2008/12/18 Waluya <[email protected]>: > > Harga mirah atawa mahal teu gumantung kana niley emas, tapi kana supply > jeung kabutuhan. Lamun supplyna numpuk harga pasti murah, tapi upami > supplyna kurang, demandna seueur, nya otomatis jadi mahal. Janten niley > emas salaku niley tukar oge, bakal sami turun-naek, gumantung kana supply > and kabutuhan. Teu aya bentenna jeung dollar atawa euro. Harga emas nu > mahal, bakal nguntungkeun nu nimbun emas. Emas nu numpuk, sami we sareng > artos nu numpuk, sanes hal nu produktif ....... > DN: Mangkana nimbun emas teuing teh teu kenging. 2.5% kedah disalurkeun ka nu kakirangan. Pami teu sukarela, kedah dipaksa.
> > Upami dianggo standar mah rada kahartos, ngan nyaeta ceuk beja mah nu gaduh > cadangan emas numpuk teh tetep we nagara-nagara kapitalis maju > .............. > DN: Mangkana sistem zakat ieu kedah diadopsi ku IMF. Janten nagara-nagara anu neraca perdaganganana surplus, kedah masrahkeun sabagian emasna ka nagara sanes anu neraca perdaganganana defisit. Hal ieu kedah jalan sacara otomatis dina sistem standar emas nu kapayunna. Ulah dugikeun ka aya nagara anu sapihak kaluar tina standar emas ieu, siga Amerika nalika jaman Nixon. -- Dian
