kintun e-mail ka [EMAIL PROTECTED] atanapi naghubungi abdi di 021-7697433 kanggo aktif damel di Januari

Re: [Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy

2007-10-22 Terurut Topik MRachmat Rawyani
Ceuk cenah, salah sahiji cara nyocokkeun hiji bangsa aya pakaitna jeung bangsa sejenna, nyaeta ku cara ningali parabotanana anu dipake sapopoe. Ceuk ahli arkeologi, parabotan anu aya di urang Kanekes (Baduy), heunteu nunjukkeun aya kamiripan anu dipake dina jaman Karajaan Pajajaran. Anu matak

[Urang Sunda] Karya suwargina bapa Edi S. Ekajati: Jati Kasilih ku Junti

2007-10-22 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Waktos mudik ka Bandung, di Bandung Super Mall, sim kuring mendakan buku Kebangkitan Kembali Orang Sunda: Kasus Paguyuban Pasunda 1913 - 1918 karya suwargina bapa Edi S. Ekajati taun 2004. Salasawios babna (nyaeta Bab II) ngaguar budaya Sunda anu kasilih ku budaya sanes. Kieu tah unggelna

Re: [Urang Sunda] Anggota Enggal

2007-10-22 Terurut Topik Agus Wirabudiman
Mangga-mangga geura kalebet wae...diantos...bagja-bagja... - Original Message - From: Naufal Fajar Gumati To: urangsunda@yahoogroups.com Sent: Monday, October 22, 2007 9:21 PM Subject: [Urang Sunda] Anggota Enggal Punten ka para Kuncen, Sim kuring teh katitipan saur ti

Re: [Urang Sunda] from mudik with love

2007-10-22 Terurut Topik Aschev Schuraschev
Aeh, leres pisan aki tams. Aya kalepatan dina nyerat tanggalna. Tah eta leres, ti tanjakan Gentong sim kuring nembe kenging kamacetan teh. Aeh gening aki doktor teh tos aya di Endonesia. Nuhun atuh ari tos salamet leupas ti Malaya mah. Salam, Asep Tatang Sariman [EMAIL PROTECTED] wrote:

Re: [Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy

2007-10-22 Terurut Topik helmi matari
siganamah suku baduy mengakui asal usulna ti nabi adam saatos islam lebet ka daerah kulon jawa. sabab nu mengakui asal usulna ti adam agama2 nu asalna berkembang di dunia arab nyaeta islam, kristen, dll. tapi agama nu berkembang pesat di kulon jawa (daerah Jawa barat - sunda) nyaeta islam.

[Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Roro Rohmah
Tepang deui baraya... :) Euleuh...euleuh...urang Cianjur mah mani diniatan ngadamel Lodong Karbit teh nya? Dugi ka Mama Ajengan ngiring ancrub ngokojoan...paingan atuh urang Cianjur sok dituding wae teroris... boa2 pedah sok ngarome lodong karbit.. (bari sasalaman da Boboran keneh, sieun

Re: [Urang Sunda] Re: Lodong Karbit

2007-10-22 Terurut Topik Naufal Fajar Gumati
Wilujeng tepang Teh Roro, wilujeng kenal (tos kenal teu acan nya ? edeg bari rada gumasep !) Da muhun atuh Teh Roro, di Cianjur Kidul mah ngahajakeun pisan ngadamel Lodong teh, malih teu kapalang nu dianggena oge tangkal kawung pangbadagna (enjum we sugan mah... badag enjum..). Ieu teh pangalaman

[Urang Sunda] nepangkeun.

2007-10-22 Terurut Topik [EMAIL PROTECTED]
sampurasun nepangkeun nubie ti sukabumi,lian ti Abdi aya teu nu ti sukabumi di milis ieu?

[Urang Sunda] wilujeng ka Kang John van der Ploeg

2007-10-22 Terurut Topik yayan sopyan
Kang John kumaha damang? nepangkeun, sim kuring Yayan Sopyan, sim kuring oge tongki (blasteran), pun bapa ti Garut, mung pun biang ti Ciranjang Cianjur...hehe... ari ayeuna linggih di Ciputat Tangerang. Kaleresan ngawulang di Universitas Islam Negeri Syarif Hidayatullah Jakarta. bagea pisan mun

Re: [Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy

2007-10-22 Terurut Topik iwan rashid
apalan euy kana sajarah si bapa eta mah, ari surawisesa teh sahana baduga? uyut kuring oge sura? tp surajawian ti padaherang Ciamis, malah aki nini indung bapa oge akur. ari kuring mah rorompok di manonjaya tasik, buburuh keneh di Jakarta (sakalian nepangan). kumaha tah sangkan bisa sajarah