Re: [Urang Sunda] sampurasun

2007-03-14 Thread hangjuang bodas
Jang Kum-kum, naha los-los ka Apih geuning? Teh Riri mah nu nganggo jilbab, jangkung, bodas, rarayna ngadaun seureuh. Di Acara Riungan Simpay mah sok jadi tukang ngababagi konsumsi. Tapi ari keur ngaprak di lembur Sindangbarang mah, sakapeung sok ditutuyun ku uing. HB kumincir

Re: [Urang Sunda] Basa (bahasa) Palaung

2007-03-14 Thread hangjuang bodas
Haturan Ua Engke ku kuring dipilari di tempat "peperenian" aya teu kamus Palaung-Inggris teh. Jadi ngiring panasaran. Basa kamari ningali hasil "panalungtikan" Pa Inotji nu ngababandingkeun kecap-kecap basa Sunda jeung basa Maori, anjeunna kenging welasan kecap nu sarua atawa m

Re: [Urang Sunda] Festival Kreasi Seni Tari Sa-Bogor!!!!!

2007-03-19 Thread hangjuang bodas
Di tukangeun kantor DPRD, sagigireun kantor Walikota, handapeun kantor YB Hanjuang Bodashehe HB kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Gedong Kamuning Gading teh di mana alamatna? On 3/17/07, netta fahad <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

[Urang Sunda] [Iklan] Buku: Nyanghulu ka Hukum, Nyanghunjar ka Nagara

2007-11-19 Thread hangjuang bodas
Wilujeng Siang. Sim kuring katitipan ku rerencangan ti RMI (RMI the Indonesian Institut for Forest & Environment), hiji LSM nu concern kana widang konservasi leuweung nu parantos medalkeun buku nu judulna "Nyanghulu ka Hukum, Nyanghunjar ka Nagara. Sebuah Upaya Masyarakat Cibedug Memperoleh Pen

[Urang Sunda] Seni Sunda di Mal

2006-12-06 Thread hangjuang bodas
Kamari teh kungsi ngaluuhan acara "Gelar Seni Tari & Musik Khas Sunda" nu diayakeun di Bogor Trade Mall (BTM), salah sahiji Mal anyar di Bogor. Acara ieu dikokolakeun ku Yayasan Tatar Pakuan (YTP) nu gawe bareng jeung HiSS (Himpunan Seniman Sunda). YTP teh hiji organisasi enggal di Bogor mah,

[Urang Sunda] Dongeng Sunda Buhun ti Majalah Walanda taun 1872

2006-12-16 Thread hangjuang bodas
Nyutat ti Majalah Walanda, TIJDSCHRIFT voor INDISCHE TAAL, LAND EN VOLKENKUNDE, wedalan taun 1872. Dongeng Sunda Buhun ieu dikukumpul ku J.A. UILKENS, mangrupa carita ra’yat urang Ciamis. NINI-NINI MALARAT JEUNG DELEG (GABUS) KASAATAN Jaman baheula aya nini-nini malarat teu ki

Re: [Urang Sunda] Re: Bujangga Manik---> HartosnaTohaan

2007-01-10 Thread hangjuang bodas
Hatur nuhun ka nu tos ngiring medar hartosna tohaan, jigana naon nu tos didugikeun teh leres sadaya saluyu sareng jaman, kaayaan sarta konteks kecap tohaan eta. Mung sim kuring bade nambihan sakedik, hususon pikeun kasus Bujangga Manik nu ngagaduhan gelar tohaan. Tohaan di dieu sami sareng keca

[Urang Sunda] Tradisi Parebut Seeng dina Acara Jatukrami

2007-01-26 Thread hangjuang bodas
Tradisi Parebut Seeng dina Acara Jatukrami Di dunya persilatan mah ngaran Cimande asana tos teu bireuk deui, tos kawentar ka ditu ka dieu. Dugi ka ayeuna oge paguron silat Cimande mah jadi tempat pangjugjugan pikeun jalma nu hayang miboga elmu kanuragan. Sagedengeun eta, Ci

Re: Adipati (Re: [Urang Sunda] Ganti nami lahir/nami "Arya")

2007-01-28 Thread hangjuang bodas
Leres pisan nu didugikeun ku Bah Willy. Raden, Aria, Adipati jeung Pangeran memang gelar pikeun Bupati atawa sok sering disebut oge Dalem. Gelar pangpunjulna nyaeta Pangeran, sedengkeun Raden, gelar Bupati panghandapna. Aria jeung Adipati aya ditengah-tengahna. Gelar-gelar ieu diistrenke

[Urang Sunda] Skandal Buku Sunda (Deui)

2007-06-25 Thread hangjuang bodas
Nalika tepang sareng pa Agus Arismunandar spk ti FIB UI ping 12 Juni 2007 di Kampung Budaya Sindangbarang, sadinten samemeh acara Sarasehan Budayawan/Seniman Bogor, Anjeunna kungsi nembongkeun hiji buku nu judulna: Dimensi Mitis, Historis, Pakuan Pajajaran karangan Anwarudin Harapan. Buku ieu

[Urang Sunda] Manusa Cihaliwung

2009-02-01 Thread hangjuang bodas
Di kompas poé ieu aya tulisan batur kuring ngeunaan jalma-jalma nu ngamangpaatkeun Cihaliwung.  Mangga nyanggakeun: Jejak Manusia Ciliwung Dulu dan Kini Senin, 2 Februari 2009 | 00:57 WIB Dayan D Layuk Allo Minggu siang, 18 Januari 2009, tiga perahu karet mendamparkan diri di tepian Cil

Re: [Urang Sunda] Sajarah Sunda

2006-02-09 Thread hangjuang bodas
Haturan kang Reddy, Mangga tiasa ditingali di http://pasundan.homestead.com/files/sejarah/sejarahframe.htm nuhun Reddy Aprianto <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Punten ka sadayana Sugan aya nu gaduh catetan tentang sejarah Sunda, cing abdi nyuhunkeun. Isin abdi mah, disebat urang

Re: [Urang Sunda] nambihan nami sunda

2006-02-14 Thread hangjuang bodas
Aya... Batu Sriman Sriwacana atawa batu gigilang. Ieu batu tadina aya di Pakuan Pajajaran tempat diwastuna raja-raja Pajajaran. Tapi nalika pasukan Banten ngalurug ka Pakuan, eta batu gigilang teh dicandak ka Surosowan Banten. Maksudna supaya di Pajajaran teu aya deui Raja nu diwastu/dilant

[Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY

2006-02-15 Thread hangjuang bodas
Haturan baraya sadaya, Seja ngabewarakeun, reh na diskusi unggal sasih nu sok diayakeun ku SIMPAY ti FIB UI dina sasih Pebruari ieu baris dilaksanakeun : Dinten : Kemis Kaping: 23 Pebruari 2006 Tabuh : 13.00 Jejer

[Urang Sunda] Kampung Sindang Barang jeung Seren Taun

2006-02-15 Thread hangjuang bodas
Kampung Sindang Barang jeung Seren Taun Kampung Sindang Barang nu ayana di suku gunung Salak, lebet ka desa Pasir Eurih kacamatan Tamansari, salah sahiji lembur nu aya di wewengkon kabupaten Bogor, di behkuloneun tilas ibukota Pakuan Pajajaran (henteu tebih ti padumukan Apih Siddik di

Re: [Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY

2006-02-15 Thread hangjuang bodas
Di Fakultas Ilmu Budaya (FIB) UI Depok, gedung V lantey hiji lab. Bahasa Sofian M Asgart <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Nuhun informasina. Tempatna dimana Kang Hendara ? hangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Haturan baraya sadaya, Seja ngabewarakeun, reh na di

[Urang Sunda] Kacapi Suling di Acara Panen Pare Bebas Pestisida

2006-02-21 Thread hangjuang bodas
Baraya sadaya, Poe tadi nyempetkeun ngajugjug ka wewengkon desa Ciburuy, Cigombong, Bogor. Nu harita keur dilaksanakeun acara panen pare munggaran di kelompok tani Silih Asih, nu dihadiran ku gegeden-gegeden ti Jakarta, diantawisna Menteri Pertanian, Ketua MPR RI oge para pajabat nu liann

[Urang Sunda] Mang Ayat, Naskah Wangsakerta jeung Prabu Siliwangi

2006-02-23 Thread hangjuang bodas
Mang Ayat, Naskah Wangsakerta jeung Prabu Siliwangi Sakumaha nu tos ka uninga, Mang Ayat tos ngantunkeun urang sarerea, hiji deui inohong sunda nu kawentar pinunjul elmu pangaweruhna boh diwidang sajarah-purbakala, oge diwidang bahasa tos mulang ka Rahmatullah dina dinten sapt

Re: [Urang Sunda] nyuhunkeun tulung----> Kg Agus

2006-02-26 Thread hangjuang bodas
Haturan Kang Agus Ieu aya resep kenging nyutat ti buku herbal: Bahan-bahan Endog hayam kampung...sahiji (sabutir...naon BSna?) Minyak samin..3 sendok dahar Madu..3 sendok dahar Cai panas.sapereluna Cara ngaramuna Endog dipeupeuskeun, dicandak

Re: [Urang Sunda] imah antik sunda deui

2006-02-28 Thread hangjuang bodas
kang mh, tiasa dikintun gambarna via japri we, kaleresan nuju peryogi ieu teh. Haturnuhun sateuacanna. Ieu mah saleresna rusiah keneh, kuring saparakanca bade ngadamel kampung sunda di bogor. Ayeuna nuju ngempelkeun foto-fotona boh imah, leuit, oge balandonganana. Nu tos aya teh gambar

[Urang Sunda] DISKUSI SIMPAY

2006-03-15 Thread hangjuang bodas
Ieu mah seja ngemutan deui. Ka nu bade ngiringan Diskusi Simpay di FIB - UI, riungan teh bade lumangsung dina : Dinten : Kemis Ping: 23 Maret 2006 Jejer: Jaman Revolusi di Cianjur Nu Ngaguar : Prof. Dr. Sunarjati Djajanegara (Uwa Ati) Te

[Urang Sunda] Kuncen Kabuyutan

2006-03-28 Thread hangjuang bodas
  Kuncen Kabuyutan     Kapungkur kantos nampi wawar ti Mang Oman pakait ayana "panataran" kuncen kabuyutan di wewengkon Kawali nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jabar.  Mugia wae ka payunna para kuncen ieu tiasa langkung uninga kana naon anu jadi pancenna.  

[Urang Sunda] Kuncen Kabuyutan <2> : "Bale Pamujan"

2006-04-06 Thread hangjuang bodas
   Bale Pamujan   Salah sahiji wangunan titinggal karuhun nu pangreana di sakuliah tatar sunda tur tiasa kasampak ku urang dugi ka ayeuna nyaeta wangunan punden (berundak).  Kusabab kecap punden mah asalna tina basa jawa, ku kuring disundakeun jadi

[Urang Sunda] NGABUNGBANG?

2006-04-12 Thread hangjuang bodas
     NGABUNGBANG?   Nembe babaraha dinten kamari wanoh kana kecap ngabungbang teh, pedah we aya rerencangan nu nyebat-nyebat ieu kecap.  Saurna ari dina sasih mulud mah seueur jalma nu ngabungbang, sabari anjeuna oge teu uningaeun naon maksad jeung tujuan nu baris dihontal ku mila

Re: [Urang Sunda] Penyuluhan Kuncen ..........BURUHNA

2005-12-06 Thread hangjuang bodas
Kang Oman sareng baraya sadaya,   Ngaraos reueus sareng ngarojong pisan kana kagiatan "panataran" kuncen kabuyutan ku Disbudpar Jabar ieu.  Mugia ka payun para kuncen tiasa langkung uninga kana naon anu jadi papancenna.   Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan urang sarerea pakait saren

Re: [Urang Sunda] Uleman SIMPAY

2005-12-14 Thread hangjuang bodas
Hatur nuhun kang rachmat kana bewarana. Geningan seueur urang jepun nu resep kana budaya sunda teh. InsyaAllah kuring bade dongkap kana eta pasamoan, sakantenan bade nagih jangji ka mang hasan jafar. Hayu kang kumi didagoan di UI, tiasa meureun "bolos" sadinten mah.   Cag, hendraMRachmat R

Re: [Urang Sunda] ASPARTAME: Penyebab Pengerasan Otak & Tulang SumsumBelakang & LUPUS

2005-12-21 Thread hangjuang bodas
Haturan kang Ikmal,   Numutkeun kuring mah, nu jiga kieu mah tiasa kalebet SURAT KALENG nu can puguh leres henteuna.   Komo deui eusina ngagogoreng produk pasaingna, asa-na teu tebih ti motifna mah mung wungkul "persaingan usaha" tea.   Upami ku urang dititenan perkawis panyawat LUPUS, hij

Re: [Urang Sunda] Penyuluhan Kuncen.......BURUHNA

2005-12-24 Thread hangjuang bodas
  Kang Oman sareng baraya sadaya,  Ngaraos reueus sareng ngarojong pisan kana kagiatan "panataran" kuncen kabuyutan ku Disbudpar Jabar ieu.  Mugia ka payun para kuncen tiasa langkung uninga kana naon anu jadi papancenna.  Aya hiji perkara nu kedahna jadi perhatosan urang sarerea

Re: [Urang Sunda] tepang jeung SIMPAY tea

2005-12-25 Thread hangjuang bodas
Tabuh sabaraha? wanci kumaha? haneut moyan? pecat sawed? tangari bolong? wartosan heulanya sa-jam sateuacana, es-em-es lah, ma'lum tos sepuh, sok helove wae.   hendra urangbogorkumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Assalaamu'alaikum!Baraya, neraskeun iber ti Kang Rachmat tea ngeunaan pangulem

[Urang Sunda] Agenda Kagiatan Budaya Adat/Tradisi Taun 2006

2006-01-06 Thread hangjuang bodas
Haturan baraya sadaya,   Teu karaos taun 2005 parantos ngantunkeun urang, kiwari urang aya dina taun 2006.  Seueur pisan kagiatan-kagiatan nu parantos dilakonan di taun nu kalangkung, utamina ku masarakat anu masih mikukuh kana adat budaya tradisina.  Mung hanjakalna seueur kagiatan-kagiatan e

[Urang Sunda] SALINGKUH...

2006-01-06 Thread hangjuang bodas
  Kiwari kecap selingkuh (bahasa Indonesia) sering pisan dicarioskeun ku masarakat umum, namung sakedik nu uninga yen selingkuh teh mangrupa kecap pulungan ti basa sunda, nyaeta 'salingkuh' tea.   Hanjakalna kecap salingkuh ku urang sunda nyalira asa teu diaku, buktosna dina kamus umum basa s

Re: [Urang Sunda] Bagea rampah milangkala pabaru Sunda 1942 Caka Sunda

2006-01-08 Thread hangjuang bodas
Sanes teu terang, mung kamari mah nuju pakepuk.Nambihan katerangan perkawis Kala Chandra Caka Sunda : Kala Chandra Caka Sunda mangrupa salah sahiji sistim pananggalan taun sunda nu dumasar kana palingsiran bulan, nu diguar deui ku Abah Ali Sastramidjaja. Aturan pananggalan Caka Sunda i

RE: [Urang Sunda] Peda Beureum ( naha....sok rada ararateul ? )

2006-01-19 Thread hangjuang bodas
Rada ilmiah sakeudik ah, sabari nyanyahoan oge...   Kunaon sababna si peda sok nyieun ararateul? Ceuk cenah mah si peda teh sakapeung sok ngakandung hiji "zat" anu disebut Histamin.  Sakadang histamin ieu mangrupa hiji asam amino (elemen tina Protein) nu teu ilahar pikeun awak urang utamana p

Re: [Urang Sunda] re: Sunda Ageung jeung Sunda Alit

2006-01-25 Thread hangjuang bodas
Bade ngiringan ah, sawios rada telat oge. Resep memang ari ngaguar kana sajarah teh, komo deui tatapakanana masih aya keneh dugi ka ayeuna siga ngaran sunda ageung jeung sunda alit dina atlas dunya.  Saur kang tantan mah sajarah teh sok ngahudang rasa romantisme...Leres memang, ngaran su

[Urang Sunda] L I S U N G

2006-01-28 Thread hangjuang bodas
  LISUNG   Hujan girimis leutik ngaririncik nalika kuring dongkap ka ieu kampung,  Ka sampak di pendopo aya nu keur latihan.  "Tamaha jadi lalaki kudu bisa nyieun halu...," ceuk para nonoman dina hiji jeurangan latihan ngagondang.  Sajongjo

Re: [Urang Sunda] Seren Taun di Bogor : Saha anu bade Ngiring ?????

2006-01-31 Thread hangjuang bodas
Bade nambihan,   Ka nu bade sumping ka ieu acara teras hoyong mondok ku margi acarana dua dinten dua wengi, mangga disadiaan kamar di bumi penduduk, haratis!!.  Tapi na kedah konfirmasi heula.   Hatur nuhunRuna Inawan <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ass. Wr. Wb.Kumaha damang baraya ? Asa tos

[Urang Sunda] WILUJENG TEPANG

2005-08-20 Thread hangjuang bodas
Sampurasun... Wilujeng tepang ka baraya sadaya. Sim kuring hendra tea anu ti bogor, tos lami ngiringan kana ieu milis teh mung seringna mah noongan wungkul. Kantos oge babarakali ngiringan kopdar, ngawitan ngiring "jalan santai" di sisi danau UI (tapina teu kapendak sareng balad kusnet...da duka

Re: [Urang Sunda] Ngajak baralik deui ka Agama Sunda

2005-08-26 Thread hangjuang bodas
Ass.Wr.Wb Kaleresan sim kuring oge hadir dina seminar eta (pami teu lepat mah teh ika mardiah oge aya). sim kuring sapadegan sareng kang rahmat (nu nyerat di PR), yen eusi 'kasimpulan' tina makalah pa anis teh provokatif pisan. Benten sareng kasimpulanna, ari eusi makalahna mah aya dua bagean,

Re: [Urang Sunda] Ngajak baralik deui ka Agama Sunda

2005-08-26 Thread hangjuang bodas
Ass.Wr.Wb Kaleresan sim kuring oge hadir dina seminar eta (pami teu lepat mah teh ika mardiah oge aya). sim kuring sapadegan sareng kang rahmat (nu nyerat di PR), yen eusi 'kasimpulan' tina makalah pa anis teh provokatif pisan. Benten sareng kasimpulanna, ari eusi makalahna mah aya dua bagean,

[Urang Sunda] KAMPUNG URUG BOGOR

2005-11-18 Thread hangjuang bodas
KAMPUNG URUG BOGOR   Kampung Urug nu posisina kira-kira 40 km ti pusat kota Bogor ka palih kulon, sacara administratif lebet ka Desa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupaten Bogor.  Di kampung ieu masih keneh aya tata cara kahirupan adat karuhun nu "dipertahankeun" ku masarakatna.  Sahenteuna

[Urang Sunda] KAMPUNG URUG BOGOR

2005-11-18 Thread hangjuang bodas
KAMPUNG URUG BOGOR   Kampung Urug nu posisina kira-kira 40 km ti pusat kota Bogor ka palih kulon, sacara administratif lebet ka Desa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupaten Bogor.  Di kampung ieu masih keneh aya tata cara kahirupan adat karuhun nu "dipertahankeun" ku masarakatna.  Sahenteu

[Urang Sunda] KAMPUNG URUG BOGOR

2005-11-18 Thread hangjuang bodas
KAMPUNG URUG BOGOR   Kampung Urug nu posisina kira-kira 40 km ti pusat kota Bogor ka palih kulon, sacara administratif lebet ka Desa Kiara Pandak Kecamatan Sukajaya Kabupaten Bogor.  Di kampung ieu masih keneh aya tata cara kahirupan adat karuhun nu "dipertahankeun" ku masarakatna.  Sahenteu

[Urang Sunda] Ari Eneng Saha?

2005-11-20 Thread hangjuang bodas
  Ari Eneng Saha?   Ki Endud urang Ciheuleut kawentar jawara masagi.  Malah ceuk urang Bantarkemang mah manehna teh kaasup jago bobok jago tarok jago oge mukakeun anderok.  Sok sanajan umurna geus tunggang gunung cueut ka hareup ari nempo bitis anu umyang koneng mah nasih keneh sok neureuy ci

[Urang Sunda] Candi Cangkuang (nambihan katerangan...)

2005-11-21 Thread hangjuang bodas
Kamari teh nyempetkeun nelepon ka Pa Uka (Prof. Uka Tjandrasasmita) naroskeun perkawis candi cangkuang (da hoyong terang langkung paos...)   CANDI CANGKUANG   Candi cangkuang mangrupa hiji-hijina candi hindu di tatar Jawa Barat, nu ayana di wewengkon Desa Cangkuang Kecamatan Leles Kabupate

Re: [Urang Sunda] Ekonomi Kalapa?

2005-11-22 Thread hangjuang bodas
Haturan, Janten emut ka babaraha waktos ka pengker, harita nuju naek angkot aya wanoja siga na mah mhsi ipb, calik na teh rada nonggongan (da anjeuna calik na caket panto).  Dina rambutna nganggo jepitan nu bentukna kupukupu, ari tos diteges-teges mah asana eta jepitan teh tina batok kalapa. Ng

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Fwd: Negara, Agama dan KTP

2006-04-17 Thread hangjuang bodas
Geuning dina pleyboi aya nu kieu sagala, naon maksudna nya? Bah Willi, komentar abah kumaha? kh   kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Anu ti majalah Pleyboy tea nya, Bah? Heuheu...jk On 4/17/06, Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Ieu aya artikel tina website http//www.pantau.or.id nu nyari

Re: [Urang Sunda] Re: [kisunda] Fwd: Negara, Agama dan KTP

2006-04-18 Thread hangjuang bodas
Haturnuhun Bah komentarna. Ari sepuh mah kitu, komentarna meni "komprehensip" alias jeroku kuring teu ka sawang nepi ka beulah dinya mah.   kh     Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Komentar kuring kang? ..hehehee ieu mah soal "dagang" kang. Sigana Majalah Playboy edisi Ind

Re: [Urang Sunda] wates Sunda-Galuh

2006-04-26 Thread hangjuang bodas
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Kunaon teu disebut-sebut harita? Sigana, harita (abad 7 nepi ka kl abad 15 M), wewengkon Bandung kidul nepi Garut masih kaasup daerah cawene alias can pati kajarambah ku manusa.   Haturan Mang Oman,   Punten, asa kirang panuju sareng kalimah nu d

Re: [Urang Sunda] SIMPAY...Hanjuang...Diskusi Budaya

2006-05-18 Thread hangjuang bodas
Kang Kum-kum, nu leres mah Guru Bumi.kitu!Ieu mah urang sabari ngecap we. Saleresna mah nu diebrehkeun ka kang agus miwah kang mumu saparakanca (Tim Arkeoloh ti UI) nalika nganjang ka sindangbarang (SBR) teh nembe genep kabuyutan.  Padahal di SBR teh kabuyutan nu tos ka data aya 50 t

Re: [Urang Sunda] situ/balong di Tapos

2006-05-18 Thread hangjuang bodas
Dina sasasih ieu aya tilu kalina ngalangkungan villa-na sutiyoso, nu haneut keneh mah dinten minggu kamari basa ngajajap kang hadi ka kabuyutan arca domas cibalay.  Villa sutiyoso teh jarakna kirang langkung sakilometer ti kabuyutan arca domas, hiji kabuyutan nu pangahengna di bgr nu legana

Re: [Urang Sunda] situ/balong di Tapos==>Ralat ah...

2006-05-18 Thread hangjuang bodas
di koran bogor ngenaan kota megapolitan ieu dikaitkeun jeung ayana aset sutiyoso di bogor, tapi teu jadi ah, da asa subyektif teuinghbhangjuang bodas <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Dina sasasih ieu aya tilu kalina ngalangkungan villa-na sutiyoso, nu haneut keneh mah dinten minggu

[Urang Sunda] NGOBROL jeung TUKANG MADU URANG BADUY

2006-05-26 Thread hangjuang bodas
NGOBROL jeung TUKANG MADU URANG BADUYSaleresna mah tos jangjian jeung rerencangan ba'da netepan jum'ah teh bade ningali pameran di Gedong Semanggi Expo, tapi nembe oge bade ngajugjug ka tempat anjeunna, ha-pe teh tisada, pas dibaca unina kieu "kang, ka pameran enjing we nya?".  Atuh kontan ku ku

[Urang Sunda] Kabuyutan di Sindangbarang dina KOMPAS dinten ieu

2006-05-30 Thread hangjuang bodas
Haturan Baraya   Aya artikel dina Kompas dinten ieu ngenaan Kabuyutan (Situs) nu aya di wewengkon Sindangbarang Pasir Eurih Bogor.  Jigana artikel ieu kenging nyutat ti makalahna kang Agus Aris Munandar dina acara Riungan Simpay nu tos lumangsung dina dinten rebo ping 24 Mei di FIB UI.   Tia

[Urang Sunda] GRUP NARAKA

2006-06-22 Thread hangjuang bodas
       GRUP NARAKA     Nalika helaran piala dunya baris digelar, ka 32 nagara pamilon tos dibagi jadi dalapan grup.  Di grup C nu dieusi ku Argentina, Walanda, Pantai Gading jeung Serbia-Montenegro nu disebut-sebut sabage grup naraka.  Naha disebut grup naraka

Re: [Urang Sunda] GRUP NARAKA

2006-06-23 Thread hangjuang bodas
heuheuheu eta bah AJ, ngalamunna tos nepi ka pinal euy memang di babak 16 gede ge aya naraka, ngan naraka ieu hususon pikeun Inggris, alias Inggris bakal keok ku Ekuador ceunah   hb  Aj Kusnet <[EMAIL PROTECTED]> wrote: Mun tea mah Brazil eleh tilu gul we ku Jepang tur Croatia eleh

[Urang Sunda] KOPI SUSU jeung RASISME

2006-07-01 Thread hangjuang bodas
    KOPI SUSU jeung RASISME   Nepi ka taun 1990 nalika Jerman jadi jawara nu katilu-kalina dina pentas Piala Dunya, teu aya nu nyangka yen dina hiji mangsa nagara ieu bakal miboga atawa ngarekrut pamaen kulit hideung.  Tos kauninga ti anggangna ari bangsa Jerman ma

Re: [Urang Sunda] Humor Seks dalam Bahasa Sunda...24 Agustus

2006-08-15 Thread hangjuang bodas
hehehetingali jejerna cep...:-) ping 24 Agustus. panyaturna namina Desril, sarjana ti FIB UI nu nembe lulus sasih kamari, anu bahan kajianna saurna tina buku "sura seuri siga sero", buku kusnet anu munggaran tea. hb > > > > > > "Humor Seks dalam Bahasa Sunda" Judul acara > ceramah > > > r

Re: [Urang Sunda] Seni Sunda anu tos langka....Juru Pantun

2006-09-21 Thread hangjuang bodas
Haturan baraya sadaya...Pakait ayana rarancang ti panata calagara HBH nu baris ngaleler "Kusnet Award" pikeun seniman seni sunda buhun, kuring bade ngusulkeun juru pantun nu dina danget ieu mah tos langka pisan.   Mangga, ieu data dirina : Abah Kanceng alias Andi Yana Yuswa : 88 taun Padumu

Re: [Urang Sunda] Re: Ngadamel saran kangge kasenian

2006-09-22 Thread hangjuang bodas
Sampurasun,Bade ngiring mairan.Sae pisan nu didugikeun ku Ua Sas teh.  Muhun kedah aya perhatosan nu nyata ti pamarentah sangkan kasenian sunda, utamina seni-seni nu tos teu dipikawanoh deui ku barudak ngora tiasa manjang lalakonna.Di sagedengeun masihan gajih ka para seniman, pamarentah oge ked

[Urang Sunda] Menta hampura ka sadaya

2006-09-22 Thread hangjuang bodas
Baraya...Kaula mah rumasaRasa miboga loba dosaDosa lampah tur dosa kalimahDua-duana sok teu karasaKukituna...Kaula menta dihampuraKa baraya sadayanaMugia...Ieu puasaTiasa ngajajap urang kana golongan jalma takwaMangga,pun hendra Get your email and more, right on the new Yahoo.com __._,_.__

Re: [Urang Sunda] Sunda, Nusantara dan Indonesia

2006-09-25 Thread hangjuang bodas
Kuring ge ngacung. Punten pangjaprikeun ka [EMAIL PROTECTED] Haturnuhun pisan sateuacana.   baktos brad porenges <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Medar kecap Sunda.dugi Indonesia Harti Sundadugi ka kecap Indonesia Sajarah Sunda : ti zaman ptolemaeus hehe...dugika

RE: [Urang Sunda] (tempo) adu jaten parebut seeng

2010-03-29 Thread hangjuang bodas
Di Bogor sahenteuna msh aya 2 tempat pengrajin nu nyarieun seeng, di Maseng jeung di Leuweungkolot. Malah di Leuweungkolot mah kungsi nyieun seeng mini keur suvenir. Adu Jaten Parebut Seeng taun 2010 ieu baris digelar tgl 21-Mei tepi 23 Mei di Kampung Budaya Sindangbarang Bogor. Sakaligus dihij

RE: [Urang Sunda] Aya nu uninga ka Gan Kartadjoemena...ASGAR

2010-06-28 Thread hangjuang bodas
Asana mah Kang Yani oge kantos sasarengan sareng salasahiji Gan Kartadjoemena nalika ngahadiran sidang promosina Mang Hasan (Dr. Hasan Djafar) di UI Depok. Harita Hasan Kartadjoemena (HSK) hadir salaku jalma anu miboga perhatian kana sajarah katut budaya Sunda. Sabenerna kaahlian anggota ekspon

Re: [Urang Sunda] Fw: [manassa] Naskah Sunda di EFEO

2010-09-06 Thread hangjuang bodas
Sabenerna tos lumayan lami aya patanyaan, hususna di kalangan panalungtik ngeunaan ngalengitna naskah-naskah ex garapan EFEO ieu. Anu balukarna mucunghulkeun hiji tudingan yen naskah teh diringkid ku Vivian Sukanda dibawa ka Perancis. Pikeun maluruh dimana ayana bungkeuleukan naskah asli ieu, t