Memang, rada ribet oge mun sagala rupa transaksi make emas. Anu untung mah urang Jawa, bisa mayar ku sorangan he he he... Pamajikan, bisa mayar make salakina? ;))
Sabenerna mah sistem duit anu aya ayeuna teh mangrupa abstraksi tina transaksi jaman baheual. Naon bedana barter barang jeung transaksi make duit? Bedana wungkul dina lebah ABSTRAKSI. Jelema mimiti barter kabutuhan masing2. Ngan anu barter tea kudu ngagigiwing barang ka ditu ka dieu, hese! Tuluy mucunghul dina akal manusa, neangan barang anu bisa jadi WAKIL barang anu rek dibarterkeun. Di AMreika Kidul misalna.... make siki coklat. Di urang make kerang. Aya oge anu make emas, perak jlte. Evolusi transaksi bisa kaciri oge. Ayeuna urang bisa mayar make duit PLASTIK! Malah mun noong niley na ge ... da euweuh. Ngan anu jelas sistem transaksi manusa leuwih abstrak. Saukur SIMBOL aya rasa percaya ti hiji jelema ka jelema sejen na. Keur kuring mah teu jadi halangan mun sistem transaksi rek dijawakeun eh diemsakeun deui oge, ngan bet asa hayang ngariripuh maneh. Ceuk Kang W, rek meuli kururpuk hiji ku saguruntul emas? Kumaha ngaturna? baktos, Rahman --- In [email protected], "Waluya" <waluya2...@...> wrote: > > > From: H Surtiwa > > Moneter dunya tos nagango standar emas numutkeun kasapakatan Brenwood taun > > 1947. tapi kaidah2na dina level 2 jeung 3 dilanggar ku para anggota..nya > > jadi kucrut......... > > Panginten kulantaran hese ngumpulkeun emas ....hehehe. Ceuk cenah mah jumlah > emas nu aya di dunya ieu teu nyukupan umpama kanggo transaksi perdagangan 6 > milyar jalmi. Emas beuki diperlukeun, padahal supplyna kurang, akibatna > niley emas bakal naek terus. Engkena jalma-jalma leuwih resep narumpuk emas > (spekulasi dina emas), tibatan investasi dina sektor riil. Nya tutungna mah > jadi sami wae jeung ayeuna dimana artos didamel komoditi. Ari artos mah aya > naek-turunna, ari emas mah bakal naek terus, ieu bisa leuwih ngadorong jalma > males investasi dina sektor riil ...... > > Baktos, > WALUYA >
