> From: Dian Tresna Nugraha
> Naon kendalana upami harga emas mahal? Pan barang-barang sanesna
> janten karaos mirah, sanes?

Harga mirah atawa mahal teu gumantung kana  niley emas, tapi kana supply 
jeung kabutuhan. Lamun supplyna numpuk harga pasti murah, tapi upami 
supplyna kurang,  demandna seueur, nya otomatis jadi mahal. Janten niley 
emas salaku niley tukar oge, bakal sami turun-naek, gumantung kana supply 
and kabutuhan. Teu aya bentenna jeung dollar atawa euro. Harga emas nu 
mahal, bakal nguntungkeun nu nimbun emas. Emas nu numpuk, sami we sareng 
artos nu numpuk, sanes hal nu produktif .......

Teras kumaha praktisna alat tukar emas teh dina kahirupan sadidinten. 
Contona meser kurupuk 10 siki nu hargana 2000 perakeun. Emas di Indonesia 
ayeuna hargana sagramna langkung ti Rp. 200.000. Janten urang kedah mayar 
eta kurupuk ku 0.01 gram emas. Rada ribet oge da kedah nganggo timbangan nu 
presisi jeung emasna kedah dibubukeun siga tipung. Cenah eta didamel koin, 
dicampur logam sejen, tapi da ari emasna alit-alit teuing mah, nya mending 
teu nganggo emas we sakalian da lamun emas eta dipisahkeun deui ti logam 
pangcampurna, mungkin teu kaala deui ......

Upami dianggo standar mah rada kahartos, ngan nyaeta ceuk beja mah nu gaduh 
cadangan emas numpuk teh tetep we nagara-nagara kapitalis maju 
..............

Baktos,
WALUYA


Kirim email ke