Kahartos kitu na mah. Aya nu hoyong artos anu gampil, aya nu hoyong artos
anu stabil. Hanjakalna, kuayana krisis deui, krisis deui, krisis deui,
katingalna mah memang duanana teh teu pati kompatibel. Urang kudu milih.

Nganggo standar emas sanes hartosna urang ka mana-mana nyandak emas, nanging
kedah dipastikeun yen unggal artos nu dibayarkeun teh aya backing-na
(reserve). Nyaeta kedah dipastikeun yen lamun urang perlu emasna, artos teh
tiasa digentoskeun balik jadi emas deui.

Ayeuna wujudna plastik atanapi kertas, tapi saleresna artos nu aya ayeuna
teh dibackingna teh ku JAMINAN HUTANG. Misalna kieu, urang perlu 100 juta,
sumping ka bank bari nuduhkeun agunan bumi anu ditaksir 150-jutaan. Lamun
disatujuan, si bank teh terus NYITAK duit anyar 100 juta pikeun urang.
Janten lamun teu aya nu NGUTANG mah moal aya artos deui :-)

Salam,
Dian.


2008/12/19 Rahman <[email protected]>

Memang, rada ribet oge mun sagala rupa transaksi make emas. Anu untung
mah urang Jawa, bisa mayar ku sorangan he he he... Pamajikan, bisa
mayar make salakina? ;))

Sabenerna mah sistem duit anu aya ayeuna teh mangrupa abstraksi tina
transaksi jaman baheual. Naon bedana barter barang jeung transaksi
make duit? Bedana wungkul dina lebah ABSTRAKSI.

Jelema mimiti barter kabutuhan masing2. Ngan anu barter tea kudu
ngagigiwing barang ka ditu ka dieu, hese! Tuluy mucunghul dina akal
manusa, neangan barang anu bisa jadi WAKIL barang anu rek
dibarterkeun. Di AMreika Kidul misalna.... make siki coklat. Di urang
make kerang. Aya oge anu make emas, perak jlte. Evolusi transaksi bisa
kaciri oge. Ayeuna urang bisa mayar make duit PLASTIK! Malah mun noong
niley na ge ... da euweuh. Ngan anu jelas sistem transaksi manusa
leuwih abstrak. Saukur SIMBOL aya rasa percaya ti hiji jelema ka
jelema sejen na.

Keur kuring mah teu jadi halangan mun sistem transaksi rek dijawakeun
eh diemsakeun deui oge, ngan bet asa hayang ngariripuh maneh. Ceuk
Kang W, rek meuli kururpuk hiji ku saguruntul emas? Kumaha ngaturna?

baktos,

Rahman
--- In [email protected] <Baraya_Sunda%40yahoogroups.com>,
"Waluya" <waluya2...@...> wrote:
>
> > From: H Surtiwa
> > Moneter dunya tos nagango standar emas numutkeun kasapakatan
Brenwood taun
> > 1947. tapi kaidah2na dina level 2 jeung 3 dilanggar ku para
anggota..nya
> > jadi kucrut.........
>
> Panginten kulantaran hese ngumpulkeun emas ....hehehe. Ceuk cenah
mah jumlah
> emas nu aya di dunya ieu teu nyukupan umpama kanggo transaksi
perdagangan 6
> milyar jalmi. Emas beuki diperlukeun, padahal supplyna kurang, akibatna
> niley emas bakal naek terus. Engkena jalma-jalma leuwih resep
narumpuk emas
> (spekulasi dina emas), tibatan investasi dina sektor riil. Nya
tutungna mah
> jadi sami wae jeung ayeuna dimana artos didamel komoditi. Ari artos
mah aya
> naek-turunna, ari emas mah bakal naek terus, ieu bisa leuwih
ngadorong jalma
> males investasi dina sektor riil ......
>
> Baktos,
> WALUYA


[Non-text portions of this message have been removed]

Kirim email ke