--- In [email protected], djodjo_suhardj...@... wrote: > > > Sent from my BlackBerry® smartphone from Sinyal Bagus XL, Nyambung Teruuusss...! >
Lantaran dirojok ku Kang 70, urang ngarahul (deui) perkara peremasan. Kang Dian dina obrolan tiheula nalek saha2 na anu make (keneh) standar emas dina sistem sistem perduitan tea. Kabeneran kamari maca artikel dina elsevier magazine (http://www.elsevier.nl/) nunjukkeun nagara2 mana anu boga cadangan emas pangbadagna. Amrik boga cadangan emas na 8134 ton Jerman boga cadangan 3413 ton IMF boga cadangan 3217 ton Prancis 2541 ton Itali 2452 ton Jepun 745 ton Walanda 621 ton Cina 600 ton ECB 533 ton Dina eta artikel oge ditunjukkeun nagara2 produsen emas nu pangbadagna taun 2007; Cina 280,5 ton Afrika Kidul 269,9 ton Ustrali 246,3 ton Amrik 239,5 ton Teu bucit2 teuing....Indonesa oge kaasup jadi produsen emas, 146,7 ton Mun nempo cadangan emas jeung sumber anu aya, katempo teu saimbangna ieu sumber daya alam tea. Anu jadi pertanyaan, kumaha cara na nyaimbangkeun ieu kakayaan tea? Naha daek RI dipajeg ku nagara batur lantaran urang OGE jadi produsen emas? Mun duit rek diemaskeun, kumaha nasibna nagara2 anu teu boga emas? Atuh ngagulawing pisan ka nagara produsen emas? Sakitu heula dongeng na. Mun aya nu nambahan atawa rek nu nambalang ge kaci. Ditungguan puguh.... ngarah rame baraceo! :))) baktos, Rahman
